Kajadian 50
Gabrug layon teh ku Yusup dirangkul, ditatangkeup ditangisan, rarayna digalentoran.
Yusup marentahkeun tabib-tabib bawahanana, sina ngabalsem ramana.
Lilana ngabalsem opat puluh poe, sakumaha biasana. Urang Mesir kabeh barela sungkawa meunang tujuh puluh poe.
Sanggeus liwat mangsa sungkawa, Yusup ngalahir ka mantri-mantri raja, saurna, "Pangunjukkeun ieu pisanggem ka raja:
‘Nalika pun bapa bade dug pupus, mundut supaya abdi sumpah yen bakal ngurebkeun layonna di makam kengingna ngadamel di tanah Kanaan. Ku margi kitu jisim abdi mugi diwidian mios nguburkeun pun bapa, upami parantos beres tangtos wangsul deui.’"
Waler raja, "Kami idin. Kurebkeun rama kang putra sakumaha pamundutna."
Yusup jengkar seja ngurebkeun ramana. Nu jarajap mangpirang-pirang lobana: mantri-mantri raja, para sesepuh karaton, para sesepuh nagara,
wargi-wargina ku anjeun, raka-rakana jeung wargi-wargi ramana. Anu teu marilu jajap ngan barudakna anu laleutik keneh, ditinggalkeun di Gosen jeung ingon-ingon: embe, domba jeung sapi.
Anu marilu ngiringkeun teh aya oge anu tarumpak kareta jeung kuda, jadi aleutan anu kacida gedena.
Sanggeus narepi ka tempat pangirikan di Atad, wetaneun Walungan Yordan, ger careurik aluk-alukan lila pisan. Eta upacara bela sungkawa diayakeunana ku Yusup tujuh poe.
Urang Kanaan anu narenjo eta jelema-jelema maridangdam di Atad, ngaromong, "Kacida hidmatna nya upacara bela sungkawa urang Mesir mah!" Ku sabab kitu eta tempat dingaranan Abel Misraim.
Piwekas Yakub enggeus dilaksanakeun ku pala putrana.
Layonna dibawa ka Kanaan, dikurebkeun di guha Makpela di wetaneun Mamre, urut lahan Epron urang Het, anu digaleuh ku Ibrahim keur tanah pakuburan.
Tarapti ngurebkeun, Yusup mulih deui ka Mesir jeung raka-rakana kitu deui sakur nu ngariring jajap.
Sapesna ditilar pupus, raka-raka Yusup ngaromong kieu, "Kumaha mun Yusup tetep neuteuli? Kumaha lamun manehna ngabales kadengkian jeung kajahatan urang bareto?"
Seug maranehna nitah jalma, titip omong pikeun Yusup, kieu, "Tuang rama memeh pupus ngalahir kieu,
‘Bejakeun ka Yusup, Ama menta sangkan hidep daek ngahampura dulur-dulur, kajahatan jeung dosana ka hidep. Ku margi kitu, mugi-mugi sim kuring sadaya, abdi-abdi ka pangersa Allah panutan tuang rama, dihapunten samudaya kalepatan.’" Sanggeus dihaturkeun, Yusup ngadanguna nepi ka nangis.
Geus kitu saderek-saderekna daratang, bruk sarujud, pok arunjukan, "Sim kuring sadaya, gandek-gandek anu hina kagungan gamparan."
Ari saur Yusup, "Ulah sieun ku kuring. Kuring moal ngangkat diri jadi Allah.
Enya bareto kuring ku aranjeun dicilakakeun. Tapi ku Allah geus dibalikkeun jadi pitulung, sangkan kuring bisa nyambung umur sanak baraya anu sakitu lobana, nya geuning ayeuna bukti aranjeun bararisa keneh hirup. Nya ti dinya lantaranana.
Geus ulah sieun-sieun. Aranjeun saanak incu ku kuring baris diurus." Pilahir sakitu genahna, matak nengtremkeun raka-rakana, nyerep genah karasana, plong hatena ngararemplong.
Nepi ka pupusna dina yuswa 110 taun, Yusup tetep ngariksa saderek-saderekna di Mesir.
Anjeunna kungsi ningali heula putu ti Epraim putrana, nepi ka turunan nu katilu. Ti Menase ge kagungan putu ngaranna Makir. Makir puputra sababaraha urang, kabeh ku Yusup dilebetkeun kana rerehan kulawargina.
Ti dinya anjeunna wewekas ka saderek-saderekna, "Umur kuring moal lila deui. Tapi aranjeun baris tetep diraksa ku Allah, tur engke dicandak budal ti ieu nagara, dipulangkeun ka tanah anu ku Mantenna geus dijangjikeun ka Ibrahim, Ishak jeung Yakub."
Geus kitu eta putra-putra Yakub ku Yusup sina sarumpah, saurna, "Aranjeun kudu sumpah, yen mun geus aya pitulung Allah budal ti dieu, tulang-taleng kuring kudu dibawa."
Yusup pupus dina yuswa 110 taun. Layonna ku maranehanana dibalsem, terus disimpen dina peti mati.