:

Budalan 34

1

PANGERAN nimbalan ka Musa, "Maneh kudu nyieun papan batu saperti anu ti heula, dua gebleg. Ku Kami rek ditulisan deui papakon-papakon tina batu anu ti heula anu ruksak ku maneh.

2

Isukan isuk-isuk kudu geus aya, bawa unggah ka puncak gunung Sinai, ngadeuheus ka Kami.

3

Ulah mawa saha-saha. Teu meunang aya anu ngalanto ka ieu gunung lebah mana bae. Malah domba jeung sapi oge ulah sina nyaratuan di suku ieu gunung."

4

Musa ngadamel papan batu dua gebleg, isukna isuk-isuk dicandak unggah ka puncak Gunung Sinai, sakumaha timbalan PANGERAN.

5

Ti dinya PANGERAN lungsur nitihan mega, ngadeg palebah Musa bari nyebatkeun jenenganana nu suci: PANGERAN.

6

Geus kitu lar PANGERAN ngalangkung ka payuneun Musa bari ngagentra kieu, "Kami PANGERAN, nya eta Allah anu sipat welas, sipat karunya, tara barangasan, sugih kaasih, sipat satuhu.

7

Teguh kana jangji ka rebuan turunan, satia ngahampura dosa jeung kadorakaan. Parandene kitu moal teu ngahukum ka anak incu jelema-jelema anu marigawe dosa, nepi ka turunan katilu jeung kaopat."

8

Bruk Musa sujud kana taneuh, ngabakti ka Mantenna.

9

Pok miunjuk, "Nun PANGERAN, upami yaktos Gusti mikurnia ka diri abdi, mugi kersa angkat nyarengan ka abdi sadaya. Leres jalmi-jalmi teh barahula, nanging mugi dosa sareng kadorakaanana dihapunten. Abdi sadaya mugi ditampi jadi umat Gusti."

10

PANGERAN nimbalan ka Musa, "Ayeuna Kami rek ngayakeun perjangjian pikeun urang Israil. Kami rek ngadamel mujijat-mujijat di hareupeun maranehna, kaahengan-kaahengan anu di mana-mana ge tacan katarenjo ku bangsa-bangsa di sakuliah jagat. Eta jelema-jelema teh rek dibere nenjo mujijat-mujijat anu araheng dadamelan Kami, PANGERAN, sabab Kami rek ngayakeun perkara-perkara anu pikahelokeun kabina-bina.

11

Estokeun pikukuh-pikukuh ti Kami, anu poe ieu rek diserenkeun ka maneh. Dina waktu maneh geus prung ngarurug ka ditu, Kami rek nyingkahkeun urang Emor, urang Kanaan, urang Het, urang Pares, urang Hiwi, jeung urang Yebus.

12

Poma, ulah ngayakeun perjangjian naon-naon jeung pribumi eta tanah anu bakal diasupan ku maneh, bisi jadi pangjiret anu nyilakakeun.

13

Anggur bongkaran altar-altarna, burak-barik pilar-pilar brahalana, kitu deui lambang-lambang Dewi Asera, tuaran.

14

Pacuan ngabakti ka aallahan batur anu mana bae. Sabab Kami PANGERAN, moal nyabaran ka nu nandingan.

15

Anu matak teu meunang nyieun perjangjian jeung bangsa-bangsa eta nagara teh, bisi diondang diajak ngabakti jeung ngurban ka brahala-brahalana, bisi kagoda milu ngadahar kurban anu disuguhkeun ka aallahan-aallahanana.

16

Jeung supaya anak maraneh ulah nepi ka baroga pamajikan ka awewe eta bangsa, heug engke kabawa nyembah ka brahalana, murtad ti Kami.

17

Ulah nyitak aallahan, ulah nyembah ka nu kitu.

18

Kudu nekanan Pesta Roti Teu Make Ragi sakumaha timbalan Kami tea. Dina eta pesta maraneh kudu dalahar roti anu teu make ragi, tujuh poe lilana. Ari waktuna nya eta dina bulan Abib, sabab dina bulan Abib maraneh budal ti Mesir.

19

Sakabeh cikal lalaki jeung cikal jalu sato piaraan, kagungan Kami.

20

Tapi cikal kalde mah kudu ditebus, diganti ku anak domba dikurbankeun. Lamun teu ditebus kudu ditekuk. Anak cikal anu lalaki kabeh kudu ditebus. Jeung ari ngadareuheus ka Kami teu meunang lengoh, kudu mere pangabakti.

21

Pikeun barang gawe, maraneh boga waktu genep poe. Dina poe nu katujuh, sanajan keur usum ngawuluku atawa usum dibuat, teu meunang digarawe.

22

Kudu nekanan Pesta Panen, waktuna dina ngamimitian panen gandum. Kudu nekanan Pesta Saung, waktuna dina usum mupu bubuahan.

23

Tilu kali dina sataun sakabeh lalaki kudu daratang ngabakti ka Kami, PANGERAN, Allah Israil.

24

Sanggeus Kami nyingkahkeun bangsa-bangsa tea engke, jeung geus ngalegakeun wewengkon tanah maraneh, sapanjang maraneh keur nekanan eta pesta anu tilu rupa, moal aya musuh anu wanieun ngarurug ka nagara maraneh.

25

Waktu ngurbankeun sato ka Kami, ulah nyuguhkeun roti anu make ragi. Sato peuncitan anu dikurbankeun dina Pesta Paska, dagingna teu meunang disesakeun nepi ka isukna.

26

Unggal-unggal taun, ka gedong panglinggihan Kami kudu marawa hasil panen gandum anu diala pangheulana. Ngulub daging anak domba atawa anak embe, teu meunang ku cisusu indungna."

27

PANGERAN nimbalan deui ka Musa, "Tuliskeun eta timbalan-timbalan anu bieu teh, sabab eta timbalan-timbalan teh jadi dasar perjangjian anu ku Kami rek dipidamel ka maneh jeung ka urang Israil."

28

Ari Musa ayana di PANGERAN teh opat puluh poe opat puluh peuting, teu tuang teu leueut. Saungeling perjangjian, nya eta Sapuluh Timbalan, ku anjeunna diseratkeun.

29

Geus kitu Musa lungsur ti Gunung Sinai nyandak papan batu Sapuluh Timbalan tea. Jeung ku sabab geus sasauran jeung Allah, rarayna mani moncorong. Tapi anjeunna mah henteu ngaraoseun.

30

Orokaya Harun jeung jalma rea barang narenjoeun raray anjeunna ngempur teh kacida sarieuneunana, nepi ka henteu waranieun deukeut.

31

Ku Musa disalaur. Sanggeus Harun jeung para pamingpin Israil nyalampeurkeun, Musa cacarios.

32

Ti dinya mah jalma rea nyalampeurkeun ngalingkung ka anjeunna. Musa ngalahirkeun sakabeh pikukuh ti PANGERAN anu diandikakeun ka anjeunna di Gunung Sinai.

33

Sanggeus tamat ngalahirna, Musa nutupan rarayna ku cindung.

34

Dibuka-dibuka sanggeus lebet ka Kemah Tepangan PANGERAN. Ana kaluar ti dinya rek ngumumkeun sakur anu ku PANGERAN didawuhkeun ka anjeunna pikeun urang Israil,

35

rarayna anu moncorong teh dicindungan deui, nepi ka lebetna deui ka jero Kemah baris unjukan ka PANGERAN.

Link: