:

Budalan 18

1

Yitro, imam di Midian mertuana Musa, geus meunang warta hal dadamelan Allah nulungan Musa jeung bangsa Israil waktu ku Mantenna dicandak kaluar ti Mesir.

2

Anjeunna ngalayad ka Musa, nyandak Sipora, garwa Musa anu dikantun di Midian.

3

Dua putra Musa oge, Gersom jeung Elieser dicandak. (Putra Musa nu hiji dingaranan Gersom, sabab saurna bareto, "Aing teh jalma ngumbara di lembur batur."

4

Nu hiji deui nu matak dingaranan Elieser lantaran saurna bareto, "Aing salamet ti raja anu ngarah pati, diluputkeun ku Allah panutan bapa aing.")

5

Yitro geus sumping ka gurun keusik jeung garwa Musa katut dua putrana ka pasanggrahan Musa di gunung karamat.

6

Yitro ngiberan ka Musa ngawartosan yen sumping.

7

Musa mapagkeun, geus tepung cong nyembah ka mertua tuluy ngarangkul. Sanggeus silih taros damang henteuna tuluy arangkat ka kemah Musa.

8

Musa ka mertuana nyarioskeun sakur anu dipidamel ku PANGERAN ka raja jeung ka urang Mesir waktu ngaluputkeun urang Israil. Kabalangsakan urang Israil di jalan jeung hal ditulunganana ku PANGERAN, eta oge dicarioskeun.

9

Yitro milu bungah,

10

sarta saurna, "Sagala puji ka PANGERAN, anu geus ngarahayukeun hidep tina ancaman raja jeung urang Mesir! Sagala puji ka PANGERAN anu geus ngajait umat-Na ti anu neungteuinganan!

11

Ama jadi terang, PANGERAN teh estu pinunjul ti sakabeh batara, iasa ngaleupaskeun urang Israil ti urang Mesir anu sakitu neungteuinganana."

12

Geus kitu Yitro nyanggakeun kurban ka Allah, diduruk kabeh, kitu deui kurban-kurban sejenna. Harun jeung sakabeh pamingpin Israil calik ka anjeunna, ngajalankeun upacara ibadah, ngariung tuang eta jamuan suci.

13

Poe isukna Musa calik mutus perkara jalma rea, teu liren-liren ti isuk nepi ka burit.

14

Ningali Musa sakitu repotna Yitro mariksa, "Jang naon hidep mayunan eta jalma-jalma teh? Sareng naha mung nyalira bae mayunan jalmi-jalmi sina narangtung ti enjing-enjing nepi ka burit?"

15

Waler Musa, "Abdi kedah kitu. Margi jalmi-jalmi darongkap ka abdi haroyongeun terang hal pangersa Allah.

16

Upami aya anu padu, dongkapna ka abdi. Abdi anu mutus mana anu lepatna, mana anu leres. Salajengna dipaparin terang pikukuh sareng papakon Allah."

17

Saur Yitro, "Carana sanes kitu,

18

matak ripuh sarerea. Hidep cape, jalma rea cape. Keur hidep ge beurat teuing.

19

Ama seja mituahan, sareng mugia Allah nyarengan ka hidep. Leres hidep kedah ngawakilan jalma rea ka payuneun Allah sareng mutus perkarana.

20

Hidep kudu ngajarkeun pikukuh-pikukuh Allah ka maranehanana, ngajarkeun lakuning hirup sareng nuduhan pilampaheunana.

21

Nanging kajabi ti kitu teh hidep kedah milih jalma-jalma anu cakep, jenengkeun kapala anu nyangking jalmi sarebuan, nu saratusan, nu lima puluhan, sareng nu sapuluhan. Nu dipilih kedah jalmi-jalmi anu garaduh kasieun ku Allah, tiasa dipercaya, tahan ku pangruruba.

22

Bakukeun jadi hakim-hakim rahayat. Perkara-perkara anu karasana ku maranehna beurat, sina diteruskeun ka hidep, anu arenteng sina diputus ku maranehna bae. Hal ieu tangtos matak enteng ka hidep lantaran pada ngarojong.

23

Upami diatur kitu — nanging kitu soteh upami sapagodos sareng timbalan Allah — hidep moal ripuh teuing, tur jalma-jalma oge perkarana tiasa kalayanan sadayana, warangsulna sarugema."

24

Pituah Yitro ku Musa ditampi.

25

Anjeunna milih jalma-jalma anu cakep ti bangsa Israil, diangkat jaradi kapala anu nyangking sarebuan, saratusan, lima puluhan, jeung sapuluhan,

26

jadi hakim-hakim rahayat anu baku. Perkara-perkara anu beurat diteruskeun ka Musa, anu babari diputus ku maranehna bae.

27

Geus kitu Yitro mulih ka Midian, dipileuleuyankeun ku Musa.

Link: