:

Budalan 39

1

Ari pakean agreng pikeun imam-imam keur pakeeun ari babakti di Kamar Suci, bahanna wol biru, wungu, jeung beureum. Prak we tukang-tukang teh nyieun pakean imam pikeun Harun, nurutkeun sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa.

2

Nyieun epodna tina lenen lemes, wol biru, wungu, jeung beureum, jeung benang emas.

3

Sarta eta tukang-tukang teh ngetok emas sina meber tuluy diguntingan aripis, diterap-terapkeun kana kaen lenen lemes jeung kana wol warna biru, wungu, jeung beureum tea.

4

Geus kitu nyieun tali taktakna dua, dijaitkeun kana tungtung-tungtung epod ti luhur kenca katuhu supaya eta oto bisa dipageuhan.

5

Tuluy nyieun tali beubeurna tina bahan anu eta keneh, dijaitkeun kana epodna sina ngahiji, sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa tea.

6

Ti dinya nyadiakeun batu-batu permata dalima tuluy dicangkokan ku emas disusunkeun, sarta batuna diukiran ku dua welas ngaran putra-putra Yakub, kacida alusna,

7

seug diterapkeun dina tali taktak epod kenca katuhu, ngalambangkeun dua welas kaom Israil, sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa.

8

Ari otona bahanna sarua jeung bahan epod, sulamanana oge sarua.

9

Bangunna pasagi jeung dirangkep. Panjangna 22 sentimeter, rubakna oge sakitu.

10

Eta oto ditaretes ku batu-batu permata opat jajar. Permata jajaran kahiji: mirah dalima, manikem koneng jeung batu dalima.

11

Permata jajaran kadua: jambrut, nilem jeung inten.

12

Permata jajaran katilu: pirus, angkik jeung kucubung.

13

Permata jajaran kaopat: ratna-campaka, permata dalima, jeung widuri pandan. Permatana kabeh dicangkok ku emas.

14

Unggal batu permatana diukiran ku ngaran pala putra Yakub, ngalambangkeun dua welas kaom Israil.

15

Otona make dua rantay emas murni anu dirarakeun siga tali,

16

dua cangkok emas, jeung dua ali emas. Ali emasna dijaitkeun dina tungtung oto beulah luhur kenca katuhu,

17

sarta rantay emas tea dicantelkeun kana eta dua ali.

18

Ari tungtung rantay nu sabeulah deui duanana dicantelkeun kana dua cangkok emas anu ayana dina tali taktak epod beulah hareup kenca katuhu.

19

Nyieun deui dua ali emas, dijaitkeun dina tungtung-tungtung oto beulah handap dina sisina beulah jero luareun epod.

20

Nyieun deui dua ali emas, tuluy dijaitkeun kana puhu tali taktak epod beulah hareup deukeut kelinna, luhureun tali beubeur epod kenca katuhu.

21

Sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa, ali-ali oto jeung ali-ali epod dirempetkeun tuluy dibeungkeut ku pita biru, supaya otona bener cicingna di luhureun tali beubeur jeung supaya henteu lesot.

22

Ari baju kurung anu baris dipake luareun epod bahanna kabeh wol biru.

23

Pinggiran beuheungna sakurilingna dikelin ku lawon tinun supaya henteu soeh.

24

Tungtung handap nu ngarumbay sakurilingna dirarawisan ku dadalimaan tina lenen lemes jeung wol biru, wungu, beureum, dipaselangkeun jeung genta-genta laleutik tina emas tulen, sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa.

25

(39:24)

26

(39:24)

27

Jeung nyieun kameja pikeun Harun jeung putra-putrana pameget,

28

dastar, kerepus, calana pondok tina lenen lemes;

29

nyieun solempang tina lenen lemes jeung tina wol warna biru, wungu jeung beureum, dimamanis ku sulaman, sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa.

30

Jeung nyieun perhiasan jamang suci tina emas murni, diukiran kalimah "Suci bade ka PANGERAN".

31

Eta perhiasan digantelkeun kana dastar beulah ti hareup ku tali warna biru, sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa.

32

Sagala rupa pagawean anu tumali jeung Kemah Tepangan PANGERAN geus anggeus kabeh. Ku urang Israil dijieunna kabeh cocog jeung timbalan PANGERAN ka Musa.

33

Geus kitu Kemah teh disanggakeun ka Musa jeung sakabeh paparabotanana: kakait-kakait, papan-papan, papalang-papalang, tihang-tihang katut tatapakan-tatapakanana;

34

tutup tina kulit domba beunang ngabeureuman, tutup tina kulit lemes; reregan aling-aling;

35

Peti Perjangjian anu dieusi dua papan batu, rancatanana, tutupna;

36

meja jeung sakabeh paparabotanana katut roti haturkeuneun ka Allah;

37

suku palita tina emas tulen, palita-palitana, sakabeh paparabotanana katut jeung minyak lampuna;

38

altar emas; minyak pangistrenan; seuseungitan anu arum; reregan lawang Kemah;

39

altar tambaga katut panggarangan tambagana; rancatanana jeung sakabeh paparabotanana; jolang paranti kukumbah jeung dadamparna;

40

reregan-reregan palataran, tihang-tihang katut tatapakan-tatapakanana; reregan lawang palataran jeung tambang-tambangna, pancuh-pancuh Kemah, sakabeh paparabotan pakeeun di jero Kemah;

41

pakean agreng imam paranti babakti di Kamar Suci, nya eta pakean suci pikeun Imam Harun sapala putra.

42

Eta kabeh dijieunna ku urang Israil teh cocog jeung pangandika PANGERAN ka Musa.

43

Seug eta barang-barang teh ku Musa dipariksaan hiji-hiji. Sanggeus kauninga yen kabeh cocog sakumaha pamundut PANGERAN, seug sakabehna ku Musa diberkahan.

Link: