:

Bilangan 33

1

Ieu catetan ngaran-ngaran tempat anu ku kaom-kaom Israil dipake masanggrahan sanggeus maranehna budal ti Mesir, dijejeran ku Musa jeung Harun.

2

Unggal tempat anu dipake masanggrahan, ku PANGERAN dipiwarang dicatet ku Musa.

3

Urang Israil budalna ti Mesir tanggal lima welas bulan kahiji taun budalanana, sapoe ti saentos Paska anu mimiti. Dibawah pangraksa PANGERAN urang Israil budal ti Raamses bari diarawaskeun ku urang Mesir,

4

anu harita keur ngaluburkeun anak-anak cikalna anu dipaehan ku PANGERAN. Ku midamel kitu PANGERAN teh mintonkeun kakawasaana-Na, ngabuktikeun yen Mantenna langkung-langkung kawasa ti batan allah-allah urang Mesir.

5

Sanggeus kaluar ti Raamses, urang Israil masanggrahan di Sukot.

6

Maju deui, masanggrahan di Etam sisi tanah gurun.

7

Ti dinya malik ka Pi Hahirot wetaneun Baal Sepon, masanggrahan deukeut Migdol.

8

Ti Pi Hahirot mareuntas nerus Laut Beureum terus asup ka Gurun Keusik Sur. Sanggeus ngetrik meunang tilu poe seug masanggrahan di Mara.

9

Ti dinya terus ka Elim seug masanggrahan, sabab di dinya aya dua welas cinyusu jeung tujuh tangkal korma.

10

Ti Elim maju deui terus masanggrahan deukeut Teluk Sues.

11

Maju deui terus masanggrahan di Gurun Keusik Sin.

12

Ti dinya masanggrahan di Dopka,

13

tuluy masanggrahan deui di Alus,

14

terus ka Repidim. Di dieu teu maranggih cai keur nginum.

15

Ti Repidim terus ka Gunung Hor. Tempat-tempat anu dipake masanggrahanana nya eta: Gurun Keusik Sinai, Kibrot Taawa, hartina: "Kuburan Kahawekan", Haserot, Ritma, Rimon Peres, Libna, Risa, Kehelata, Gunung Seper, Harada, Mahelot, Tahat, Terah, Mitka, Hasmona, Moserot, Bene Yaakan, Hor Hagidgad, Yotbata, Abrona, Esion Geber, Gurun Keusik Sin (nya eta Kades), jeung Gunung Hor di tungtung tanah Edom.

16

(33:15)

17

(33:15)

18

(33:15)

19

(33:15)

20

(33:15)

21

(33:15)

22

(33:15)

23

(33:15)

24

(33:15)

25

(33:15)

26

(33:15)

27

(33:15)

28

(33:15)

29

(33:15)

30

(33:15)

31

(33:15)

32

(33:15)

33

(33:15)

34

(33:15)

35

(33:15)

36

(33:15)

37

(33:15)

38

Ari Imam Harun ku PANGERAN dipiwarang unggah ka Gunung Hor, seug pupus di dinya dina yuswa 123 taun, dina tanggal hiji bulan kalima, taun kaopat puluh sabudalna urang Israil ti Mesir.

39

(33:38)

40

Geus kitu Raja Arad di Kanaan kidul meunang beja datangna urang Israil.

41

Ti Gunung Hor urang Israil muru tanah-tanah lempar di Moab. Tempat masanggrahanana nya eta: Salmona, Punon, Obot, ruruntuhan Abarim di wewengkon Moab, Dibon Gad, Almon Diblataim, Pagunungan Abarim deukeut Gunung Nebo, jeung di tanah-tanah lempar wewengkon Moab peuntaseun Walungan Yordan deukeut kota Yeriho, antara Bet Yesimot jeung Lebak Sitim.

42

(33:41)

43

(33:41)

44

(33:41)

45

(33:41)

46

(33:41)

47

(33:41)

48

(33:41)

49

(33:41)

50

Di hiji padataran di Moab peuntaseun Yordan palebah Yeriho, PANGERAN nimbalan deui ka Musa,

51

ngandikakeun parentah-parentah pikeun urang Israil, "Sanggeus maraneh meuntasan Yordan asup ka tanah Kanaan,

52

pribumina singkirkeun, brahala-brahalana tina batu jeung logam, kitu deui tempat-tempat pamujaanana tumpurkeun.

53

Andih eta tanah seug caricingan, memang ajang maraneh ti Kami.

54

Bagikeun ka unggal kaom jeung kaom-kaomna, lotrekeun. Anu lega jang anu cacah jiwana loba, anu heureutan jang anu cacah jiwana saeutikan.

55

Sabalikna lamun sesa pribumina nu harirup keneh ku maraneh henteu diusir, engkena tangtu nyusahkeun, bakal jadi cucuk panon, bakal ngagitik ti sisi ti gigir, bakal hudang ngalawan.

56

Jeung saupama ku maraneh teu diusir, maraneh ku Kami tangtu dibasmi moal beda ti maranehna."

Link: