:

Daniel 9

1

Darius, putra Ahasweros, bangsa Media, jumeneng raja nyangking karajaan Babul.

2

Dina taun kahiji sanggeusna anjeunna jeneng raja, kaula ngulik kitab-kitab agama, sarta mikiran Yerusalem anu geus diramal baris pijadieun ruruntuk tujuh puluh taun, sakumaha pangandika PANGERAN ka Nabi Yermia tea.

3

Kaula jumerit ka Gusti Allah, sasambat, puasa, make papakean karung, diuk dina lebu.

4

Sagala dosa bangsa kaula diunjukkeun ka PANGERAN, Allah panutan kaula. Kieu piunjuk kaula, "Nun Allah, Gusti Nu Agung! Abdi sadaya hormat ka Gusti. Gusti tigin kana jangji, satia asih ka nu nyaraah ka Gusti, tur ngestokeun kana sugri timbalan Gusti.

5

Abdi sadaya rumaos dosa, jahat, lepat lampah. Parantos mungpang kana timbalan, baha kana aturan-aturan Gusti anu leres.

6

Teu ngagarugu kana pisaur para abdi Gusti, nabi-nabi nu ngadongkapkeun timbalan-timbalan Gusti ka abdi sadaya, ka raja-raja, ka kapala-kapala, ka karuhun-karuhun, ka sakumna bangsa.

7

Gusti teh nun Pangeran, salamina bener tur adil, sawangsulna abdi-abdi, tingkah laku mung nungtun kana kahinaan sorangan. Sapertos nu buktos ayeuna, nu kaalaman ku abdi-abdi, boh nu di Yudea, boh nu di Yerusalem, boh sabangsa Israil anu ku Gusti dipabalencarkeun di nagri-nagri nu tebih nu caket, lantaran teu satia ka Gusti.

8

Raja-raja, kapala-kapala, sareng karuhun-karuhun abdi sadaya lampahna ngerakeun, doraka bae ka Gusti, nun Pangeran.

9

Nanging sanaos abdi-abdi ngalawan, Gusti henteu weleh mikawelas, henteu weleh ngahapunten.

10

Ditimbalan kedah hirup numutkeun hukum anu didongkapkeun ku para abdi Gusti nabi-nabi, abdi-abdi teu ngagugu bae.

11

Rumaos, bangsa Israil parantos sami ngarempak papakon Gusti. Sugri timbalan Gusti teu aya anu diturut. Abdi-abdi parantos milampah dosa, nu mawi ku Gusti dikeunaan panyapa ti nu kaserat dina Hukum Musa, abdi Gusti tea.

12

Gusti ngabuktoskeun timbalan anu ditimbalkeun ka abdi-abdi sareng ka pamingpin-pamingpin. Yerusalem ku Gusti dihukum, langkung abot ti batan hukuman ka kota-kota sanesna di dunya.

13

Sagala rupi hukuman anu diserat dina Hukum Musa, ditibankeun sadayana ka abdi-abdi. Nanging dugi ka wangkid ieu, nun PANGERAN Allah abdi sadaya, abdi-abdi embung keneh bae ngabingahkeun manah Gusti, embung tobat, embung ngalakonan anu bener ti Gusti.

14

Nun PANGERAN, Allah abdi sadaya, Gusti parantos ngahukum abdi sadaya ku hukuman anu ku Gusti parantos disayagikeun, ku margi henteu nurut ka Gusti, sareng ku margi Gusti mah salamina oge midamel anu leres.

15

Nun Gusti, Allah abdi sadaya! Gusti parantos mintonkeun kakawasaan, ngabudalkeun umat Gusti ti Mesir. Eta kakawasaan Gusti kapieling dongkap ka kiwari. Abdi-abdi rumaos parantos dosa, rumaos parantos lepat.

16

Jaman kapungkur Gusti ngabelaan ka abdi-abdi, ku margi kitu mugi ulah kateterasan ngabenduan Yerusalem, kota kagungan Gusti, gunung suci Gusti. Ku karana dosa abdi-abdi sareng ku karana kajahatan karuhun abdi-abdi, Yerusalem sareng umat Gusti dongkap ka dihina-hina ku nagri-nagri tatangga.

17

Nun Allah, dangukeun paneda sareng panyambat abdi. Bait Gusti anu parantos rugrug mugi diadegkeun deui, pulihkeun deui, supados jalmi-jalmi tarerang yen Gusti teh Allah.

18

Dangukeun nun Allah. Tingali abdi sadaya. Tingali kasangsaraan abdi sadaya sareng kasangsaraanana kota anu nganggo jenengan Gusti. Ieu sadaya wantun kapiunjuk, sanes ku margi abdi-abdi parantos bener kalakuan, mung ku jalaran Gusti teh welas asih.

19

Nun Gusti dangukeun. Mugi kersa ngahapunten. Panyambat mugi dimakbul, supados jalmi-jalmi tarerang yen Gusti teh Allah. Mugi ulah dilamikeun deui, margi eta kota sareng bangsa teh kagungan Gusti."

20

Kaula terus keneh neneda, ngakukeun dosa sorangan jeung dosa bangsa kaula, Israil. Jeung nyuhunkeun mugi PANGERAN Allah kaula kersa ngadegkeun deui Bait Allah, gedong-Na nu suci.

21

Sabot kaula keur neneda, Jabrail anu kungsi katenjo dina tetenjoan nu ti heula, lungsur ngalayang ka lebah kaula. Harita teh geus waktuna ngahaturkeun kurban peuting.

22

Anjeunna ngalahir, "Daniel, kami datang seja nulung, supaya maneh nyaho harti eta ramalan.

23

Waktu maneh mimiti prak neneda, Allah geus ngawaler, Mantenna nyaah ka maneh. Ku sabab eta kami ka dieu, rek nepikeun walerana-Na. Ieu regepkeun pertelaan hal tetenjoan maneh tea.

24

Tujuh kali tujuh puluh taun enggeus dipatok ku Allah, pililaeunana mangsa geusan ngabebaskeun bangsa maneh jeung kota suci tina dosa jeung kajahatanana. Dosana baris dihampura. Kaadilan langgeng baris ngadeg, eta tetenjoan kitu deui piwejang nabi-nabi tea bakal bukti, sarta Bait Allah anu suci dibaktikeun deui ka Pangeran.

25

Catet jeung pahamkeun ku maneh: Ti semet kaluar parentah ngawangun deui Yerusalem, nepi ka aya hiji pamingpin anu dipilih ku Allah, lilana teh tujuh kali tujuh taun. Ti dinya Yerusalem baris diadegkeun deui jeung jalan-jalanna katut benteng-bentengna anu tohaga. Piumureunana tujuh kali genep puluh dua taun, tapi eta jaman teh pinuh ku kasusahan.

26

Sanggeus tutup mangsa eta, pamingpin pilihan Allah tea bakal aya nu maehan kalawan taya salahna. Kota jeung Bait Allah baris dibasmi deui, ditempuh ku balad hiji raja gagah. Eta mangsa nu panutup datangna lir banjir anu ngadatangkeun peperangan jeung karuksakan, anu geus dirarancang ku Allah.

27

Eta raja bakal ngayakeun perjangjian anu teguh jeung jalma loba. Kaayaan kitu lilana tujuh taun. Tapi sanggeus eta waktu kajalanan satengahna, eta raja teh bakal ngeureunkeun sagala kurban jeung pangbakti ka Pangeran. Hiji lambang anu pikasieuneun anu disebutna si Pikasieuneun, baris dipasang di puncak Bait Allah, sarta tetep ayana di dinya, nepi ka jelema anu masangkeunana nepi kana ahir ajalna, anu geus ditangtukeun ku Allah."

Link: