:

Budalan 38

1

Altar pikeun ngaduruk kurban dijieunna tina kayu pilang, ukuranana pasagi, panjang jeung rubakna masing-masing 2,2 meter, jangkungna 1,3 meter.

2

Di opat pojok luhurna diberean tatandukan anu dihijikeun kana altarna. Saluluarna dilapis ku tambaga.

3

Tuluy nyieun paparabotanana: dulangna, sosodokna, bokor-bokorna, garpuhna, jeung piring ruhakna. Kabeh dijieunna tina tambaga.

4

Geus kitu nyieun panggaranganana tina tambaga, diteundeunna handapeun biwir eta altar, jangkungna satengah tina jangkungna altar.

5

Tuluy nyieun opat geugeulangan pikeun nyorokkeun rancatan, diterapkeunana di opat juru eta altar.

6

Seug nyieun rancatanana tina kayu pilang dilapis ku tambaga,

7

dicorokkeun kana geugeulanganana kenca katuhu. Eta altar dijieunna make papan dikolowongkeun.

8

Geus kitu Besalel nyieun jolang tina tambaga, dadamparna oge tina tambaga. Ari tambagana beunang ngumpulkeun, nya eta eunteung-eunteung para wanita purah lalayan di lawang Kemah Tepangan PANGERAN.

9

Geus kitu Besalel nyieun reregan pikeun ngabudeur palataran Kemah Tepangan PANGERAN tina lenen lemes. Panjang reregan pikeun sisi kidul 44 meter.

10

Tihang rereganana tambaga, lobana dua puluh tihang katut tatapakanana dua puluh, tambaga keneh. Kakait-kakait tihangna kitu deui papalang-papalangna tina perak.

11

Palataran sisi kaler oge ukuranana sarua jeung anu beulah kidul.

12

Reregan pikeun sisi kulon panjangna 22 meter. Tihang rereganana sapuluh, tatapakanana sapuluh, kakait-kakaitna jeung papalang-papalangna tina perak.

13

Palataran sisi wetan anu aya lawangna, rubakna sarua jeung nu beulah kulon, 22 meter.

14

Reregan kenca katuhueun lawang panjangna masing-masing 6,6 meter, tihang rereganana kenca katuhu tilu-tilu, nya kitu deui tatapakanana kenca katuhu tilu-tilu.

15

(38:14)

16

Reregan anu dipake ngubengan palataran, lawonna kabeh lenen lemes.

17

Tatapakan tihang-tihang rereganana kabeh tina tambaga, kakait-kakait jeung papalang-papalang tihangna kabeh tina perak, kitu deui congo-congo tihangna oge dilapis ku perak. Tihang-tihang reregan sakurilingeun palataran, nu hiji ka nu hiji deui disambungkeun ku papalang tina perak.

18

Reregan pikeun lawang palataran bahanna lenen lemes ditinun jeung wol warna biru, wungu, jeung beureum, dihias ku sulaman. Panjangna 9 meter, jangkungna 2 meter, sarua jeung reregan palataranana.

19

Tihang rereganana opat, tatapakanana opat tina tambaga, kakait-kakait jeung papalangna perak, congona dilapis ku perak.

20

Pancuh-pancuh Kemah kitu deui pancuh-pancuh sakuriling palataranana kabeh tina tambaga.

21

Ieu daptar lobana logam anu dipake di jero Kemah Tepangan PANGERAN, tempat nyimpen dua papan batu anu ditulisan Sapuluh Timbalan tea. Anu miwarang nyieun ieu daptar teh Musa, ari nu migawena jalma-jalma urang Lewi anu diatur ku Itamar putra Imam Harun.

22

Barang-barang anu dipundut ku PANGERAN tea kabeh geus anggeus dijieunna ku Besalel bin Uri incu Hur ti kaom Yuda,

23

anu dibaturan ku Oholiab bin Ahisamak ti kaom Dan, ahli ngukir, ahli nyieun model, ahli ninun kain lenen jeung wol warna biru, wungu, jeung beureum.

24

Lobana emas anu dibaktikeun ka PANGERAN pikeun Kemah Suci, beuratna sarebu kilo, nurutkeun patokan timbangan resmi.

25

Lobana perak tina upeti cacah jiwa aya 3.430 kilo nurutkeun patokan timbangan resmi.

26

Jumlahna cocog sakumaha anu kudu dibayar ku nu geus meujeuhna dicacahkeun tea, mayarna masing-masing sakumaha diwajibkeunana, ditimbangna nurutkeun patokan resmi. Anu dicacahkeunana nya eta lalaki anu umurna ti dua puluh taun ka luhur, jumlahna aya 603.550 urang.

27

Perak tea anu 3.400 kilo dipake nyieun saratus tatapakan pikeun Kemah Suci jeung pikeun tihang-tihang reregan, hiji tatapakan beuratna 34 kilo.

28

Anu 30 kilo deui ku Besalel dipake ngalapis congo-congo tihang.

29

Lobana tambaga anu dibaktikeun ka PANGERAN 2.425 kilo.

30

Ku Besalel dipake nyieun tatapakan lawang Kemah Tepangan PANGERAN, dipake nyieun altar katut panggaranganana, dipake nyieun paparabotan altar,

31

dipake nyieun tatapakan tihang-tihang sakuriling palataran jeung di lawang palataran, kitu deui pancuh-pancuh Kemah jeung pancuh-pancuh sakuriling palataran.

Link: