Budalan 1
Yakub ngungsina ka Mesir teh sapala putra, masing-masing jeung saanak bojona. Putra-putrana nya eta:
Rubin, Simeon, Lewi, Yuda,
Isaskar, Sebulun, Binyamin,
Dan, Naptali, Gad, jeung Aser.
Jumlahna aya tujuh puluh urang turunan Yakub. Ari putrana nu jenengan Yusup mah geus ti heula aya di Mesir.
Yusup pupus, saderek-saderekna parupus, kitu deui jalma-jalma anu saentragan jeung Yusup.
Kari turunan-turunanana, nya eta urang Israil. Ieu bangsa laloba anakna, jumlahna beuki ngarekahan sarta jadi kuat, Mesir geus pinuh ku maranehna.
Geus kitu ngadeg hiji raja anyar nyangking Mesir, anu henteu uningaeun ka Yusup.
Eta raja nimbalan ka rahayatna, saurna, "Urang Israil kacida lobana jeung kuat. Urang jadi kaancam.
Mun aya perang palangsiang maranehna biluk ka musuh merangan ka urang tuluy kalabur ti dieu. Ayeuna urang akalan supaya ulah ngalobaan."
Seug urang Israil teh ku urang Mesir ditarik, dipaksa kana gawe beurat, nu dipalar supaya paeheun pikir. Urang Israil dipaksa gawe nyieun kota pagudangan pikeun raja, nya eta kota Pitom jeung Raamses.
Tapi beuki dikaniaya kalah ka beuki loba, sumebar di sakuliah nagara, kacida dipikainggisna ku urang Mesir.
Atuh beuki dikaniaya, kacida diteungteuinganana, sina nyarieunan bata jeung rupa-rupa pagawean di tegalan-tegalan, teu pisan diomberan.
(1:13)
Malah raja Mesir marentah ka Sipra jeung Pua, dua paraji anu sok marajian ka awewe urang Ibrani, timbalanana,
"Lamun marajian awewe urang Ibrani, orokna lamun lalaki paehan, mun awewe meunang dihirupan."
Tapi eta dua paraji teh mikasieun ka Allah, parentah rajana henteu diturut. Teu aya orok lalaki anu dipaehan.
Ku raja disalaur jeung dipariksa, "Ari maraneh kumaha? Ku naon orok-orok lalaki diantep bae sina harirup?"
Piunjuk paraji, "Awewe urang Ibrani teu sapertos awewe Mesir. Awakna kariat, ngajuruna garampil, memeh paraji dongkap orokna parantos brol manten."
Nu matak eta dua paraji teh mareunang kurnia ti Allah, nepi ka barisa imah-imah kurenan. Ari urang Israil terus bae ngalobaan, beuki kuat.
(1:20)
Tungtungna raja Mesir marentah ka sakabeh rahayatna, timbalanana, "Rampas sakabeh orok lalaki urang Ibrani, palid-palidkeun ka Walungan Nil. Nu awewe ingkeun, hirupan."