Budalan 35
Musa ngumpulkeun sakumna bangsa Israil, geus kitu ngalahir, "Kieu timbalan PANGERAN anu ku maraneh kudu diarestokeun:
Maraneh kudu digarawe teh genep poe bae. Poe nu katujuh poe suci, poe reureuh anu hidmat pikeun Kami, PANGERAN. Saha-saha anu barang gawe dina poe eta pasti kudu dipaehan.
Dina poe Sabat mah teu meunang ngahurungkeun seuneu-seuneu acan di imah."
Ngalahir deui Musa ka sakumna bangsa Israil, "Kieu anu didawuhkeun ku PANGERAN.
Maraneh kudu mere derma haturan PANGERAN, saha bae anu rido, naon bae mana suka, naon anu rek didermakeun: emas, perak, tambaga;
lenen lemes, wol biru, wol wungu, wol beureum; lawon tina bulu embe;
kulit domba beunang ngabeureuman; kulit lemes; kayu pilang;
minyak pikeun palita; bahan-bahan wawangian keur minyak pangistrenan jeung pikeun seuseungitan anu arum;
batu angkik jeung sarupaning batu permata lianna, tareteskeuneun dina epod jeung oto Imam Agung."
"Sakur anu baroga kaahlian barang jieun, kudu nyarieun barang-barang pamundut PANGERAN, nya eta:
Kemah, lapisna, tutup luarna, cacantel-cacantelna, papan-papanna, papalang-papalangna; tihang-tihangna jeung tatapakan-tatapakanana;
Peti Perjangjian, tutup pangrapihna, rancatanana jeung unak-anikna;
meja, rancatanana, paparabotanana sapuratina katut roti suci haturan Allah;
suku palita salengkepna jeung palita-palitana kitu deui minyakna;
altar pangukusan, rancatanana, minyak pangistrenan, jeung seuseungitan anu arum; reregan pikeun lawang Kemah;
altar paranti kurban beuleuman katut panggaranganana tina tambaga, rancatanana, kitu deui pakakas-pakakasna; jolang paranti kukumbah jeung dadamparna;
reregan palataran, tihang-tihangna katut dadamparna, reregan pikeun lawang palataran;
pancuh-pancuh Kemah jeung tambang-tambangna; kitu deui pancuh-pancuh jeung tambang-tambang pikeun di palataranana;
pakean agreng para imam paranti babakti di Kamar Suci, nya eta pakean suci pikeun Imam Harun jeung anak-anakna."
Ti dinya urang Israil bubar ti payuneun Musa.
Geus kitu murubul deui marawa pangabakti haturkeuneun ka PANGERAN sasukana-sasukana, nya eta bahan-bahan pikeun nyieun Kemah Tepangan, pikeun nyieun paparabotan paranti ngabakti, kitu deui bahan pikeun nyieun pakean imam.
Anu daratang teh awewe lalaki sakur anu rido ngahaturkeun pangbakti ka PANGERAN. Aya anu mere panitih, anting, ali, kongkorong, jeung perhiasan emas lianna, dibaktikeun ka PANGERAN.
Aya anu mere lenen lemes, wol biru, wol wungu, wol beureum; lawon bulu embe, kulit domba beunang ngabeureuman, jeung kulit anu lemes.
Anu kuatna mere perak atawa tambaga, merena eta, dibaktikeun ka PANGERAN. Anu boga kayu pilang pikeun dijieun naon bae, merena eta.
Para wanita anu barisa ngagintir, nyaranggakeun benang lenen anu lemes, jeung benang wol warna biru, wungu, jeung beureum, beunang maranehna ngagintir.
Maranehna nyarieun oge benang tina bulu embe.
Para pamingpin aya anu mere batu ratna-campaka, aya anu mere batu-batu permata lianna, tareteskeuneun dina epod jeung oto;
aya anu marere bahan-bahan wawangian jeung minyak pikeun lampu, pikeun nyieun minyak pangistrenan, jeung pikeun seuseungitan anu arum.
Urang Israil rarido ngabakti ka PANGERAN, pikeun nyieun barang-barang anu ku PANGERAN geus diandikakeun ka Musa.
Geus kitu Musa ngalahir ka urang Israil, "PANGERAN geus nyaur Besalel bin Uri, incu Hur, ti kaom Yuda.
Ku Allah geus dieusian ku pangawasa-Na, dipaparin kabinangkitan jeung pangabisa, ngarti kana nyieun sarupaning barang seni,
ahli ngareka barang-barang tina emas, perak, tambaga, reujeung migawena;
ahli meulah inten pikeun diukir dijieun barang-barang perhiasan, ahli ngukir kayu jeung sarupaning barang seni.
Manehna jeung Oholiab bin Ahisamak ti kaom Dan geus disina saranggupeun ngajarkeun pangabisana ka anu sejen.
Oholiab ku PANGERAN dipaparin pangabisa nyieun sarupaning barang ukiran, nyieun model-model, migawe lenen lemes, wol biru, wol wungu, wol beureum jeung lawon lianna. Duanana sanggup nyieun rupa-rupa barang jeung mikiran model-modelna.