Budalan 31
PANGERAN nimbalan ka Musa,
"Kami geus milih hiji jelema ti kaom Yuda, ngaranna Besalel bin Uri, incu Hur,
dieusian pangawasa Kami, dibere pangarti, kaahlian, jeung pangabisa kana juan-jieun rupa-rupa barang seni,
mahir ngareka-reka jeung migawe barang-barang karajinan tina emas, perak, jeung tambaga;
mahir meulah inten, ngukir kayu, kitu deui sarupaning barang-barang seni.
Pikeun batur digawena ku Kami geus dipangmilihkeun Oholiab bin Ahisamak ti kaom Dan. Malah jalma-jalma ahli karajinan anu sejen oge ku Kami geus dibere pangabisa anu punjul, sina nyarieun naon bae sakur anu ku Kami diparentahkeun kudu dijieun, nya eta:
Kemah Tepangan Kami, Peti Perjangjian katut tutup pangrapihna, barang-barang perhiasan Kemah,
meja sapuratina, suku palita sapuratina tina emas murni, altar pangukusan,
altar kurban beuleuman sapuratina, jolang katut dadamparna,
pakean agung imam pikeun Harun jeung anak-anakna parantina ngimaman,
minyak pangistrenan, jeung seuseungitan anu arum pikeun di Kamar Suci. Dijieunna ku maranehna teh kabeh kudu cocog sakumaha anu ku Kami geus diandikakeun ka maneh tea."
PANGERAN nimbalan ka Musa
supaya misaur ka urang Israil, "Maraneh kudu ngagumatikeun poe Sabat, poe reureuh Kami, karana eta poe teh jadi tanda di antara Kami jeung maraneh turun-tumurun, anu nandakeun yen maraneh geus dipilih dijieun umat Kami.
Ieu poe reureuh teh suci, ku maraneh kudu disucikeun. Saha-saha anu henteu ngestokeun, saha-saha anu barang gawe dina poe eta, kudu dipaehan.
Pikeun maraneh barang gawe teh genep poe. Poe nu katujuh poe reureuh anu hidmat anu kudu dibaktikeun ka Kami. Saha bae, anu barang gawe dina poe eta kudu dipaehan.
Poe Sabat ku urang Israil kudu digumatikeun, karana eta teh tanda tina perjangjian tea,
tanda anu tetep antara urang Israil jeung Kami. Karana Kami, PANGERAN ngajadikeun langit jeung bumi di jero genep poe, ari dina poe nu katujuh Kami reureuh, liren tina sagala damel."
Sanggeus ngadawuh ka Musa di Gunung Sinai, Allah ka Musa maparinkeun dua papan batu tea, anu dieusi ku papakon-papakon kenging nyeratkeun Allah ku manten.