Para kapala warga-warga kaom Gilad bin Mahir bin Menase bin Yusup ngadareuheus ka Musa jeung ka para kapala lianna,
2
arunjukan, "Timbalan PANGERAN kapungkur, Bapa kedah ngabagikeun tanah ka urang Israil nganggo lotre. Sareng timbalana-Na Bapa kedah maparin tanah milik ka pun dulur Selopehad kanggo anak-anakna anu awewe.
3
Mugi kaemut, upami maranehna kawin ka kaom sanes, tanah milikna tangtos ragrag ka eta kaom, ku margi kitu tanah milik abdi-abdi tangtos jadi ngirangan.
4
Dina Taun Kasukaan, waktos nebusan tanah-tanah milik anu parantos kaical supados kapimilik deui ku nu gaduh asalna, tanah-tanah milik anak-anak Selopehad mah tangtos moal tiasa kapimilik deui, ku kituna moal kaetangkeun kana bagian kaom abdi-abdi deui da parantos jadi tanah milik tetep kaom salakina."
5
Ti dinya Musa nyaurkeun timbalan PANGERAN ka urang Israil. Saurna, "Bener eta omongan kaom Menase teh.
6
Mana kieu timbalan PANGERAN: Anak-anak Selopehad meunang boga salaki ka saha bae, tapi kudu ka kaomna keneh.
7
Tanah milik satiap urang Israil kudu tetep aya dina cangkingan kaomna masing-masing.
8
Unggal awewe anu boga warisan tanah milik di hiji kaom Israil, kawinna kudu ka lalaki ti kaom eta keneh, supaya unggal urang Israil tetep ngabogaan warisan tanah milik karuhunna,
9
ulah aya tanah milik anu pindah ti kaom ieu ka kaom anu sejen. Tegesna unggal kaom kudu mageuhan tanah milikna masing-masing."
10
Ku lantaran kitu, Mahla, Tirsa, Hogla, Milka jeung Noa, anak-anak Selopehad, karawinna teh ka lalaki ti kaomna keneh, nurut kana timbalan PANGERAN anu diandikakeun ka Musa tea. Karawinna teh ka anak uana,
11
(36:10)
12
ka warga ti kaom Menase bin Yusup, jadi tanah milikna tetep aya dina genggeman kaom bapana.
13
Kitu aturan jeung pikukuh ti PANGERAN ka urang Israil anu diandikakeun ka Musa di padataran tanah Moab peuntaseun Walungan Yordan deukeut nagara Yeriho.