:

Budalan 19

1

Ti Repidim urang Israil arindit deui. Dina tanggal hiji bulan katilu ti sanggeus kaluar ti Mesir, narepi ka Gunung Sinai, tuluy masanggrahan di gurun keusik Sinai.

2

(19:1)

3

Musa unggah ka eta gunung seja ngadeuheusan ka Allah. PANGERAN ngandika ka anjeunna ti luhur gunung, miwarang supaya anjeunna misaur kieu ka urang Israil, turunan Yakub,

4

"Maraneh geus narenjo anu ku Kami, PANGERAN, dijalankeun ka urang Mesir, geus nyaraho petaning Kami mawa maraneh lir galudra anu mawa hiber anakna dina jangjangna, nepi ka dieu ka payuneun Kami.

5

Lamun maraneh narurut kana perjangjian Kami, tanwande bakal jadi umat Kami pribadi. Jagat saeusina memang kagungan Kami, ngan ari maraneh mah ku Kami diunculkeun

6

geusan jadi milik Kami, dijadikeun imam-imam anu ngabarakti ka Kami."

7

Musa lungsur ti gunung, ngumpulkeun kapala-kapala. Sakur timbalan PANGERAN ka anjeunna tea disaurkeun.

8

Jalma-jalma narembalan, "Sagala timbalan PANGERAN bakal diestokeun." Ku Musa tuluy diunjukkeun ka PANGERAN.

9

PANGERAN nimbalan ka Musa, "Kami rek datang ka maneh dina mega kandel, rek cacarios jeung maneh, sina kadarengeeun ku jalma rea, supaya ti ayeuna maranehna palercayaeun ka maneh." Jawaban jalma-jalma tea ku Musa diunjukkeun ka PANGERAN,

10

sarta Mantenna ngadawuh, "Bejaan jalma-jalma, poe ieu jeung isukan kudu dipake susuci geusan ngabakti. Parentahkeun sina nyareuseuh papakean,

11

pakeeun pageto. Pageto Kami rek lungsur ka ieu Gunung Sinai, bakal tembong ku jalma rea.

12

Turut-turut sisi ieu gunung kudu diwatesan, teu meunang diliwatan. Omat-omatkeun supaya jalma-jalma ulah unggah ka ieu gunung, ulah deukeut-deukeut acan. Sing saha anu liwat tina eta wates kudu dipaehan,

13

baledogan ku batu atawa dijamparingan, awakna teu meunang kacabak. Boh jalma boh sato kudu dikitukeun, misti dipaehan. Lamun geus aya tangara tarompet, kakara maranehna meunang arunggah."

14

Musa lungsur ti gunung, ngawartosan jalma-jalma sina sasadiaan pikeun ngabakti. Prak jalma-jalma nyareuseuh papakean.

15

Ti dinya Musa ngalahir, "Pageto maraneh kudu geus tarapti. Jeung sajero waktu kitu teu meunang sapatemon heula."

16

Dina poe pagetona isuk-isuk aya kilat ngajorelat dituturkeun ku sora gugur ngageleger. Pucunghul di luhur gunung aya mega angkeub ngabelegbeg, sengek aya sora tarompet tarik pisan. Jalma-jalma sapasanggrahan mani kokoplokan sarieuneun.

17

Tuluy ku Musa dijejeran kaluar ti pasanggrahan rek dicandak marek ka Allah. Reg ngarandeg heula deukeut suku gunung.

18

Gunung Sinai buni kabulen ku haseup, sabab PANGERAN lungsurna ka dinya teh dina seuneu hurung, haseupna ngabulak-bulak kawas haseup tina tungku gede. Jalma-jalma ngagaleter awakna sarieuneun beak karep.

19

Sora tarompet beuki tarik, beuki tarik. Pok Musa miunjuk, diwaler ku Allah ku sora gugur ngageleger.

20

PANGERAN lungsur ka puncak Gunung Sinai, tuluy ngagentraan ka Musa. Seug Musa unggah ka puncak.

21

PANGERAN nimbalan ka anjeunna, "Turun heula, jalma-jalma elingan ulah liwat tina kalang dumeh harayang nenjo Kami, sabab tangtu bakal loba anu paraeh.

22

Kajeun para imam, memeh ngadareuheus ka Kami teh kudu susuci heula, bisi ku Kami disamber."

23

Piunjuk Musa, "Sumuhun, jalmi-jalmi moal warantuneun ngaliwat tina wates pedah harayang ningal ka Gusti, reh ku Gusti parantos diemutan yen ieu gunung kedah diwatesan sareng disucikeun."

24

Waler PANGERAN, "Geura jut mudun, jeung Harun bawa ka dieu. Para imam jeung jalma lianna pacuan liwat tina wates, ulah naranjak harayang teges ka Kami, supaya ku Kami henteu disamber."

25

Musa mudun, ngawartoskeun timbalan PANGERAN ka jalma rea.

Link: