:

Daniel 6

1

Darius mutuskeun ngangkat saratus dua puluh gupernur, pikeun nyangking pamarentahan sakuliah karajaan.

2

Ari Daniel, jeung duaan deui, ku anjeunna diangkat jadi pangawas para gupernur, sarta kudu nalingakeun kapentingan raja.

3

Daniel jol-jol katangen leuwih parigel ngajalankeunana tugas, ti batan dua pangawas lianna kitu deui ti para gupernur. Ku lantaran kacida nyongcolangna, raja aya kersana rek ngangkat anjeunna sina nyangking sakabeh urusan nagara.

4

Pangawas nu duaan deui tea sakait jeung para gupernur, neangan kasalahan Daniel dina hal ngolah urusan karajaan. Tapi teu manggih-manggih, kawantu anjeunna jalma satuhu, taya codekana jeung jujur.

5

Ceuk nu sakait, "Moal manggih pisababeun geusan ngelakkeun Daniel, salian tina hal-hal anu patali jeung agamana."

6

Ti dinya maranehna ngadareuheus ka raja, arunjukan kieu, "Mugia Kangjeng Raja Darius wilujeng sapapanjangna!

7

Abdi sadaya, anu dipercanten ngurus karajaan Gusti, para pangawas, para gupernur, para wakil gupernur sareng para pajabat sanesna, seja nyanggakeun pirempag, manawi Gusti kersa ngaluarkeun parentah anu wajib diestokeun. Ungelna, di lebet tilu puluh dinten teu kenging aya anu nyuhunkeun naon-naon, boh ka dewa mana bae, boh ka papada manusa, lintang ka Kangjeng Raja. Anu ngalanggar ieu parentah, kedah dilebetkeun ka guha singa.

8

Mugi Kangjeng Raja ngaluarkeun eta serat parentah sareng ditawis, jadi undang-undang Media sareng Persia anu moal robah deui."

9

Raja Darius tuluy nanda eta surat parentah.

10

Daniel uningaeun yen aya parentah kitu tur enggeus sah. Anjeunna mulih ka bumina, terus lebet ka kamar di loteng, anu jandela-jandelana nyanghareup ka Yerusalem. Brek anjeunna sujud mayun kana jandela-jandela anu maruka, neneda ka Allah, sakumaha sasari sok tilu kali dina sapoe-sapoena.

11

Barang musuh-musuh Daniel nyarahoeun yen anjeunna keur neneda ka Allah,

12

tuluy ngadareuheus ka raja, ngadukeun. Piunjukna, "Kangjeng Raja parantos ngaluarkeun parentah, anu ngalarang jalmi-jalmi teu kenging nyuhunkeun naon-naon, boh ka dewa mana bae, boh ka papada manusa, di lebet tilu puluh dinten, kajabi ti ka Kangjeng Raja. Anu ngalanggar baris dilebetkeun ka guha singa." Waler raja, "Enya. Larangan keras. Dikukuhkeun ku undang-undang Media jeung Persia anu moal robah deui."

13

Piunjuk maranehna deui, "Unjuk uninga. Daniel, salah sawios tawanan ti nagri Yuda tea, parantos teu ngendahkeun eta parentah. Manehna angger neneda ka Allahna, sapertos sasari, tilu kali sadintenna."

14

Barang diuningaan kitu, raja jadi pohara ngarenjagna. Tuluy sakedah polah milari jalan keur ngabelaan Daniel. Milarina pijalaneun nepi ka surup panonpoe.

15

Jelema-jelema tea ngadareuheus deui ka raja sarta arunjukan, "Kangjeng Raja langkung tingali, numutkeun undang-undang Media sareng Persia, parentah Raja anu parantos dikaluarkeun, moal robah deui."

16

Tungtungna raja nimbalan supaya Daniel ditangkep, terus digebruskeun kana guha singa. Ari anjeunna ngalahir ka Daniel, "Mugi-mugi anjeun sing disalametkeun ku Allah, anu ku anjeun disembah kalawan satuhu."

17

Lawang guha singana terus ditutup ku batu, sarta batuna dicap ku cingcin raja jeung cingcin cap para gegeden, supaya ulah aya nu bisa nulungan ka Daniel.

18

Geus kitu raja mulih ka karaton, sarta peutingna teu iasa kulem, teu kersa tuang, teu kersa ngadangukeun tatabeuhan.

19

Rebun-rebun keneh anjeunna geus gugah, gusak-gasik ngabujeng ka guha.

20

Sasumpingna terus celak-celuk bari degdegan manahna, saurna, "Daniel, abdi Allah nu jumeneng! Kumaha Allah, anu ku anjeun disembah kalawan satuhu, kersaeun nyalametkeun anjeun tina pangreweg singa?"

21

Daniel ngawaler, "Mugia Kangjeng Raja wilujeng sapapaosna!

22

Allah parantos ngutus malaikat-Na ngabekem sungut-sungut singa dugi ka teu tiasa kua-kieu ka abdi Gusti. Mantenna kersa maparin pitulung, wireh uningaeun yen abdi teu gaduh dosa, sareng ka Gusti ge henteu gaduh kaluluputan, nun Kangjeng Raja."

23

Raja kacida bingaheunana. Tuluy nimbalan sangkan Daniel dikaluarkeun ti jero guha singa. Tuluy Daniel dikaluarkeun, sarta tetela salirana teu cecel teu bocel, lantaran pageuh ngandel ka Allah.

24

Geus kitu raja marentah, sangkan jelema-jelema anu ngadukeun Daniel tea ditangkep, tuluy digebrus-gebruskeun kana guha singa tea, malah katut saanak pamajikanana. Memeh nepi ka dasar guha oge enggeus digabrugan, tulang-tulangna raremuk.

25

Geus kitu Raja Darius ngadamel surat ka rahayat, sagala bangsa, seler-seler bangsa jeung basa-basa di dunya. Kieu ungelna: "Salam!

26

Kami marentahkeun, sangkan di sakuliah karajaan kami, unggal jelema kudu neundeun kasieun jeung ngahormat ka Allahna Daniel! Anjeunna teh Allah anu jumeneng, tur baris kawasa salalanggengna. Karajaana-Na moal beunang ditumpur. Kakawasaana-Na hamo aya sudana.

27

Anjeunna kawasa nulung jeung ngajait. mintonkeun kaajaiban jeung kaahengan di sawarga jeung di bumi. Anjeunna geus ngaluputkeun Daniel ti singa-singa."

28

Ari Daniel terus lulus mulus sapanjang pamarentahan Darius, kitu deui sapanjang pamarentahan Raja Kores urang Persia.

Link: