Hakim-hakim 14
Dina hiji poe Simson angkat, mudun ka Timna. Di dinya anjeunna ningali hiji mojang urang Pelisti.
Ari mulih terus wawartos ka ibu ramana, "Di lebak, di Timna, abdi kapincut ku hiji mojang urang Pelisti. Nyuhunkeun dipanglamarkeun, bade ditikah."
Ceuk ibu ramana, "Ku naon hayang bojoan ka urang Pelisti, bangsa nu teu disunat? Na di golongan urang, di bangsa urang, geus teu manggih pibojoeun?" Tapi waler Simson, "Abdi mah keukeuh hayang ka manehna, mugi dipanglamarkeun. Ka dinya kasuka abdi."
Sepuhna teu terangeun, yen eta kapalay Simson teh geus kitu dikersakeunana ku PANGERAN, sabab PANGERAN keur milari jalan keur merangan urang Pelisti. Harita urang Pelisti teh ngajajah ka Israil.
Ti dinya Simson mudun ka Timna jeung ibu ramana. Barang geus araya di hiji kebon anggur, anjeunna ngadangu sora singa ngagaur.
Ku kakawasaan PANGERAN, Simson ngadak-ngadak jadi bedas. Singa teh ditongtak ku pananganana bae tuluy disasaak kawas ka anak embe bae. Tapi anjeunna teu wawartos ka ibu ramana mah.
Ti dinya Simson angkat nepangan mojang tea sarta cacarios jeung eta. Simson resepeun ka eta mojang.
Heuleut sawatara poe ti harita, Simson ka ditu deui seja nikah. Di tengah jalan anjeunna nyimpang heula ningalian singa anu kamari ieu dipaehan ku anjeunna. Anjeunna melengek, dina bangke singa teh aya sayang nyiruan tur geus aya maduna.
Seug maduna dikeduk kana dampal panangan, tuluy dituang bari angkat. Anjeunna terus nepangan ibu ramana, masihkeun eta madu sawareh ka aranjeunna sarta ku aranjeunna eta madu teh dituang. Tapi ku Simson teu dicarioskeun yen eta madu teh kenging nyandak tina bangke singa.
Sanggeus ramana angkat ka imah mojang tea, Simson ngadamel pesta di dinya, lantaran geus kitu kabiasaanana barudak ngora.
Barang urang Pelisti nyarahoeun, seug ngajurung tilu puluh nonoman sina ngarencangan ka anjeunna.
Simson misaur ka maranehanana, "Aya tarucing. Lamun kateguh, aranjeun masing-masing baris meunang lawon anu lemes salambar jeung papakean anu alus keur pisalin. Kudu kateguh memeh poe katujuh sabada ieu pesta nikah. Lamun teu kateguh, aranjeun anu kudu mere ka kuring lawon lemes jeung baju nu alus sasetel." Ari ceuk maranehanana, "Jadi! Kumaha tarucingna?"
(14:12)
Saurna, "Ti nu dahar bijil kadaharan, ti nu bedas bijil nu amis." Geus tilu poe eta tarucing acan kateguh.
Dina poe kaopatna maranehna daratang ka geureuha Simson, aromongna, "Cik salaki maneh olo sina ngabejakeun eusi tatarucingan tea. Lamun maneh henteu nurut, engke imah bapa maneh rek dihuru, maneh oge rek diduruk sakalian. Maraneh ngondang kami teh ngarah kami beunang dirampog, lain?"
Seug garwana nepangan ka anjeunna, unjukan bari rambay cipanon, "Akang mah teu nyaah ka abdi, ngewa ka abdi teh! Akang mere tarucing ka rerencangan, abdi teu dipasihan terang eusina!" Ari walerna, "Nyai, cacakan ka indung bapa sorangan ku Akang teu dibejakeun. Piraku ari ka Nyai kudu?"
Garwana ceurik bae salila pesta nikahna anu tujuh poe tea. Dina poe anu katujuh, ku sabab kacida dipaksana ku garwa, eusi tarucing teh diwartoskeun. Ku garwana tuluy dibejakeun ka urang Pelisti.
Dina poe katujuhna memeh Simson lebet ka pangkuleman, urang dinya ngaromong kieu ka anjeunna, "Naon nu leuwih amis ti batan madu? Naon nu leuwih bedas ti batan singa?" Waler Simson, "Lamun ngawulukuna lain ku sapi kuring anu bikang, pamohalan ku aranjeun bisa kateguh."
Ku kakawasaan PANGERAN, harita anjeunna jadi ngadak-ngadak bedas. Gejlig angkat, mudun ka Askelon, tuluy maehan tilu puluh jelema di dinya, papakeanana nu aralus dirangsadan, diselehkeun ka jelema-jelema anu neguh tarucing. Geus kitu mulih bari jengkel ku nu enggeus kajadian.
Ari garwana ku mertuana dibikeun ka hiji jelema anu ngagendeng anjeunna waktu nikah tea.