Bilangan 29
Dina tanggal hiji bulan katujuh maraneh kudu ngadegkeun kumpulan ngabakti jeung teu meunang digarawe. Poe eta tarompet-tarompet kudu ditiup.
Kudu ngahaturkeun kurban beuleuman baris aangseuan anu matak sedep ka PANGERAN: hiji sapi jalu ngora, hiji domba jalu, jeung tujuh anak domba jalu umur sataunan, kabeh ulah aya cacadna naon-naon.
Kudu make kurban kadaharan tina tipung anu diadonan ku minyak jetun, reana: tilu kilo pikeun sapi, dua kilo pikeun domba jalu,
sakilo pikeun tiap anak domba.
Jeung kudu make kurban pamupus dosa pikeun nyirnakeun dosa jalma rea, hiji embe badot.
Sanggakeun eta kurban-kurban teh, jadi panambah kana kurban beuleuman, kurban anggur jeung kurban kadaharan anu sapopoe, pikeun aangseuan anu matak sedep ka PANGERAN.
Dina tanggal sapuluh bulan katujuh kudu ngadegkeun kumpulan ngabakti, teu meunang barang dahar naon-naon jeung teu meunang digarawe.
Kudu nyanggakeun kurban beuleuman pikeun aangseuan anu matak sedep ka PANGERAN, nya eta: hiji sapi jalu ngora, hiji domba jalu, jeung tujuh anak domba jalu umur sataunan, kabeh ulah aya cacadna naon-naon.
Kudu make kurban kadaharan tina tipung anu diadonan ku minyak jetun, reana: tilu kilo pikeun sapi, dua kilo pikeun domba,
sakilo pikeun tiap anak domba.
Jeung deui kudu ngahaturkeun embe jalu hiji pikeun upacara pamupus dosa umat, sajaba ti kurban pamupus dosa, kurban beuleuman, kurban asongan jeung kurban cianggur anu dihaturkeun dina poe eta.
Dina tanggal lima welas bulan katujuh kudu ngadegkeun kumpulan ngabakti. Ieu pesta pikeun ngamulyakeun PANGERAN, lilana tujuh poe jeung teu meunang digarawe.
Dina poe ngamimitianana kudu nyanggakeun kurban kadaharan pikeun aangseuan anu matak sedep ka PANGERAN, nya eta: Tilu welas sapi ngora jalu, dua domba jalu, jeung opat welas anak domba jalu umur sataunan, kabeh ulah aya cacadna naon-naon.
Kudu make kurban kadaharan tina tipung anu diadonan ku minyak jetun, reana: tilu kilo pikeun tiap sapi, dua kilo pikeun tiap domba,
sakilo pikeun tiap anak domba, ditambah ku kurban anggur.
Jeung kudu make kurban pamupus dosa, hiji embe badot. Sanggakeun eta kurban-kurban teh pikeun panambah kana kurban beuleuman, kurban kadaharan jeung kurban anggur anu sapopoe.
Poe kaduana kudu nyanggakeun dua welas sapi jalu ngora, dua domba jalu, jeung opat welas anak domba jalu umur sataunan, kabeh ulah aya cacadna naon-naon.
Jaba ti eta kudu make kurban-kurban sejen saperti anu disanggakeun dina poe kahiji.
(29:18)
Poe katiluna kudu nyanggakeun sawelas sapi jalu ngora, dua domba jalu, jeung opat welas anak domba jalu umur sataunan, kabeh ulah aya cacadna naon-naon.
Jaba ti eta kudu make kurban-kurban sejen saperti anu disanggakeun dina poe kahiji.
(29:21)
Poe kaopat kudu nyanggakeun sapuluh sapi jalu ngora, dua domba jalu, jeung opat welas anak domba jalu umur sataunan, kabeh ulah aya cacadna naon-naon.
Jaba ti eta kudu make kurban-kurban sejen saperti anu disanggakeun dina poe kahiji.
(29:24)
Poe kalima kudu nyanggakeun salapan sapi jalu ngora, dua domba jalu, jeung opat welas anak domba jalu umur sataunan, kabeh ulah aya cacadna naon-naon.
Jaba ti eta kudu make kurban-kurban sejen saperti anu dikurbankeun dina poe kahiji.
(29:27)
Poe kagenep kudu nyanggakeun dalapan sapi jalu ngora, dua domba jalu, jeung opat welas anak domba jalu umur sataunan, kabeh ulah aya cacadna naon-naon.
Jaba ti eta kudu make kurban-kurban sejen saperti anu dikurbankeun dina poe kahiji.
(29:30)
Poe katujuh kudu nyanggakeun tujuh sapi jalu ngora, dua domba jalu, jeung opat welas anak domba jalu umur sataunan, kabeh ulah aya cacadna naon-naon.
Jaba ti eta kudu make kurban-kurban sejen saperti anu dikurbankeun dina poe kahiji.
(29:33)
Poe kadalapan kudu ngadegkeun kumpulan ngabakti, jeung teu meunang digarawe.
Kudu nyanggakeun kurban beuleuman pikeun aangseuan anu matak sedep ka PANGERAN: hiji sapi jalu ngora, hiji domba jalu, jeung tujuh anak domba jalu umur sataunan, kabeh ulah aya cacadna naon-naon.
Jaba ti eta kudu make kurban-kurban saperti anu dikurbankeun dina poe kahiji.
(29:37)
Kitu pikukuhna hal kurban beuleuman, kurban kadaharan, kurban anggur, jeung kurban panarima anu ku maraneh kudu disanggakeun ka PANGERAN dina saban-saban poe pesta maraneh. Eta kabeh jadi panambah kana kurban pikeun nekanan panadaran jeung kurban ku karana andon suka.
Sagala timbalan PANGERAN tea ku Musa diumumkeun ka sakumna urang Israil.