:

Budalan 4

1

Ngawangsul deui Musa ka PANGERAN, "Nanging kumaha upami urang Israil henteu palercayaeun, henteu nolih kana pisanggem abdi? Kumaha upami sanggemna pamohalan Gusti nembongan ka abdi?"

2

PANGERAN mariksa, "Eta maneh nyekel naon?" "Sumuhun iteuk," wangsul Musa.

3

Timbalan PANGERAN, "Alungkeun kana taneuh." Ku Musa dialungkeun, seug jadi oray nepi ka Musa ngejat.

4

PANGERAN nimbalan ka Musa, "Tewak buntutna!" Ku Musa ditewak, seug jadi deui iteuk.

5

PANGERAN nimbalan, "Gunakeun eta pikeun ngayakinkeun ka urang Israil yen maneh enya geus ditembongan ku Kami, PANGERAN, Allah karuhunna, Allahna Ibrahim, Ishak, jeung Yakub."

6

PANGERAN nimbalan deui ka Musa, "Asupkeun leungeun maneh kana jeroeun jubah." Musa ngasupkeun pananganana ka jeroeun jubah; ari dikaluarkeun deui bet geus katerap ku kasakit, baruntusan rupana bodas kawas salju.

7

PANGERAN nimbalan, "Asupkeun deui ka jeroeun jubah." Sup diasupkeun deui, sarta barang ditarik deui bet geus pulih cara sasari kawas anggahota lianna.

8

PANGERAN nimbalan, "Upama maranehna teu palercayaeun, henteu bisa diyakinkeun ku mujijat nu kahiji, ku nu kadua mah tangtu bisa diyakinkeun.

9

Tapi upama ku eta dua mujijat tetep maranehna teu palercayaeun, tetep arembungeun malire kana omongan maneh, maneh kudu nyiuk cai Walungan Nil, bahekeun kana taneuh. Eta cai bakal robah jadi getih."

10

Tapi piunjuk Musa, "Nun PANGERAN, ulah abdi anu diutus. Abdi teh sanes jalmi anu pinter nyarita, boh ti kapungkur, boh ti saparantos Gusti sasauran ka abdi. Abdi mah jalmi heurin ku letah, sok asa-asa."

11

Timbalan PANGERAN ka anjeunna, "Saha anu maparin letah ka manusa? Saha anu ngersakeun manusa torek atawa pireu? Saha anu ngersakeun manusa boga panenjo atawa merem? Nya Kami, PANGERAN.

12

Bral bae ka ditu, Kami anu bakal nyebutan piomongeun maneh."

13

Tapi piunjuk Musa, "Nun PANGERAN, sae ku nu sanes bae."

14

PANGERAN jadi bendu ka Musa lajeng nimbalan, "Kumaha lamun Harun, dulur maneh, urang Lewi tea? Kami uninga, manehna ahli nyarita. Manehna ayeuna keur ka dieu rek manggihan maneh, tangtu atoheun papanggih jeung maneh.

15

Caritakeun ka manehna, terangkeun naon anu kudu diomongkeun. Boh maneh boh Harun, tangtu ku Kami dibantuan nyarita, dituduhan naon-naon anu kudu dilampahkeun.

16

Harun kudu jadi lalambe maneh, ngawakilan maneh nyarita ka jalma rea. Jadi maneh ka Harun teh minangka Allah, nyebutan sakur anu kudu diomongkeun.

17

Eta iteuk bawa, pakeeun di ditu paranti nembongkeun mujijat-mujijat."

18

Sanggeus kitu Musa mulih ka Yitro mertuana seug unjukan, "Putra sumeja nepangan dulur-dulur di Mesir, hoyong terang naha harirup keneh." Ku Yitro karujukan, tuluy dijurung.

19

Sabot Musa di Midian keneh, PANGERAN nimbalan ka anjeunna, "Geura ka Mesir deui, sabab jelema-jelema anu ngarah pati ka maneh kabeh geus paraeh."

20

Bral Musa angkat ka Mesir, garwana, putra-putrana dicandak, ditumpakkeun kana kalde. Iteukna dicandak sakumaha timbalan Allah.

21

Ngandika deui Allah ka Musa, "Maneh ayeuna kudu ka Mesir deui. Ku kami dibere kawasa nembongkeun mujijat-mujijat Kami tea ka raja Mesir. Lampahkeun. Ari raja ku Kami rek dihaja dibedegongkeun, sina teu mikeun urang Israil indit.

22

Geus kitu bejakeun ka manehna, kieu kituh timbalan Kami, PANGERAN, ‘Israil teh putra cikal Kami.

23

Ku Kami geus dipundut ka maneh sangkan diidinan indit ngabakti ka Kami. Ku sabab maneh teu ngidinan, anak cikal maneh ku Kami rek dipaehan.’"

24

Di satengahing jalan di pangrereban, Musa ku PANGERAN dipegat kersa-Na rek dipaehan.

25

Seug Sipora garwa Musa nyandak hiji batu seukeut, tuluy ngeureut kokocop putrana, seug eta kulit kokocop teh diusapkeun kana sampean Musa. Ku karana eta sunat, Sipora sasauran kieu ka Musa, "Akang teh pikeun abdi salaki getih." Ku hal eta Musa ku PANGERAN teu tulus dicabut nyawana.

26

(4:25)

27

Sajeroning kitu PANGERAN nimbalan ka Harun, "Tepungan Musa di gurun." Bral Harun angkat rek nepangan Musa di gunung karamat. Sanggeus patepung tuluy ngarangkul.

28

Musa cacarios yen ditimbalan mulang ka Mesir ku PANGERAN. Sagala timbalana-Na oge dicarioskeun, kitu deui mujijat-mujijat PANGERAN anu kudu dilampahkeun engke di Mesir.

29

Musa jeung Harun kebat ka Mesir. Sanggeus sarumping tuluy ngumpulkeun kokolot-kokolot Israil.

30

Sagala timbalan PANGERAN ka Musa ku Harun dicarioskeun ka maranehna, sarta Musa nembongkeun mujijat-mujijat tea ka jalma rea.

31

Jalma rea palercayaeun. Barang dicaritaan yen maranehna geus dilayad ku PANGERAN, sarta kabalangsakanana geus katingali ku Mantenna, maranehna sarujud ngabakti.

Link: