Hakim-hakim 15
Heuleut sawatara waktu, keur usum dibuat gandum, Simson angkat seja mendakan garwana, nyandak anak embe. Ari saurna ka rama garwana, "Abdi bade ka pangkeng pun bojo." Tapi ku eta dihalangan,
pokna, "Sugan teh enya hidep geus teu suka ka anak Bapa, anu matak ku Bapa teh dibikeun ka batur hidep keneh. Tapi aya adina, leuwih geulis. Pek eta keur hidep, gagantina."
Saur Simson, "Ayeuna mah, lamun abdi nyieun kitu nyieun kieu ka urang Pelisti, geus lain salah abdi deui."
Bral bae angkat, tuluy newakan ajag meunang tilu ratus siki, seug ditalian dua-dua, buntutna dikantetkeun. Lebah patumbuna diteundeunan obor.
Oborna diseungeutan, tuluy ajagna dikencar-kencarkeun ka pibuateun urang Pelisti. Ku lantaran kitu, anu kahuru teh lain ngan gandum anu geus ditumpuk bae, anu acan dipibuatan oge kahuru, malah kebon jetunna oge milu kahuruan.
Sanggeus ku urang Pelisti disusud saha anu boga gawe, kanyahoan yen ku Simson, dumeh garwana ku mertuana, urang Timna tea, dibikeun ka rerencanganana. Seug eta wanita teh ku urang Pelisti diduruk, imah bapana oge dihuru.
Saur Simson ka maranehanana, "Kitu kutan peta maraneh! Aing sumpah, moal waka eureun sapanjang can bisa ngabales!"
Der anjeunna narajang rosa pisan, nepi ka kacida lobana urang Pelisti anu paraeh. Geus kitu anjeunna angkat, terus calik di hiji guha cadas di Etam.
Geus kitu urang Pelisti arindit, nyieun pakemahan di Yuda, tuluy narajang kota Lehi.
Urang Yuda daratang nanyakeun, "Ku naon narajang ka dieu?" Jawabna, "Arek ngabarogod Simson, rek dibales sakumaha kalakuanana ka kami."
Seug tilu rebu urang Yuda arindit ka guha cadas di Etam, kieu pokna ka Simson, "Na teu uninga yen urang Pelisti teh dunungan urang? Ku naon anjeun nyusahkeun ka kuring?" Waler Simson, "Kuring mah sakadar ngabales kana kalakuan maranehanana."
Ceuk urang Yuda, "Kuring ka dieu teh arek ngabarogod anjeun, rek diserenkeun ka urang Pelisti." Saur Simson, "Tapi aranjeun kudu sumpah, yen aranjeun pribadi mah moal maehan ka kuring."
Tembal maranehanana, "Ngan seja ngabarogod wungkul, tuluy dipasrahkeun ka urang Pelisti. Paliyas teuing maehan mah." Ti dinya Simson dibarogod ku dua tambang anu weuteuh keneh, tuluy diiringkeun ti dinya.
Barang sumping ka Lehi, anjeunna ku urang Pelisti dipapag ku surak bari diburu. Saharita keneh anjeunna kasumpingan kakawasaan PANGERAN, ngadak-ngadak tanagana jadi rongkah. Tali anu ngabarogod pananganana dipegatkeun, kawas megatkeun benang tutung kabeuleum bae.
Beh anjeunna mendak tulang cacapek kalde baseuh keneh, top dipulung, tuluy dianggo ngababukan urang Pelisti, nepi ka aya sarebu urang anu paraeh ku eta.
Geus kitu Simson ngawih, "Ku tulang cacapek kalde sapotong, kami maehan sarebu jalma. Ku tulang cacapek kalde sapotong, kami numpukkeun bangke-bangkena."
Sanggeus ngahariring, lung cacapek kalde teh dialungkeun. Ari tempat kajadianana disebutna Ramat Lehi.
Geus kitu Simson ngaraos pohara halabhabna, seug sasambat ka PANGERAN, "Abdi ku Anjeun parantos dikersakeun sakitu unggulna. Dupi ayeuna, naha abdi teh kedah maot ku bawaning halabhab, sareng kedah beunang ku urang Pelisti, bangsa anu henteu disunatan?"
Lajeng Allah di Lehi muka liang handapeun cadas, seug aya cai bijil ti dinya. Regot Simson ngaleueut, salirana karaos seger meueusan. Eta cinyusu dingaranan Hakor, nu tetep aya di Lehi tepi ka ayeuna.
Lilana Simson jeneng hakim di Israil dua puluh taun, nya eta jaman tanah Israil dijajah ku urang Pelisti.