:

Budalan 8

1

Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, "Tepungan deui raja. Bejakeun kieu timbalan Kami, ‘Umat Kami idinan iang sina ngabarakti ka Kami.

2

Lamun maneh baha, nagara maneh ku Kami rek disiksa dipinuhan ku bangkong.

3

Walungan Nil bakal pinuh ku bangkong, arunggah ti dinya tuluy arasup ka karaton maneh, ka jero kamar, kana enggon hees, ka imah-imah rahayat maneh, ka imah-imah para mantri maneh, kana pangbakaran roti, kana adonan-adonan dina panci,

4

nararaek kana awak maneh, kana awak rahayat maneh, jeung kana awak mantri-mantri maneh.’"

5

Nimbalan deui PANGERAN ka Musa, "Harun titah ngungkulkeun iteukna ka walungan-walungan, susukan-susukan, jeung situ-situ, sina arunggah ti dinya bangkong-bangkong minuhan sakuliah tanah Mesir."

6

Prak Harun ngungkulkeun iteukna kana cai di sakuliah Mesir, breg bangkong nararanjak ti cai minuhan sakuliah Mesir.

7

Tapi tukang-tukang sihir Mesir oge metakeun elmuna ngayakeun bangkong, nararanjak minuhan tanahna.

8

Geus kitu raja nyaur Musa jeung Harun, ti dinya timbalanana, "Kami pangnedakeun ka PANGERAN, pangnyingkirkeun ieu bangkong-bangkong. Geus kitu jelema-jelema teh ku aing tangtu diidinan iang sina ngurban ka PANGERAN."

9

Waler Musa, "Sumangga bade dipangnedakeun. Iraha kaula kedah mangnedakeun raja sapara mantri sareng rahayat teh? Bangkong-bangkong tangtos leungit, kantun anu di Walungan Nil."

10

Lahiran raja, "Isukan kami pangnedakeun." Piunjuk Musa, "Sumangga. Engke ku Gusti kauninga yen taya deui allah anu sapertos PANGERAN, Allah kaula sadaya.

11

Bangkong-bangkong teh tangtos musna ti gamparan, ti para mantri sareng ti sakumna rahayat. Moal aya anu nyesa, kajabi anu di Walungan Nil."

12

Geus kitu Musa jeung Harun kaluar ninggalkeun raja tuluy neneda ka PANGERAN, neda dipangmusnakeun bangkong-bangkong anu ku Mantenna ditarajangkeun ka eta raja.

13

Paneda Musa ku PANGERAN dimakbul. Bangkong-bangkong teh nu di imah-imah, nu di buruan-buruan, anu di kebon-kebon, pararaeh.

14

Bangkena ku urang Mesir diunggul-unggulkeun manggunung-gunung, bauna nyambuang ka mana-mana.

15

Sanggeus uninga yen bangkong-bangkong teh geus paraeh, raja neuaskeun deui manahna, cocog jeung pangandika PANGERAN yen eta raja moal ngagugu ka Musa jeung Harun.

16

Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, "Harun titah neunggeulkeun iteukna kana taneuh ngebul. Peledugna bakal jadi rambetuk minuhan sakuliah tanah Mesir."

17

Harun neunggeulkeun iteukna kana taneuh ngebul. Dadak sakala kekebul di sakuliah Mesir robah ngajadi rambetuk, napuk ka jelema jeung ka sasatoan.

18

Tukang-tukang sihir tea ge metakeun elmuna rek nurutan ngabijilkeun rambetuk, tapi teu barisaeun. Rambetuk narapuk di mana-mana.

19

Tukang-tukang sihir Mesir arunjukan ka raja pokna, "Saleresna ieu teh mujijat Allah!" Tapi raja tetep neuaskeun manahna, cocog jeung pangandika PANGERAN yen eta raja moal kersaeun ngagugu ka Musa jeung Harun.

20

Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, "Isukan isuk-isuk maneh kudu nepungan deui raja, pegat waktu manehna rek ka walungan. Bejakeun kieu kituh timbalan Kami, ‘Umat Kami idinan iang ngabakti ka Kami.

21

Lamun maneh henteu ngagugu tangtu dihukum diamuk ku seungseureudan: diri maneh, mantri-mantri, jeung rahayat maneh. Imah-imah urang Mesir bakal pinuh ku seungseureudan, ka taneuh-taneuh bakal pinuh ku seungseureudan.

22

Tapi tanah Gosen tempat umat Kami mah rek dijaga, eta seungseureudan moal nepi ka dinya, supaya maneh nyaho yen Kami, PANGERAN, aya di ieu tanah.

23

Kami rek ngabedakeun umat Kami ti rahayat maneh. Ieu mujijat isukan tangtu bukti.’"

24

Tuluy PANGERAN midamel kitu, seungseureudan tingsalebrung ka karaton raja, ka imah mantri-mantri. Sakuliah Mesir datang ka ruksak ku seungseureudan.

25

Raja nyaur Musa jeung Harun, ti dinya timbalanana, "Heug arek ngabarakti ka Allah maraneh mah, tapi di dieu bae, di nagara."

26

Piunjuk Musa, "Sanes kitu. Upami urang Mesir naringal satona anu dijieun kurban ka Allah kaula tangtos asa kahina. Upami ngurbanna di dieu sarta kataringal ku urang Mesir, kaula sadaya tangtu pada ngabenturan ku batu.

27

Ku perkawis eta, ngurban ka Allah kaula sadaya teh kedah di gurun keusik, lalampahan tilu dinten ti dieu. Kitu timbalan Mantenna."

28

Lahiran raja, "Jig, aing ngidinan maraneh ngabakti ka PANGERAN Allah maraneh di gurun keusik, tapi ulah jauh teuing, jeung aing pangnedakeun."

29

Waler Musa, "Sae. Samiosna ti dieu kaula rek neneda ka PANGERAN. Seungseureudan teh enjing tangtos nyingkah ti gamparan, ti para mantri sareng ti rahayat gamparan. Nanging gamparan ulah cidra deui, ulah ngahalang-halang kaula iang ngabakti ka PANGERAN."

30

Musa angkat ti raja tuluy neneda ka PANGERAN.

31

Paneda ku PANGERAN dimakbul. Seungseureudan teh nyalingkir ti raja, ti para mantri, jeung ti rahayat, taya deui anu kari.

32

Tapi ayeuna ge eta raja teh neuaskeun manah deui bae, teu kersaeun ngidinan iang.

Link: