:

Budalan 17

1

Urang Israil arindit deui ti gurun keusik Sin, pundah-pindah bae kumaha ditimbalanana ku PANGERAN, tuluy masanggrahan di Repidim. Di dinya teu aya cai keur nginum,

2

seug gegelendeng ka Musa, "Menta cai, hayang nginum!" Waler Musa, "Ku naon gegelendeng? Rek ngadoja ka PANGERAN?"

3

Tapi maranehna geus kacida arauseunana, gegelendengna ka Musa teu eureun-eureun, pokna, "Naha atuh make diinditkeun ti Mesir kuring teh? Rek disina paraeh ku halabhab kitu ieu kuring, anak, jeung pipiaraan teh?"

4

Musa sasambat ka PANGERAN, "Kumaha pipetaeun abdi ka eta jalmi-jalmi? Sakedap deui ge moal teu maledogan ku batu ka abdi."

5

Timbalan PANGERAN ka Musa, "Maneh kudu indit miheulaan jalma rea, bawa sawatara pamingpin Israil. Iteuk anu dipake neunggeul Walungan Nil bawa.

6

Kami rek ngadeg gigireun hiji batu cadas di Gunung Sinai. Teunggeul eta cadas, tangtu engke bijil cai ti dinya keur eta jelema-jelema ngarinum." Ku Musa dilampahkeun, disaksian ku para pamingpin Israil.

7

Ti dinya eta tempat dingaranan Masa jeung Meriba, lantaran urang Israil gegelendeng sarta ngadoja, pokna, "Aya atawa euweuh PANGERAN teh di urang?"

8

Urang Amalek murubul ka Repidim narajang ka urang Israil.

9

Musa ngalahir ka Yosua, "Hidep kudu milih jalma-jalma, isukan bawa merangan urang Amalek. Isukan Bapa rek nangtung di luhur pasir nyekel iteuk anu ku PANGERAN dipiwarang dibabawa ku Bapa."

10

Yosua kaluar ngayonan urang Amalek, ngalampahkeun parentah Musa. Ari Musa unggah ka puncak pasir jeung Harun jeung Hur.

11

Geus kitu lamun Musa ngacungkeun panangan, urang Amalek perangna kadeseh, lamun Musa nurunkeun panangan, urang Israil anu kadeseh.

12

Lila-lila panangan Musa cangkeweng ngacung bae. Ku Harun jeung Hur dipangneangankeun batu tuluy sina calik, sarta pananganana ditanggeuy ku duaan supaya ulah ngulapes. Kitu bae nepi ka surup panonpoe,

13

nepi ka perang teh Yosua anu unggul, urang Amalek eleh bebeakan.

14

Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, "Ieu kaunggulan catet supaya henteu kapopohokeun. Bejakeun ka Yosua, eta urang Amalek ku Kami rek dielehkeun sama sakali."

15

Musa ngadegkeun hiji altar, dingaranan "PANGERAN bandera kuring".

16

Saurna, "Tanjeurkeun terus bandera PANGERAN! PANGERAN bakal merangan urang Amalek sapapanjangna!"

Link: