:

Budalan 5

1

Musa jeung Harun arangkat marek ka raja Mesir. Tuluy arunjukan, "Kaula ngemban timbalan PANGERAN, Allahna urang Israil. Kieu timbalana-Na, ‘Umat Kami idinan indit ka gurun keusik, geusan ngayakeun pesta ngamulyakeun ka Kami.’"

2

Lahiran raja, "Saha PANGERAN teh? Naha aing kudu nurut kana parentah-Na, kudu ngidinan urang Israil iang? Aing teu wawuh ka PANGERAN. Aing moal ngidinan urang Israil arindit."

3

Waler Musa jeung Harun, "Allahna urang Ibrani parantos mendakan ka kaula. Kitu nu mawi mugi kaula sadaya diwidian leumpang ka gurun, lamina tilu dinten, seja nyanggakeun kurban ka PANGERAN, Allah karuhun kaula sadaya. Upami teu kitu tangtos Mantenna bendu ka kaula sadaya, narajang ku kasakit atanapi ku perang."

4

Timbalan raja, "Kumaha ari pipikiran maraneh? Na urang Israil teh sina nunda pagaweanana? Geura baralik ka ditu, sina digarawe deui eta abid-abid teh!

5

Bangsa maneh di dieu geus heurin usik, leuwih loba ti batan urang Mesir. Bet ku maraneh rek disina naringgalkeun pagaweanana!"

6

Harita keneh raja marentahkeun ka urang Mesir tukang-tukang ngagawekeun jeung ka mandor-mandor urang Israil, timbalanana,

7

"Jelema-jelema anu nyarieunan bata teh ulah dibere deui jarami, keun sina arusaha neangan sorangan.

8

Tapi beubeunangan nyieun bata kudu angger lobana sakumaha sasari, hiji ge teu meunang kurang. Mana marenta idin rek ngurban ka Allahna ge tangtu lantaran geus kurang pagawean!

9

Garawekeun leuwih beurat, sing leuwih ripuh, tong dibere tempo geusan nanggap nu bohong."

10

Seug tukang-tukang maksa ngagawekeun teh jeung mandor-mandorna ngabejaan ka urang Israil, pokna, "Saur raja, maraneh moal dibarere deui jarami.

11

Saurna jarami nareangan sorangan ti mana bae meunangna, tapi beubeunangan nyieun bata kudu angger sarua lobana jeung nu enggeus-enggeus."

12

Urang Israil riab nareangan jarami ka sakuliah Mesir,

13

bari digegentak ku tukang-tukang ngagawekeunana, kudu anggeus nyieun bata sarua lobana jeung basa keur dibarere keneh jarami.

14

Mandor-mandor urang Israil nepi ka ditareunggeulan ku tukang-tukang ngagawekeun, jeung dicararekan pokna, "Ku naon maraneh teu nyumponan jumlah bata cara sasari?"

15

Seug mandor-mandor teh melas-melis arunjukan ka raja, pokna, "Nun Kangjeng Raja, ku naon abdi-abdi sakieu diteungteuinganana?

16

Ongkoh teu dipaparin jarami, nanging ngadamel bata kedah teras. Abdi-abdi dugi ka diteunggeulan, padahal nu lepatna jalmi-jalmi gamparan."

17

Timbalan raja, "Dasar pangedulan, mumul kana gawe! Paingan atuh marenta idin rek ngabarakti ka PANGERAN.

18

Hayoh digarawe deui ka ditu! Jarami moal dibere, bata beubeunangan kudu angger!"

19

Geus tetela ka mandor-mandor yen dirina carilaka, dikudukeun saban poe nyumponan jumlah bata sarua lobana jeung nu enggeus-enggeus.

20

Di jalan maranehna papanggih jeung Musa jeung Harun anu ngahaja ngarantosan.

21

Pok maranehna ngaromong kieu, "PANGERAN langkung uninga, ieu teh gara-gara aranjeun. Sing dihukum aranjeun ku Mantenna, parantos ngalantarankeun kuring dipikasengit ku raja jeung ku mantri-mantrina. Ieu mah sarua bae jeung dititah dipaehan!"

22

Musa marek deui ka PANGERAN sarta miunjuk, "Nun PANGERAN, ku naon umat kagungan teh ku Gusti sakitu dibengisanana? Sareng ku naon abdi anu ku Gusti diutus teh?

23

Saparantos abdi marek ka raja ngemban timbalan Gusti, raja jadi wuwuh neungteuinganan ka maranehna. Ku Gusti diantep teu ditulungan!"

Link: