Budalan 22
"Jelema anu maling sapi atawa domba heug dipeuncit atawa dijual, kudu ngagantian, sapi hiji gantina lima, domba hiji gantina opat.
Pasti nu maling mah kudu ngagantian barang anu dipalingna. Lamun jinisna taya kaboga, dirina kudu dijual jadi badega, keur mayar nu dipalingna. Lamun sato anu dipalingna kapanggih aya keneh di manehna, boh sapi boh kalde atawa domba tur hirup keneh, kudu ngagantianana teh dua kana hiji. Bangsat anu kacerek keur ngabobok imah ti peuting terus dipaehan, anu maehanana teu kaasup maehan. Tapi lamun kajadianana ti beurang, anu maehanana manjing hukum maehan.
(22:2)
(22:2)
Lamun aya sapi diabur asup ka kebon batur, upamana ka lahan anggur, terus ngaranjah pepelakanana, dunungan eta sato kudu ngaganti ku hasil tina lahanna sorangan, atawa tina hasil kebon anggurna.
Lamun aya jelema ngadurukan dina lahanna heug seuneuna ngarambat kana jukut anu aya di kebon batur, nepi ka ngahuru pelak gandumna anu keur jadi, atawa ngahuru tumpukan gandumna beunang mibuatan, anu ngadurukanana kudu ngaganti anu ruksak ku seuneu tea.
Jalma anu katitipan duit atawa barang-barang mahal lianna, lamun heug eta titipan aya anu maling ti imahna, lamun bangsatna kapanggih, eta bangsat kudu ngaganti dua kalieun.
Lamun bangsatna henteu kapanggih, jelema anu dititipan eta duit atawa barang mahal tea kudu dibawa ka tempat ngabakti, sina sumpah di dinya yen manehna henteu maling barang titipan batur.
Lamun aya dua jelema hoghag parebut banda, silih aku yen eta banda teh anuna, naha sapi, naha kalde, domba, pakean, atawa naon bae, duanana kudu dibawa ka tempat ngabakti. Mana-mana anu ku Allah disalahkeun kudu ngaganti dua kalieun ka nu saurang deui.
Jalma anu katitipan ingon-ingon, kalde, sapi, domba atawa salian ti eta, heug eta sato paeh atawa cilaka atawa aya anu ngarampog, sarta waktu kajadianana euweuh anu nyahoeun,
eta jelema kudu sumpah ka PANGERAN di tempat ngabakti yen teu maling eta titipan. Anu bogana kudu tarima, anu dititipanana teu kudu ngaganti.
Sabalikna lamun tetela manehna anu malingna, kudu ngaganti.
Upama titipan tea dihakan ku sato leuweung, sesa bangkena kudu dituduhkeun pikeun bukti ka nu boga, teu kudu ngaganti.
Lamun aya jelema nginjeum sato batur heug satona paeh atawa cilaka, teu kasaksian ku nu bogana, kudu ngagantian.
Kajaba lamun dina waktu kajadianana kasaksian ku nu bogana, teu kudu ngagantian. Lamun eta sato teh disewa, najan lapur oge bakal kabual ku harga sewaanana."
"Upamana, aya lalaki ngaheureuyan parawan anu tacan babakalan, terus reujeung sapatemon. Eta lalaki kudu mayar mas kawin kontan, awewena kudu terus dikawin.
Upama bapa awewena teu mikeun anakna dikawin, eta lalaki tetep kudu mayar mas kawin sakumaha mas kawin ka parawan.
Awewe anu migawe sihir kudu dipaehan.
Jalma anu ngajima sato kudu dipaehan.
Jalma anu ngurban ka aallahan ongkoh ka Kami ongkoh, kudu dibasmi.
Ulah neungteuinganan atawa ngagencet ka jelema anu ngumbara, da maraneh oge kungsi ngumbara di Mesir.
Ulah nyusuker ka randa atawa ka nu pahatu.
Upama maraneh nyusuker, seug maranehna sasambat menta tulung ka Kami, tangtu ku Kami dimakbul,
tur Kami tangtu bendu datang ka maraneh ku Kami disina paeh ku perang, pamajikan jadi randa, anak jadi yatim.
Lamun nginjeumkeun duit ka umat Kami anu kabalangsak, ulah kawas tukang nginjeumkeun, ulah make dianakan.
Upama maraneh nyekel gadean baju batur, memeh surup panonpoe kudu dipulangkeun heula,
karana bajuna ngan eta-etana paranti ngahaneutan awakna. Upama teu dipulangkeun heula heesna make naon? Lamun manehna sasambat menta tulung ka Kami pasti ku Kami dimakbul, sabab Kami welas asih.
Ulah ngagogoreng ka Allah, jeung ulah nyumpahan para gegeden pamingpin rahayat.
Hasil kebon maraneh, gandum, cianggur, minyak jetun, kudu aya anu dibaktikeun ka Kami, jeung ulah diengke-engke. Anak cikal maraneh baktikeun ka Kami.
Baktikeun ka Kami cikal ingon-ingon maraneh sapi jeung domba. Cikal jaluna ingkeun heula di indungna tujuh poe, dina kadalapan poena sanggakeun ka Kami.
Ku sabab maraneh teh umat Kami, maraneh teu meunang ngadahar daging sato anu paeh ku sato leuweung. Parabkeun bae ka anjing."