Aya hiji jelema urang pagunungan Epraim, ngaranna Mika.
2
Manehna ngomong ka indungna, "Abdi nguping Ema sasauran. Saur Ema, bangsat anu maling sarebu saratus uang perak teh sing kasapa. Ema, tingali, ieu artos teh, abdi anu ngabantunna." Walon indungna, "Anaking, muga hidep meunang berkah ti PANGERAN."
3
Duit teh ku Mika dipulangkeun deui ka indungna. Ari ceuk indungna, "Pikeun ngajaga bisi anak sorangan kasapa, eta perak ku Ema diikrarkeun ka PANGERAN, urang pake ngalapis arca tina kai. Jadi ieu geblegan-geblegan perak teh ku Ema rek diserenkeun ka hidep."
4
Tapi ku Mika diserenkeun deui ka indungna. Top indungna nyokot dua ratus gebleg, tuluy diserenkeun ka hiji kamasan pikeun dipake ngalapis hiji arca tina kai. Sanggeus dilapis ku perak, arcana dipernahkeun di imah Mika.
5
Ieu jelema, Mika tea, boga tajug sorangan. Manehna nyieun deui arca sababaraha siki, jeung hiji epod. Seug salah saurang anakna ku manehna diangkat jadi imam.
6
Harita di Israil can aya raja. Saban jalma ngan nurutkeun rarasaanana sorangan bae.
7
Dina mangsa eta keneh, aya hiji jelema ngora keneh, bangsa Lewi, asal ti desa Betlehem wewengkon Yuda.
8
Lunta ti Betlehem, sejana neangan keur pamatuhan di mana bae manggihna. Satengahing perjalanan manehna datang ka imah Mika di pagunungan Epraim.
9
Ku Mika ditanya, "Nu ti mana, dulur?" Jawabna, "Sim kuring teh bangsa Lewi, ti Betlehem wewengkon Yuda, seja milari pangcicingan di mana bae nyangsangna."
10
Carek Mika, "Atuh di dieu bae sareng sim kuring, jadi juru nasehat sareng imam sim kuring. Bade digajih sataun sapuluh uang perak, jaba pisalin saperluna, kitu deui bahan pangan."
11
Eta jajaka urang Lewi teh daekeun, tuluy cicing di Mika sarta dipianak.
12
Ku Mika diangkat jadi imam. Dipernahkeunana oge di imah Mika bae.
13
Ceuk Mika, "Ceuk pangrasa, ieu teh alamat hade ti PANGERAN, lantaran aing ayeuna geus boga imam ti kaom Lewi."