:

Budalan 30

1

"Kudu nyieun altar tina kayu pilang paranti ngukus.

2

Ukuranana kudu pasagi, panjang jeung rubakna masing-masing 45 sentimeter, jangkungna 90 sentimeter. Berean tatandukan di opat juru luhurna hijikeun kana altarna.

3

Beungeutna, badanna sakurilingna pon kitu tatandukanana, kudu disaput ku emas. Pinggiran biwirna kudu diwengku ku emas sakurilingna.

4

Di handapeun wengkuna kudu diceulian kenca katuhu paranti nyorokkeun rancatan ana kudu digotong dipindahkeun.

5

Rancatanana kudu kayu pilang keneh, disaput ku emas.

6

Dipernahkeunana kudu di luareun reregan hareupeun Peti Perjangjian, tempat Kami patepung jeung maneh, engke.

7

Unggal isuk, waktu Harun datang ngurus palita, Harun kudu meuleum seuseungitan anu arum dina eta altar.

8

Pon kitu saban pabuburit, dina waktuna nyeungeut palita. Nyanggakeun kurban seuseungitan teh kudu mayeng dina waktuna, teu meunang belang betong.

9

Eta altar teu meunang dipake pikeun kurban seuseungitan atawa kurban sato, atawa kurban gandum, jeung teu meunang dikucuran cianggur.

10

Sataun sakali eta altar kudu disetrakeun ku Harun, nya eta opat tatandukanana kudu diulasan getih sato anu dijieun kurban panghampura dosa. Kitu bae saterusna saban-saban taun. Eta altar kudu suci sama sakali, sembahkeuneun ka Kami, PANGERAN."

11

PANGERAN nimbalan ka Musa,

12

"Lamun maneh geus ngitung cacah jiwa urang Israil, unggal jelema kudu mere upeti ka Kami pikeun panebus nyawa, sangkan dina waktu keur dicacahkeun ulah keuna ku balahi.

13

Unggal jelema anu dicacahkeun kudu mayar duit upeti, jumlahna nurutkeun patokan anu ilahar. Unggal jelema wajib mayar eta upeti ka Kami,

14

nya eta anu geus manjing dicacah, anu umurna ti dua puluh taun ka luhur.

15

Gedena upeti pameuli umur teh kabeh sarua kudu sakitu, nu beunghar ulah mayar leuwih, nu miskin ulah mayar kurang.

16

Pupul duitna ti urang Israil, gunakeun pikeun ongkos miara Kemah Kami. Jadi eta duit upeti teh pikeun tandon umur maranehanana, sangkan ku Kami dipikainget sarta bakal ditangtayungan."

17

PANGERAN nimbalan ka Musa,

18

"Kudu nyieun jolang tambaga, anu make dadampar tambaga. Tuluy pernahkeun antara Kemah jeung altar, eusian cai.

19

Memeh asup ka Kemah atawa nyampurkeun altar rek ngurban kadaharan, Harun jeung anak-anakna kudu make eta cai keur ngumbah leungeun jeung suku. Ku cara kitu maranehna moal kungsi tiwas.

20

(30:19)

21

Perlu maranehna ngumbah heula leungeun jeung suku supaya teu nepi ka paeh. Ieu jadi pikukuh pikeun maranehna saanak incu, turun-tumurun."

22

PANGERAN nimbalan ka Musa,

23

"Maneh kudu nyokot bahan-bahan wawangian lulugu, nya eta emur encer genep kilo, kayumanis wangi tilu kilo, tiwu wangi tilu kilo,

24

jeung kiamis genep kilo (timbangan beuratna kudu cocog kabeh jeung timbangan patokan), jeung minyak jetun opat liter.

25

Eta bahan-bahan kudu diaduk dijieun minyak bauran anu seungit, minyak suci paranti ngistrenan.

26

Eta minyak kudu dipake ngaminyakan Kemah Tepangan Kami, Peti Perjangjian,

27

meja sapuratina, ajug lampu jeung paparabotanana, altar pangukusan,

28

altar kurban beuleuman sapuratina, jeung jolang paranti beberesih katut dadamparna.

29

Eta barang-barang kudu diistrenan kitu petana, sanggeus kitu kaayaanana bakal jadi suci kabina-bina, sing saha anu nyabak atawa antel tangtu cilaka ku pangaruh kasucianana.

30

Geus kitu Harun jeung anak-anakna kudu diminyakan ku eta, diistrenan, disucikeun jaradi imam purah ngawulaan Kami.

31

Caritakeun ka urang Israil, eta minyak teh minyak suci pikeun kaperluan ngawulaan Kami, pakeeun sapapanjangna.

32

Teu meunang dipake ngaminyakan sambarang jelema, jeung teu meunang aya anu nurutan nyieun minyak anu campuranana sarua jeung eta. Tegesna eta teh minyak suci anu kudu dipupusti kasucianana.

33

Sing saha anu nurutan nyieun, atawa make eta minyak ka jelema anu lain imam, ku Kami moal diaku deui umat."

34

PANGERAN nimbalan ka Musa, "Maneh kudu nyieun deui arum-aruman, bahanna menyan putih, onik, getah rasamala arum, jeung dupa anu tulen, masing-masing lobana kudu sarua.

35

Campurkeun kabeh jieun dupa sakumaha nyieun seuseungitan, tambahan ku uyah sangkan kaayaanana tetep murni tur suci.

36

Sawareh kudu digerus masing lembut tuluy bawa ka Kemah Kami, awur-awur hareupeun Peti Perjangjian. Ieu seuseungitan kudu dipupusti, suci kaliwat saking.

37

Ulah aya anu nurutan nyieun anu campuranana saperti eta keur diri sorangan. Kudu dipupusti sakumaha ka barang suci baktikeuneun ka Kami.

38

Saha-saha anu nurutan nyieun keur pakeeunana, ku Kami moal diaku deui umat."

Link: