Budalan 24
PANGERAN ngandika ka Musa, "Maneh kudu ka puncak ngadeuheus ka Kami, maneh, Harun, Nadab, Abihu, jeung tujuh puluh kokolot Israil. Ti kajauhan keneh kudu geus sarujud ka Kami.
Anu meunang datang deukeut ka Kami ngan maneh sorangan, nu sejen teu meunang kitu deui jalma loba teu meunang arunggah."
Eta timbalan jeung sakabeh aturan ti PANGERAN teh ku Musa dicarioskeun ka jalma rea. Maranehna ngajawab, "Sagala timbalan PANGERAN seja diestokeun."
Ti dinya timbalan-timbalan PANGERAN teh ku Musa diseratkeun. Isukna, isuk-isuk pisan Musa ngadegkeun hiji altar di suku eta gunung, jeung nangtungkeun batu dua welas siki, masing-masing ngalambangkeun tiap kaom Israil anu dua welas.
Geus kitu anjeunna miwarang barudak bujang nyanggakeun kurban anu dibeuleum haturan PANGERAN, jeung mareuncit sapi sababaraha siki keur kurban panarima.
Getih sato-sato kurban ku Musa dicandak saparona, diwadahan, anu saparona deui dikana-altarkeun.
Sanggeus kitu anjeunna nyandak kitab perjangjian anu eusina timbalan-timbalan PANGERAN tea, tuluy diaoskeun ka jalma rea. Pok maranehna miunjuk, "Kuring seja tumut ka PANGERAN, sagala timbalana-Na seja diestokeun."
Geus kitu Musa nyandak getih dina bokor tea, tuluy dikepret-kepret ka jalma rea, bari saurna, "Ieu getih ngukuhkeun perjangjian anu dipidamel ku PANGERAN ka maraneh hal sakabeh pangandika-Na anu bieu dibaca."
Ti dinya Musa, Harun, Nadab, Abihu, jeung tujuh puluh urang kokolot Israil naranjak ka gunung,
sarta aranjeunna naringal Allah Israil. Sampean Mantenna kawas ngadampal ka nu jiga lante tina batu nilem warna biru langit, herang ngagenclang.
Eta para kapala Israil teh ku Allah henteu dikieu-kieu, sarta sanggeus naringal Allah aranjeunna dalahar leueut bareng.
PANGERAN nimbalan ka Musa, "Hiap ka Kami, ka puncak. Sabot maneh di dieu ku Kami rek diserenan dua papan batu anu ditulisan ku pikukuh-pikukuh, anu kudu ditarurut ku urang Israil, beunang Kami nuliskeun."
Seug Musa sasadiaan jeung Yosua anu ngabantu ka anjeunna, tuluy unggah ka eta gunung anu suci.
Saur Musa ka para pamingpin, "Antosan di pasanggrahan nepi ka kaula jeung Yosua dongkap deui. Harun sareng Hur oge ngantosan di dieu bae, upama aya anu boga urusan sina datang ka aranjeunna."
Musa unggah ka Gunung Sinai, gunungna tuluy diliputan ku mega.
Gebrayna cahaya kamulyaan PANGERAN nyinaran eta gunung. Tembongna ka urang Israil eta cahaya teh kawas seuneu hurung di puncak gunung. Eta gunung kaliputan ku mega genep poe lilana. Dina katujuh poena PANGERAN ngagentraan ka Musa, nyaur ti jero mega.
(24:16)
Musa nanjak ka puncak eta gunung nembus mega, sarta terus aya di dinya opat puluh poe opat puluh peuting.