Bilangan 30
Musa ngumumkeun ieu parentah-parentah pikeun para kapala kaom-kaom Israil:
Upama aya anu kaluar nadar seja barang sanggakeun ka PANGERAN, atawa sumpah turun pacaduan, sagala anu diikrarkeunana teu meunang dicabut deui, kudu ditekanan.
Budak parawan anu cicing di bapana keneh, lamun nyieun panadaran seja barang sanggakeun ka PANGERAN, atawa sumpah turun pacaduan,
sagala anu diikrarkeun dina panadaranana kitu deui sumpah pacaduanana kudu ditekanan, kajaba lamun bapana ngadengeeun seug henteu panujueun.
Lamun bapana sanggeus nyahoeun seug henteu nyatujuan kana panadaranana, eta panadaranana henteu kudu ditekanan, sarta ku PANGERAN ge baris dihampura lantaran bapana henteu satuju.
Awewe anu keur tacan kawinna ngucapkeun panadaran, boh niat enya-enya boh sambarangan kitu bae, atawa sumpah turun pacaduan, geus kitu heug kawin,
sagala anu diikrarkeun dina panadaranana kitu deui sumpah pacaduanana kudu ditekanan, kajaba lamun salakina sanggeus ngadenge hal eta henteu satujueun.
Lamun salakina sanggeus ngadenge hal eta henteu satujueun, henteu kudu, ditekanan, sarta ku PANGERAN ge baris dihampura.
Randa atawa awewe anu geus ditalak, sagala anu diikrarkeun dina panadaranana atawa sumpah pacaduanana kudu ditekanan.
Awewe anu boga salaki seug boga panadaran atawa sumpah turun pacaduan,
kudu nekanan sagala anu diikrarkeun dina panadaranana atawa sumpah pacaduanana, kajaba lamun salakina sanggeus nyahoeun hal eta henteu nyatujuan.
Lamun salakina sanggeus nyahoeun seug henteu nyatujuan kana panadaranana, henteu kudu ditedunan. Ku PANGERAN ge bakal dihampura, lantaran dicegah ku salakina.
Salakina boga hak neguhkeun atawa ngabatalkeun panadaranana atawa sumpah pacaduanana.
Tapi upama sanggeus ngadengeeun panadaranana henteu terus ngalarang naon-naon, eta panadaran atawa sumpah pacaduanana teh kudu ditedunan. Upama salakina dina poean ngadenge eta panadaran teh henteu terus ngalarang, eta sarua jeung nguatkeun panadaran pamajikanana.
Tapi upama saterusna salakina teh ngabatalkeun panadaran pamajikanana, balukarna baris keuna ka salakina, lantaran geus ngabatalkeun eta panadaran.
Kitu pikukuh ti PANGERAN anu diandikakeun ka Musa ngeunaan panadaran-panadaran anu diucapkeun ku awewe anu can boga salaki anu cicing di bapana keneh, kitu deui pikeun awewe anu geus boga salaki.