:

Daniel 7

1

Dina taun kahiji Belsyasar jumeneng raja di Babul, dina hiji peuting kaula meunang impian jeung hiji tetenjoan. Eta impian ku kaula dituliskeun, sarta ieu laporanana

2

hal tetenjoan kaula peuting harita: Angin ngagelebug ti unggal juru, niup ka sagara nepi ka sagara motah.

3

Pecenghul ti jero sagara aya nu unggah, opat rupa sato raksasa, bangunna beda-beda.

4

Nu kahiji siga singa, tapi jangjangan siga jangjang galudra. Sabot ku kaula diawas-awas, jangjangna laleupasan sarta eta sato kaangkat tina taneuh, terus sina nangtung ajeg, kawas jelema, tuluy diasupan akal manusa.

5

Sato nu kadua siga biruang, nangtung ku suku tukangna. Huntuna ngegel tilu tulang iga. Tuluy aya sora ngomong ka eta sato, pokna, "Sing jongjon, pek hakanan daging masing seubeuh!"

6

Sabot ngawas-ngawas anu eta, bijil deui sato sejen. Rupana siga meong tutul, tapi dina tonggongna aya jangjangna opat, siga jangjang manuk. Eta sato huluna opat sarta semu kacida gagahna.

7

Sabot kaula keur ngawaskeun, pecenghul sato anu kaopat. Rongkah, pikagilaeun, matak gimir. Mamangsanna remuk ku huntuna nu galede tina beusi, tuluy diidek-idek ku sukuna. Eta sato aya leuwihna ti anu tilu, tandukna aya sapuluh.

8

Sabot eta tanduk ditelek-telek, bijil tandukna hiji deui, leutik, bijilna di tengah-tengah nu sapuluh, bari ngarungkadkeun tilu tanduk anu geus aya ti heula. Tanduk anu leutik teh aya mataan, siga panon manusa, jeung aya sungutan. Sungutna susumbar.

9

Sabot kaula keur ngawas-ngawas, breh aya sababaraha tahta keur diteundeunan. Anu hiji dicalikan ku nu geus sepuh pisan, anggoanana bodas kawas salju, rambutna bodas lir bulu domba. Ari tahta-Na make kikiping tina seuneu hurung anu ngagedag-gedag.

10

Ari seuneuna datangna ngocor tina tahta tea. Aya mangrebu-rebu jelema anu ngalaladenan ka Mantenna, sarta jutaan anu rajeg narangtung di payuneuna-Na. Geus kitu sidang pangadilan dimimitian, kitab-kitab dibuka.

11

Sabot kaula ngawas-ngawas, tanduk leutik tea masih kadenge susumbar nyombongkeun maneh. Barang dilieuk, sato anu kaopat teh geus dipaehan, ari awakna dibalangkeun kana seuneu, diduruk nepi ka beak.

12

Sato anu tilu deui tanagana geus dilumpuh-lumpuhkeun, tapi meunang keneh hirup sawatara lilana.

13

Dina tetenjoan kaula peuting eta, kaula nenjo aya nu sumping dikuribeng ku mega, rupana sarupa jeung manusa, nyampeurkeun ka kaula, terus nyaketan ka Mantenna anu jumeneng langgeng sarta tuluy dikenalkeun ka Mantenna.

14

Ti dinya anjeunna dipaparin kawasa, kahormatan jeung pangkat raja, sangkan disembah ku sakabeh bangsa, sakabeh seler bangsa, sabasana-sabasana. Kakawasaanana baris langgeng, karajaanana moal aya anggeusna.

15

Kaula bingung ku eta tetenjoan, hate ngarasa teu jongjon.

16

Ti dinya kaula ngadeukeutan salah saurang ti nu keur narangtung di dinya, tuluy menta katerangan tina hal eta. Anjeunna kersaeun nerangkeun.

17

Saurna, "Eta sato-sato galede nu opat, nuduhkeun opat karajaan anu pingadegeun di bumi.

18

Tapi umat Allah Nu Maha Agung baris dipaparin kakawasaan pikeun nyangking eta karajaan-karajaan salalanggengna."

19

Saterusna kaula hayang terang naon hartina sato anu kaopat, anu beda ti nu tilu, sato anu matak gimir, anu huntuna beusi, kukuna tambaga, nu nyasaak jeung ngidek-ngidek mamangsanna tea.

20

Kitu deui tina hal tandukna anu sapuluh, jeung tandukna nu hiji deui, anu bijilna pandeuri bari mugurkeun tilu tanduk sejenna, anu mataan jeung sungutan bisa susumbar, anu leuwih matak gimir ti nu sejenna.

21

Tapi sabot ku kaula keur diawaskeun, eta tanduk teh merangan ka umat Allah, malah bisa ngelehkeun.

22

Ti dinya sumping Mantenna nu jumeneng langgeng, tuluy mutuskeun yen umat Allah Nu Maha Agung anu bener. Mangsana geus cunduk umat Allah nampa kawasa pikeun marentah.

23

Tina perkara eta, kaula dibere katerangan kieu: "Sato anu kaopat, nuduhkeun karajaan nu kaopat, anu beda ti karajaan-karajaan sejenna. Eta karajaan baris ngagempur jeung ngidek-ngidek sakuliah dunya.

24

Tanduk anu sapuluh, nuduhkeun sapuluh raja anu marentah eta karajaan. Geus kitu aya deui hiji raja, beda ti nu tihareula, sarta bakal ngagulingkeun tilu raja.

25

Eta baris nangtang ka Allah Nu Maha Agung, sarta nindes ka umat Allah. Jeung baris tarekah ngarobah hukum-hukum agama jeung pesta-pesta kaagamaan umat Allah. Tilu satengah taun lilana, umat Allah aya dina genggemanana.

26

Geus kitu pangadilan sawarga nibankeun putusan, kakawasaan eta raja dirorod, tuluy ditumpur sama sakali.

27

Ari kakawasaan jeung kaagungan sakabeh karajaan di bumi, baris diselehkeun ka umat Allah Nu Maha Agung. Ari kakawasaan karajaanana moal aya tungtungna, sarta kapala-kapala nagara di sajagat baris ngabakti sarta aranut ka maranehna."

28

Ieu laporan anggeus nepi ka dieu. Kaula ngarasa sieun kabina-bina, nepi ka beungeut kaula pias. Eta kabeh ku kaula disidem di jero hate.

Link: