Budalan 16
Ti Elim maju deui. Dina tanggal lima welas bulan ka dua ti sanggeus naringgalkeun Mesir, narepi ka gurun keusik Sin antara Elim jeung Sinai.
Di dinya maranehna gegelendeng ka Musa jeung ka Harun,
pokna, "Mending dicabut nyawa keur di Mesir keneh we ku PANGERAN teh! Di ditu mah bisa keneh ngariung dalahar daging, dahareun-dahareun bae mah loba. Ari ayeuna, bet dibawa apruk-aprukan ka gurun keusik, sina paraeh kalaparan!"
PANGERAN nimbalan ka Musa, "Kami rek nurunkeun hujan kadaharan ti langit pikeun maranehna. Pulungan unggal poe. Ngumpulkeunana kudu sameujeuhna bae keur sapoeeun. Diwatesan teh rek didoja, rek ngesto atawa moal kana katangtuan ti Kami.
Dina poe kagenep ngumpulkeunana kudu dua kalieun poe-poe sejen."
Musa jeung Harun misaur ka urang Israil, "Engke sore maraneh bakal nyaraho yen anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir teh estu PANGERAN.
Isukan isuk-isuk maraneh bakal narenjo cahaya PANGERAN. Maraneh gegelendeng teh didangukeun ku Mantenna. Maraneh gegelendeng teh ka PANGERAN, sabab parentah ti Bapa teh ti Mantenna."
Saurna deui, "Unggal sore maraneh bakal dipaparin lauk, isuk-isuk dipaparin roti sacukupna. PANGERAN anu maparin eta kadaharan teh, da kadangueun maraneh sakitu gegelendengna ka Mantenna. Maraneh gegelendeng ka Bapa teh saenyana mah ka PANGERAN."
Musa misaur ka Harun, "Wartoskeun ka sadayana sina kempel ka payuneun PANGERAN, margi Mantenna ngadangu maranehna gegelendeng."
Barang Harun misaur ka jalma-jalma sarta maranehna geus nyalanghareup ka gurun keusik, bray cahaya kamulyaan PANGERAN tembong ngagebray dina hiji mega.
PANGERAN ngadawuh ka Musa,
"Kami geus ngadangu gegelendengna urang Israil. Bejakeun, wanci sariak layung maranehna bakal nyaratu lauk, isuk-isuk bakal dalahar saseubeuhna. Sangkan nyarahoeun yen Kami PANGERAN, Allah maranehna."
Wanci pabuburit, brul aya manuk puyuh kacida lobana mani nakleuk saluluar pasanggrahan. Isukna, sakuriling pasanggrahan uyuh-ayah ciibun.
Sanggeus ibunna nyaab, dina beungeut taneuh aya anu tingguruntul semu garing, rasana ngeunah ngerekes.
Barang urang Israil narenjoeun aya anu kitu, seug silih tanya lantaran teu nyarahoeun ngaranna. "Naon eta?" cenah. Saur Musa, "Eta dahareun maraneh ti PANGERAN.
Timbalana-Na, pek parulungan sakumaha perluna, nurutkeun lobana cacah jiwa tiap kulawarga, sajiwa dua liter."
Seug urang Israil marulungan, aya nu leuwih aya nu kurang.
Tapi bareng ditaker, nu leuwih teu jadi kalobaan, nu kurang teu jadi kasaeutikan, masing-masing tiba cukup sakumaha perluna bae.
Saur Musa, "Ulah disesakeun nepi ka isuk."
Tapi sawatara urang bandel teu narurut kana weweling Musa, nyaresakeun keur isuk. Ari isukna barang diilik bet geus bau jeung bilatungan. Anu nyarimpenna ku Musa diseuseul.
Kitu bae saterusna unggal isuk, masing-masing marulunganana saperluna bae. Jeung ari geus rada beurang mah anu aya keneh dina taneuh teh laleeh.
Dina poe nu kagenep ngarumpulkeunana dua kalieun, sajiwa opat liter. Hal eta ku para pamingpinna diunjukkeun ka Musa.
Saur Musa, "Geus ditimbalan ku PANGERAN, sabab isukan mah poe anu kudu dimulyakeun, poe reureuh kagungan PANGERAN. Naon-naon anu rek dipanggang atawa dikulub, dipigawena kudu poe ieu. Leuwihna simpen keur isukan."
Parentah Musa ditarurut, sarta masing-masing nyaresakeun keur poe isuk. Tapi harita mah teu kungsi buruk atawa bilatungan.
Saur Musa, "Pek anu ieu dalahar ayeuna, sabab poe ieu teh poe Sabat, poe reureuh kagungan PANGERAN, jadi maraneh ulah mulung naon-naon ti luareun pasanggrahan.
Mulungan dahareun teh genep poe. Poe katujuhna poe reureuh, di tegal moal aya pulunganeun."
Tapi dina poe nu katujuh teh aya bae anu kalaluar rek marulungan, tapi teu maranggih naon-naon.
Seug PANGERAN ngadawuh ka Musa, "Rek angger bae kitu eta jelema-jelema teh, teu narurut kana parentah Kami?
Sing areling atuh! Kami, PANGERAN, mere hiji poe pikeun maraneh reureuh. Nu matak dina poe nu kagenep dahareun teh ku Kami disadiakeun keur dua poeeun, kitu saterusna. Unggal jelema dina poe nu katujuh kudu caricing di imah, ulah kalaluar."
Ku sabab kitu dina poe nu katujuh jelema-jelema teh teu digarawe.
Eta kadaharan ku urang Israil disebutna manna, bangunna kawas siki pedes, rupana bodas, rasana saperti kueh madu.
Musa ngalahir, "Aya timbalan PANGERAN, saur-Na urang kudu nyimpen manna saeutik keur simpeneun saterusna, tenjoeun turunan urang engke, sangkan nyarahoeun rupa kadaharan anu ku Mantenna dipaparinkeun ka urang di gurun keusik, basa ku Mantenna dikaluarkeun ti Mesir."
Ari lahiranana ka Harun, "Nyandak goci, eusian manna dua liter, teras simpen, teundeun payuneun PANGERAN, titinggal keur anak incu."
Prak timbalan PANGERAN ka Musa teh ku Harun dilampahkeun, goci anu dieusi manna teh disimpen gigireun Peti Perjangjian supaya aman.
Sapanjang opat puluh taun, nya eta samemeh narepi ka tanah Kanaan sarta maratuh di ditu, anu didalahar ku urang Israil teh nya eta manna tea.
(Takeran keringan anu diparake ku maranehna eusina sarua jeung dua puluh liter.)