:

Bilangan 32

1

Kaom Rubin jeung kaom Gad boga ingon-ingon kacida lobana. Barang narenjo tanah Yaser jeung tanah Gilad kacida alusna pikeun ingon-ingon,

2

tuluy ngadareuheus ka Musa, Elasar jeung para kapala lianna, sarta arunjukan,

3

"Nun, ieu wewengkon parantos kacepeng ku urang Israil berkah pitulung PANGERAN. Tanah-tanah Atarot, Dibon, Yaser, Nimra, Hesbon, Elale, Sibma, Nebo sareng Beon, kalintang saena kangge ingon-ingon. Ku margi abdi-abdi gaduh ingon-ingon sakitu seueurna,

4

(32:3)

5

manawi karujukan ieu wewengkon bade disuhunkeun jadi tanah milik. Sareng abdi-abdi mugi ulah dipiwarang nyicingan wewengkon peuntaseun Walungan Yordan."

6

Ku Musa diwaler, "Baruk harayang cicing di dieu, arek tarega ka papada urang Israil nu maraju perang?

7

Warani nya maraneh ngaleuleutik hate urang Israil sina ulah mareuntasan Walungan Yordan ka tanah anu geus diajangkeun ku PANGERAN?

8

Nya kitu kalakuan kolot-kolot maraneh oge basa ku kami diutus ti Kades Barnea nalengteng kaayaan eta tanah.

9

Sanggeus daratang ka Lebak Eskol tanah teh ku maranehna diilik-ilik. Tapi ari geus marulang bet ngaleuleutik hate jalma rea, nyaram asup ka eta tanah anu geus dipaparinkeun ku PANGERAN.

10

Temahna PANGERAN wera nepi ka nimbalan kieu:

11

‘Kami sumpah, ku sabab maranehna henteu junun satuhuna ka Kami, mana sakur anu budal ti Mesir, anu umurna dua puluh taun atawa leuwih, saurang ge moal aya anu asup ka tanah anu ku Kami geus dijangjikeun ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub.’

12

Keunana ka sarerea, ka unggal jelema, kajaba Kaleb bin Yepune urang Kenas jeung Yosua bin Nun. Ieu mah duaan junun satuhu ka PANGERAN.

13

Ku sabab PANGERAN wera, urang Israil disina kukulibekan di tanah gurun opat puluh taun, nepi ka jelema-jelema anu geus ngajengkelkeun manah-Na paraeh kabeh.

14

Ayeuna bet maraneh, jalma-jalma doraka jaman kiwari, nurutan kagorengan kolot-kolot, rek nyieun deui bebendu PANGERAN ka urang Israil.

15

Lamun maraneh, urang Rubin jeung urang Gad, rek teu narurut ka Mantenna nepi ka sakumna bangsa Israil ku Mantenna ditilarkeun deui di tanah gurun nepi ka balahi, maraneh anu kudu tanggung jawab."

16

Eta jelema-jelema ngised marekna ka Musa, arunjukan deui, "Asal diwidian ngadamel karapyak bae heula kanggo ingon-ingon sareng ngabenteng kampung-kampung kanggo barudak.

17

Saparantos kitu, seja pisan ngiring sareng sasami urang Israil majeng perang, seja tarung pangpayunna dugi ka eta tanah kajabel sareng kacicingan ku dulur-dulur. Sabot abdi-abdi perang, barudak kedah matuh heula di tempat anu parantos dibenteng, supados aman tina gangguan urang dieu.

18

Samemeh dulur-dulur sabangsa Israil tiasa ngarebut eta tanah anu parantos ditangtoskeun pikeun aranjeunna, abdi-abdi moal waka marulang.

19

Abdi sadaya moal ngiring ngagaduh-gaduh tanah peuntaseun Walungan Yordan, da parantos garaduh di dieu di wetaneunana."

20

Waler Musa, "Upama bener kitu, tembongkeun ayeuna di payuneun PANGERAN yen maraneh sadia maju perang.

21

Kabeh prajurit maraneh sina mareuntasan Walungan Yordan. Dibawah aturan PANGERAN pek ka ditu gempur musuh urang nepi ka musuh taluk ka Mantenna,

22

nepi ka tanah milikna karebut. Upama geus kitu hutang jangji maraneh ka PANGERAN jeung ka papada urang Israil lunas, kakara maraneh meunang mulang. Ti dinya ieu tanah wetaneun Walungan Yordan bakal disahkeun jadi tanah milik maraneh.

23

Sabalikna lamun maraneh jalir jangji, bapa ngingetan yen eta teh dosa ka PANGERAN. Ulah nyieun kasalahan, sabab lamun nepi ka dosa tan wande maraneh meunang siksa!

24

Ayeuna heug bisi rek ngadegkeun pakampungan jeung nyarieun karapyak mah. Tapi jangji kudu ditedunan!"

25

Jawab urang Gad jeung urang Rubin, "Seja diestokeun.

26

Pun bojo, barudak, sareng ingon-ingon sina di darieu di Gilad.

27

Abdi-abdi sadaya majeng jurit dibawah PANGERAN, seja perang meuntasan Walungan Yordan ngestokeun pilahir Bapa."

28

Geus kitu Musa ngalahir ka Elasar, ka Yosua, jeung ka para kapala lianna,

29

"Upama enya urang Gad jeung urang Rubin mareuntasan Walungan Yordan maju perang dibawah PANGERAN, sarta upama maraneh bisa ngarebut eta tanah karana dibantu ku maranehna, bikeun tanah Gilad ka maranehna jadi tanah milikna.

30

Tapi upama maranehna henteu marilu meuntas, henteu milu maju perang mantuan maraneh, engke bere tanah milik di Kanaan bae sakumaha halna maraneh."

31

Ceuk urang Gad jeung urang Rubin, "Bapa, abdi sadaya sumeja tumut kana timbalan PANGERAN.

32

Dibawah Mantenna abdi-abdi sumeja mareuntas muru perang ka tanah Kanaan. Teu aya sanes mung supados tiasa mageuhan tanah anu ieu, wetaneun Walungan Yordan."

33

Ti dinya kaom Gad, kaom Rubin, jeung kaom Menase anu saparona, ku Musa diajangan sakuliah wewengkon karajaan Raja Sihon urang Emor jeung wewengkon karajaan Raja Og urang Basan, ngawengku desa-desa jeung kampung-kampung sakurilingna.

34

Kaom Gad ngomean deui kuta-kuta kota Dibon, Atarot, Arur,

35

Atrot Sopan, Yaser, Yogbeha,

36

Bet Nimra, jeung Bet Haran.

37

Urang Rubin ngomean kota-kota Hesbon, Elale, Kiryataim,

38

Nebo, Baal Meon (ieu ngaran meunang ngarobah), jeung Sibma. Kabeh ngaran-ngaran kota sanggeus anggeus diadegkeun deui diganti.

39

Kaom Mahir bin Menase ngarurug tanah Gilad nepi ka bisa kaandih. Urang Emor anu maratuh di dinya disingkirkeun.

40

Nya tuluy kaom Mahir ku Musa dipaparin tanah Gilad, seug maratuh di dinya.

41

Yair, putra Menase keneh, ngarebut sababaraha desa, terus dingaranan "Desa-desa Yair".

42

Nobah ngarurug jeung ngarebut Kenat jeung desa-desana seug eta tempat-tempat dingaranan Nobah, ngalap ngaranna sorangan.

Link: