Budalan 37
Besalel nyieun Peti Perjangjian tina kayu pilang, panjangna 110 sentimeter, rubakna 66 sentimeter, jangkungna 66 sentimeter.
Luar jerona dilapis ku emas, sarta sakurilingna diwengkuan ku emas.
Opat sukuna kenca katuhu make geugeulangan emas paranti ngagotong, sabeulahna dua-dua.
Tuluy nyieun rancatanana tina kayu pilang disaput emas,
seug dicorokkeun kana geugeulanganana kenca katuhu.
Ti dinya nyieun tutupna tina emas tulen, panjangna 110 sentimeter, rubakna 66 sentimeter.
Geus kitu nyieun dua mukarabin tina emas ketokan,
dipasang dihijikeun kana tutup peti tungtung pada tungtung,
disina pahareup-hareup tarungkul kana tutup peti, jangjangna maleber mayungan.
Geus kitu Besalel nyieun meja tina kayu pilang, panjangna 88 sentimeter, rubakna 44 sentimeter, jangkungna 66 sentimeter,
saluluarna dilapis ku emas, sisi-sisina dielis ku emas,
sarta sakurilingna make titimbir rubakna 75 milimeter, terus diwengku ku emas.
Dina opat popojok lebah sukuna make geugeulangan emas paranti ngagotong.
Eta geugeulangan paranti nyorokkeun rancatan supaya mejana bisa digotong, diterapkeunana deukeut kana garis sisi.
Tuluy nyieun rancatanana tina kayu pilang dilapis ku emas.
Paparabotan pikeun eta meja kabeh tina emas: piring, cangkir, kendi, jeung bokor-bokor paranti ngahaturkeun cianggur.
Geus kitu Besalel nyieun suku palita tina emas tulen. Dadampar jeung tihangna tina emas ketokan. Papaesna direkakeun kembang-kembang, lengkep katut kuncup jeung daun kembangna, ngahiji kana badanna.
Cabangna kenca katuhu aya genep, sabeulahna tilu-tilu.
Unggal cabang genepanana make tilu papaes direkakeun kembang kanari, lengkep katut kuncup jeung daun kembangna.
Tihangna make opat papaes anu direkakeun kembang kanari, lengkep katut kuncup jeung daun kembangna.
Handapeun unggal cabang kenca katuhu, masing-masing diheuleutan ku papaes anu direkakeun kembang sapentol.
Pentol-pentol kembangna, cabang-cabangna, jeung tihangna, kabeh emas ketokan anu ngajadi sahiji bagian.
Sanggeus kitu tuluy nyieun palitana tujuh pasangkeuneun dina eta suku palita. Ti dinya nyieun cacapitna jeung tatadahna tina emas tulen.
Emas tulen anu dipake nyieun eta suku palita lengkep jeung parabotna, beuratna 35 kilo.
Geus kitu Besalel nyieun altar tina kayu pilang pikeun pangukusan. Ukuranana pasagi, panjangna 45 sentimeter, rubakna 45 sentimeter, jangkungna 90 sentimeter, tatandukanana dihijikeun ka dinya di opat juruna.
Beungeutna, badanna sakurilingna jeung tatandukanana disaput ku emas, biwirna sakurilingna diwengku ku emas.
Tuluy diceulian kenca katuhu handapeun wengkuna paranti ngagotong, dicorok ku rancatan.
Rancatanana tina kayu pilang dilapis ku emas.
Geus kitu Besalel nyieun minyak suci paranti ngistrenan, kitu deui seuseungitan anu arum anu tulen dicampur cara buatan tukang wawangian.