Hakim-hakim 18
Harita di Israil can aya raja. Mangsa eta, kaom Dan eukeur nareangan tanah akueun keur pamatuhanana, lantaran ti kaom-kaom Israil maranehanana mah acan kabagian tanah akuan.
Urang Dan nitahan lima jelema anu peryoga, beunang milih ti bangsana keneh, ti Sora jeung ti Estaol, dijurung alak-ilik neangan tanah. Sanggeus narepi ka pagunungan Epraim, maranehna mareuting di imah Mika.
Sabot kitu, maranehanana sidik pisan ngadenge aya lentong bangsa Lewi, seug didarongdon, ditanya, "Geuning aya di dieu, keur naon? Saha nu mawa ka dieu?"
Jawabna, "Di dieu dicandet ku Mika, digajih, dijieun imam anjeunna."
Ceuk maranehanana, "Cik atuh pangnaroskeun ka Allah, ieu lalampahan kuring teh baris hasil atawa moal."
Jawab eta imam, "Ulah salempang. Perjalanan aranjeun ditangtayungan ku PANGERAN."
Geus kitu anu limaan teh neruskeun lampahna, ti dinya jol ka desa Lais. Katembong ku maranehanana, yen urang dinya hirupna teh tengtrem-tingtrim, cara urang Sidon bae. Tabeatna rukun, teu laloba omong, tara cekcok, tur sagala kaperluan hirupna nyampak. Ari tempatna mencil jauh ti urang Sidon, jeung henteu pacorok jeung bangsa sejen.
Sanggeus nu limaan daratang deui ka Sora jeung Estaol, ku batur-batur salemburna pada nanya naon papanggihanana.
Jawabna, "Geura sadia-sadia, urang narajang ka Lais. Tanahna geus tetela hade pisan. Geuwat, ulah nganggur teu puguh di dieu. Gancang ka ditu rebut.
Geura engke kanyahoan di ditu, yen urang ditu sama sakali taya panyangkana naon-naon. Kota gede naker eta teh. Sagala rupa pangabutuh jelema aya di dinya, tur eta teh geus dipaparinkeun ku Allah, pikeun aranjeun."
Leut genep ratus urang kaom Dan arindit ti Sora jeung Estaol, samakta rek maju perang.
Geus naranjak, tuluy masang pakemahan di Kiryat Yarim wewengkon Yuda. Ku hal eta, tempatna nepi ka ayeuna katelah Pakemahan Dan.
Ti dinya lampahna kebat, jol ka pagunungan Epraim, ka imah Mika.
Jelema anu lima, anu geus nalungtik kota Lais sakurilingna, ngaromong pada batur, "Nyaho nya, di dieu di salah sahiji imah, aya arca anu dilapis perak? Arca-arca sejenna ge aya, malah aya epod sagala. Cik palikiran, kumaha ngakalanana?"
Ti dinya maranehanana ka imah Mika anu dicicingan ku jajaka urang Lewi tea, seug naranya ka dinya damang henteuna.
Sabot kitu, genep ratus perjurit Dan anu geus saged perang teh narangtung di lawang.
Mata-mata nu limaan nyulusup ka jero imah, nyokot arca kai anu dilapis ku perak, arca-arca lianna kitu deui epod. Ari imam tea mah aya di lawang, nangtung jeung perjurit-perjurit.
Barang anu limaan arasup ka jero imah Mika bari ngarawatan barang-barang anu disucikeun, imam teh nanyakeun, "Ku naon geuning kararitu?"
Ari tembalna, "Repeh, tong loba omong. Anggur ngilu, urang ka ditu, jadi imam jeung jurunasehat di ditu. Na teu hayang jadi imam sakabeh kaom Israil? Atawa mending jadi imam kulawargana jelema saurang?"
Imam teh jadi kacida atoheunana. Seug barang-barang anu disucikeun teh dicokotan, tuluy biluk ka maranehanana.
Ti dinya maranehanana mimiti arindit deui; ari barudakna, ingon-ingonna katut sagala kabogana ditempatkeunana di hareup.
Sanggeus meujeuhna jauhna ti imah Mika, Mika nyalukan tatangga-tatanggana diajak ngudag. Urang Dan kaudag,
tuluy digero-gero. Urang Dan maralik, nanya ka Mika, pokna, "Aya naon? Arek naon mawa balad?"
Mika nembal, "Make nanya aya naon! Imam kami, allah-allah kami beunang kami nyieun ku maraneh dibawa indit susulumputan! Cik naon bae anu dikarikeun?"
Urang Dan ngajarawab, "Anjeun leuwih hade ulah ngomong nanaon, kajaba lamun hayang nyaho ambekna ieu perjurit-perjurit; naha hayang ditarajang? Aranjeun katut sakabeh kulawarga, moal teu beak ditumpes."
Geus ngajawab kitu terus maraju deui. Kapikir ku Mika yen lain lawaneun, tuluy mundur, mulang ka imahna.
Sanggeus ngarebut imam jeung barang-barang buatan Mika, urang Dan terus narajang Lais, kota anu tengtrem-tingtrim, anu pangeusina rukun, anu keur jongjon-jongjon hirupna di eta lebak, Lebak Bet Rehob. Urang dinya beak diparaehan, kotana dihuru. Taya pisan anu nulungan, kawantu Lais teh tempatna jauh pisan ti Sidon, turug-turug urang dinyana tara pacorok jeung bangsa sejen. Eta kota ku urang Dan diadegkeun deui, sarta maranehanana terus maratuh di dinya.
(18:27)
Ngaran Lais diganti jadi Dan, ngalap ngaran karuhunna Dan, putra Yakub tea.
Ari arca tea ku urang Dan geus diperenahkeun baris disarembah. Seug maranehna ngangkat Yonatan bin Gersom putuna Musa, jadi imam kaom Dan, kitu deui turunan-turunanana oge jaradi imam maranehanana, nepi ka mangsa eta bangsa diboyong ku musuh.
Ari arca buatan Mika tea tetep aya di dinya, sapanjang Kemah paranti ngabakti ka Allah aya di Silo.