:

Budalan 7

1

Ari dawuhan PANGERAN, "Maneh ku Kami rek dijieun minangka Allah ka eta raja. Ari Harun minangka nabi maneh, anu bakal ngawakilan maneh nyarita.

2

Naon-naon anu ku Kami diandikakeun ka maneh, tepikeun ka Harun anu kudu neruskeun eta pangandika ka raja, menta sangkan urang Israil dibikeun ninggalkeun nagarana.

3

Tapi eta raja ku Kami rek dijieun bedegong, sina ulah daekeun ngagugu ka maneh. Najan sakumaha beuratna Mesir ku Kami dihukum ge eta raja moal mirosea.

4

Geus kitu Kami bakal narajang Mesir ku rupa-rupa balahi, ti dinya Kami bakal mingpin umat Kami budal ti eta nagara.

5

Urang Mesir bakal nganyarahokeun yen Kami teh PANGERAN, lamun kami geus ngangkat panangan ka maranehna, jeung geus ngaluarkeun urang Israil ti eta nagara."

6

Timbalan PANGERAN ku Musa jeung Harun dijalankeun.

7

Harita, waktu aranjeunna ngadareuheus ka raja, yuswa Musa dalapan puluh taun, yuswa Harun dalapan puluh tilu taun.

8

PANGERAN nimbalan ka Musa jeung Harun,

9

"Lamun raja nitah maneh nyieun mujijat, Harun bejaan yen kudu ngalungkeun iteukna ka hareupeun raja, eta iteuk bakal jadi oray."

10

Bral Musa jeung Harun ngadareuheus ka raja sakumaha ditimbalanana ku PANGERAN. Harun ngalungkeun iteukna ka hareupeun raja sapara mantrina, seug iteukna jadi oray.

11

Sabalikna raja nyaur jelemana anu palinter jeung tukang-tukang sihirna. Seug maranehna oge nyarieun anu sarupa kitu ku sihirna,

12

narurutan ngaralungkeun iteuk sarta iteukna jaradi oray. Tapi orayna dileglegan ku oray ti Harun.

13

Parandene kitu raja teu kersaeun tunduk, cocog sakumaha anu diandikakeun ku PANGERAN yen eta raja moal ngagugu ka Musa jeung Harun.

14

PANGERAN ngandika ka Musa, "Bener eta raja teh bedegong, teu mikeun urang Israil indit.

15

Tepungan isukan isuk-isuk, waktu manehna arek mandi ka Walungan Nil, dagoan di sisi eta walungan. Iteuk anu tas jadi oray tea bawa.

16

Omongkeun kieu ka eta raja, ‘Kalawan timbalan PANGERAN, Allahna urang Ibrani, kaula parantos nyuhunkeun supados kangjeng raja ngawidian urang Israil iang ngabarakti ka Mantenna di gurun keusik. Dugi ka ayeuna kangjeng raja teu kersa ngabulkeun.

17

Kangjeng raja! Dawuhan PANGERAN, kangjeng raja bakal uninga leres-leres saha Mantenna, saparantos ningali dadamelana-Na, sakedap deui. Tingalikeun, ieu walungan ku kaula bade digebug ku ieu iteuk, caina bakal robah jadi getih.

18

Laukna bakal paraeh, caina jadi bau biuk, urang Mesir moal kariat nginum cai ieu walungan.’"

19

Dawuhan PANGERAN ka Musa, "Harun sina ngungkulkeun iteukna ka walungan-walungan, susukan-susukan, jeung situ-situ di Mesir. Caina bakal robah jadi getih, kitu deui cai di mana-mana di sakuliah ieu tanah bakal jadi getih. Nu dina tahang jeung dina kendi ge bakal jadi getih."

20

Timbalan PANGERAN ku Musa jeung Harun dijalankeun. Kalawan kasaksian ku raja sapara mantri, Harun ngungkulkeun iteukna terus diteunggeulkeun ka walungan, seug caina jadi getih.

21

Laukna paraeh, caina jadi bau kabina-bina, urang Mesir taya anu kuat nginum ti dinya. Di mana-mana di sakuliah Mesir, cai geus jaradi getih.

22

Tapi tukang-tukang sihir raja oge maretakeun sihirna, nyarieun anu sarupa kitu. Jadi eta raja teh angger teuas manahna, cocog jeung anu didawuhkeun ku PANGERAN yen eta raja moal ngagugu ka Musa jeung Harun.

23

Anjeunna kalah ka ngaleos ka karaton. Eta kajadian nepi ka kitu teh ku anjeunna teu ditolih.

24

Urang Mesir pahibut ngarali taneuh sisi-sisi eta walungan nareangan cai, da teu kadarugaeun nginum cai ti eta walungan.

25

Ti barang PANGERAN ngagebug eta walungan, kaayaanana terus bae kitu nepi ka tujuh poe.

Link: