:

Budalan 23

1

"Ulah ngaliarkeun beja teu puguh. Ulah daek biluk ka nu salah, nyimbutan kasalahanana.

2

Ulah tuturut ka jalma rea anu marigawe kasalahan, atawa lamun maranehna nyerongkeun urusan jeung kaadilan.

3

Nguruskeun perkara jelema anu malarat ulah beurat sabeulah.

4

Upama maraneh pareng nenjo sapi atawa kalde musuh leupas ka mana-mana pangnewakkeun, anteurkeun ka nu bogana.

5

Upama kalde musuh maneh tea ngudupruk ku momotanana, bantuan ngahudangkeun, ulah api lain.

6

Upama aya jalma malarat datang ka pangadilan ngunjukkeun urusanana, uruskeun sakumaha mistina, ulah nyimpang tina kaadilan.

7

Ulah nyieun panuding palsu nepi ka anu teu salah meunang hukum pati. Kalakuan kitu kacida jahatna, ku Kami pasti disapa.

8

Ulah beunang ku pangruruba, sabab pangruruba teh sok ngalolongkeun rasa bebeneran, ngaruntuhkeun hak nu tanpa dosa.

9

Ulah neungteuinganan ka jelema anu ngumbara, da maraneh oge kungsi ngumbara di Mesir, nyaho kumaha rasana jalma ngumbara."

10

"Lahan dipelakanana genep taun genep taun, hasilna kumpulkeun.

11

Dina katujuh taunna lahan kudu diperekeun sarta tutuwuhanana ulah diala, nu kitu mah keur bagian anu mariskin, ari sesa ngalaan anu mariskin keur bagian sato leuweung. Pon kitu keneh kebon anggur jeung kebon jetun.

12

Barang gawe kudu genep poe genep poe bae, supaya badega-badega jeung anu karuli di maneh nyareunghap heula. Malah sasatoan oge kudu direureuhkeun.

13

Gumatikeun ieu timbalan Kami, PANGERAN. Jeung maraneh ulah neneda ka allah-allah sejen, ulah nyambat-nyambat acan ngaranna."

14

"Tilu kali dina sataun maraneh kudu ngayakeun pesta pikeun ngamulyakeun ka Kami.

15

Kahiji dina bulan Abib, nya eta bulan maraneh ninggalkeun Mesir, kudu ngayakeun Pesta Roti Teu Make Ragi sakumaha anu ku Kami diandikakeun tea, lilana tujuh poe. Sapanjang pesta maraneh teu meunang dalahar roti anu make ragi. Maraneh ngabakti ka Kami teh teu meunang lengoh.

16

Pesta kadua nya eta Pesta Panen, dilampahkeunana waktu mitembeyan panen. Pesta katilu nya eta Pesta Saung, dilampahkeunana dina usum ngala buah anggur jeung bubuahan lianna.

17

Dina eta pesta anu tilu rupa, sakabeh lalaki kudu ngadareuheus jeung ngabarakti ka Kami, PANGERAN Allah maraneh. Kitu bae unggal-unggal taun.

18

Lamun maraneh ngurbankeun sato ka Kami, rotina teu meunang nu make ragi. Jeung sato-sato nu dikurbankeun ka Kami sapanjang pesta, gajihna teu meunang nyesa nepi ka isuk.

19

Unggal-unggal taun, hasil lahan maraneh anu diala pangheulana kudu dibaktikeun ka gedong panglinggihan PANGERAN Allah maraneh. Ngulub daging anak domba atawa anak embe teu meunang ku cisusu indungna."

20

"Kami rek miwarang hiji malaikat heulaeun maraneh, sina ngaraksa di jalan nepi ka datang ka tempat beunang Kami nyadiakeun.

21

Sing hade-hade, naon parentahna turut, ulah baha, sabab eta piwarangan Kami. Lamun dilawan moal aya hampurana.

22

Sabalikna lamun maraneh nurut kana parentahna sarta ngalakonan sagala timbalan Kami, ieu Kami anu bakal merangan musuh-musuh maraneh.

23

Malaikat Kami bakal aya di hareup heulaeun maraneh mawa asup ka tanahna urang Emor, urang Het, urang Pares, urang Kanaan, urang Hiwi, jeung urang Yebus. Eta bangsa-bangsa ku Kami bakal dibasmi.

24

Pacuan maraneh nyembah atawa ngabakti ka allah-allah maranehna, jeung ulah nurutan tata ibadahna. Aallahan-aallahanana basmi, pilar-pilar batu karamatna gempur.

25

Upama maraneh ngabarakti ka Kami, PANGERAN Allah maraneh, tanwande diberkahan, dicukup dahareun dicukup cai, jeung lamun katerap ku kasakit, Kami nu bakal ngaleungitkeun panyakitna.

26

Di tanah tempat maraneh moal aya awewe kaluron, moal aya anu gabug, jeung maraneh bakal dipanjangkeun umur.

27

Bangsa-bangsa lawan maraneh rek disina ngompod sarieuneun ka Kami. Bangsa anu merangan ka maraneh rek disina guyur tagiwur, musuh-musuh sina kalabur.

28

Musuh-musuh maraneh ku Kami rek disina garugup. Urang Hiwi, urang Kanaan jeung urang Het, ana ku maraneh geus dijorag ku Kami rek dijongklok-jongklokkeun sina nyaringkah.

29

Tapi disingkahkeunana moal disakalikeun di jero sataun, sabab lamun kitu tanahna bakal suwung jeung diareusian ku sato-sato galak, tangtu matak susah ka maraneh.

30

Diusiranana rek ditungtut saeutik-saeutik, nepi ka maraneh cukup waktu pikeun ngarebut tanahna.

31

Wawatesan tanah maraneh nya eta ti semet Teluk Akaba kebat ka Walungan Eprat, jeung ti semet basisir Laut Tengah nepi ka gurun. Upama ku maraneh geus dijorag, pribumina ku Kami rek disina kadeseh ku maraneh datang ka kalalabur.

32

Maraneh ulah nyieun perjangjian naon-naon ka maranehna, sumawonna ka allah-allah sesembahanana.

33

Ulah dibere cicing di nagara maraneh, supaya ulah jadi lantaran maraneh migawe dosa ka Kami. Lamun maraneh ngabakti ka allah-allah sesembahanana, geus tangtu maraneh kajiret terus carilaka."

Link: