Daniel 8
Dina katilu taunna Belsyasar jumeneng raja, kaula meunang tetenjoan anu kadua.
Dina eta tetenjoan, kaula ujug-ujug geus aya di jero kota Susan anu dikurilingan ku kuta, di propinsi Elam, nangtung di sisi Walungan Ulay.
Di sisi eta walungan aya hiji domba jalu, tandukna dua paranjang, nu hiji leuwih panjang ti nu hiji deui.
Eta domba, tandukna ngagadil ka kulon, ka kaler, jeung ka kidul. Sato-sato sejenna taya nu tagen, jeung taya nu bisa luput tina paneunggarna. Petana sakarep-karep, jeung ieu aing.
Sabot kaula heran mikiran pihartieunana, aya embe jalu ti kulon, lumpat tarik, sukuna mani teu napak kana taneuh. Tandukna hiji di antara matana, pohara wewegna.
Eta embe nyuruwuk satarikna nyampeurkeun ka domba jalu anu di sisi walungan tea,
sarta terus neunggar. Neunggarna bangun pohara ambekeunana, sataker tanaga, nepi ka tanduk eta domba jalu teh pingges duanana. Eta domba henteu kuat ngalawan, ngagulitik terus dileyek, taya nu bisaeun nulungan.
Eta embe beuki lila beuki ngajago. Tapi dina keur bebedasna, tandukna pugur. Tina urutna bijil deui opat tanduk nu aneh, masing-masing nyanghareupna beda jihat.
Tina salah sahiji tanduk nu opat tea, bijil deui hiji tanduk leutik. Kakawasaan ieu tanduk beuki ngalegaan, ka beulah kidul, ka beulah wetan, jeung ka Tanah Perjangjian.
Tanagana tambah kuat, mahi keur nempuh balad langit, nya eta bentang-bentang, nepi ka loba anu maruragan ka bumi, tuluy dileyek.
Seug nangtang ka Panglima tentara langit. Kurban, anu biasana tara petot-petot disanggakeun ka anjeunna, ku eta dieuweuhkeun, Bait Allah diburak-barik.
Sanggeus kitu jalma-jalma teh ti batan nyaranggakeun kurban anu geus diwajibkeun, kalah ka nyarieun dosa, ibadah anu bener dipiceun dikataneuhkeun. Pamaksudan eta tanduk, kitu jadi, kieu jadi.
Geus kitu kadenge aya hiji malaikat nanya ka nu hiji deui, "Sabaraha pililaeunana hal-hal nu tembong dina eta tetenjoan teh? Rek sabaraha lilana kurban-kurban suci anu biasana kasanggakeun unggal poe kasilih ku dosa sakitu gedena? Sabaraha pililaeunana balad sawarga jeung Bait Allah diidek-idek?"
Malaikat nu hiji deui ngajawab, "Pililaeunana sarebu saratus lima puluh poe. Wanci sore, atawa isuk-isuk, moal aya nu nyanggakeun kurban. Geus kitu, kakara Bait Allah baris dipulihkeun deui."
Sabot kaula nyoba-nyoba ngahartikeun eta tetenjoan, ujug-ujug aya nu siga jelema nangtung di hareupeun.
Geus kitu aya soara cumeluk ti peuntaseun Walungan Ulay, pokna, "Jabrail! Tetelakeun ka manehna harti tetenjoanana."
Jabrail majeng tuluy ngadeg di gigireun kaula. Awahing ku sieun, bruk kaula sujud. Jabrail ngalahir, "He manusa sipat fana, maneh masing nyaho hartina! Eta tetenjoan ngagambarkeun panungtungan dunya."
Sabot anjeunna sasauran, leng kaula katuralengan terus rubuh. Tapi ku anjeunna dicepeng sarta dihudangkeun.
Anjeunna ngalahir, "Kami rek mere nyaho pibalukareun tina bendu-Na Allah. Eta tetenjoan teh nuduhkeun waktu panungtungan.
Domba jalu nu katenjo ku maneh, nu tandukna dua, ngibaratkeun karajaan-karajaan Media jeung Persia.
Embe jalu ngibaratkeun karajaan Yunani; tandukna nu weweg antara matana, nuduhkeun raja nu kahiji.
Tanduk opat anu bijilna sanggeus tanduk nu kahiji tea coplok, nuduhkeun timbulna opat karajaan, pecahan ti eta bangsa. Kakuatan masing-masing sahandapeun karajaan nu kahiji.
Sanggeus eta karajaan-karajaan tereh kana mangsana leungit, sarta kajahatanana beuki tambah, geus pasti baris dihukum. Sanggeus kitu tuluy ngadeg hiji raja anu tabeatna heuras, jahat, pinuh ku tipu daya.
Kakuatanana beuki rongkah, tapi lain kakuatan bawana sorangan. Eta raja baris ngajalankeun panumpesan anu pohara pikasieuneunana, tur sagala karepna ngajadi. Jalma-jalma anu garagah, nya kitu deui umat Allah, ku maneh bakal ditumpes.
Ku tina kapelitanana, sagala tipu dayana hasil. Seug manehna ngagulkeun maneh. Loba pisan jelema anu dibokong tuluy dibinasa ku manehna. Malah eta raja baris wani nangtang ka raja nu pangagungna, Rajaning raja-raja, tapi manehna anu bakal binasa. Binasana lain ku kakuatan manusa.
Eta tetenjoan ngeunaan kurban peuting jeung isuk-isuk anu geus diterangkeun ka maneh teh pasti baris kajadian. Tapi hal ieu ku maneh kudu dirahasiakeun heula, lantaran pijadieunana lila keneh."
Bawaning ku beurat mikiran eta, kaula nepi ka gering meunang sababaraha poe. Sanggeus cageur, tuluy digawe deui, ngalakonan papancen ti raja sakumaha sasari. Tapi hate teu daek tengtrem, mikiran eta tetenjoan anu weleh teu kaharti bae.