Hakim-hakim 7
Dina hiji poe, isuk-isuk Gidion sabaladna geus tarapti, tuluy masang kemah di sumber cai Harod. Ari urang Midian pakemahanana di hiji lebak kalereunana, di Pasir More.
Dawuhan PANGERAN ka Gidion, "Balad teh loba teuing. Kami moal nyelehkeun urang Midian ka maranehna. Bisi pajarkeun elehna teh ku maranehanana sorangan, ari Kami teu disebut-sebut.
Embarkeun kieu, ‘Anu ngarasa miris meunang balik, sesana baris tetep di dieu, di Gunung Gilad.’" Nu baralik aya dua puluh dua rebu urang, nu kari ngan sapuluh rebu urang.
Dawuhan PANGERAN ka Gidion, "Sakitu ge masih keneh loba teuing. Bawa ka cai, ku Kami rek dipilih di dinya nu baris tetep jeung maneh. Upama ceuk Kami tah nu eta meunang milu, meunang milu. Upama ceuk Kami teu meunang milu, teu meunang."
Gidion nyandak baladna ka cai. PANGERAN ngadawuh, "Anu ngarinumna diletak ku letah kawas anjing, pisahkeun ti nu ngarinumna bari dareku."
Aya tilu ratus urang anu nyedok cai ku dampal leungeunna terus diletakan; anu sejenna mah ngarinumna bari dareku.
Dawuhan PANGERAN, "Eta nu tilu ratus urang, anu ngarinumna diletak, ku Kami rek sina mantuan maneh pikeun ngelehkeun urang Midian. Nu sejenna sina baralik."
Maranehanana ku Gidion dipiwarang baralik, kajaba anu tilu ratus urang. Ari bekelna jeung tarompetna ti nu baralik tea dicokot. Di lebakeunana pakemahan urang Midian.
Peutingna PANGERAN nimbalan ka Gidion, "Geura pek rurug pakemahan musuh. Ku Kami rek diselehkeun ka maneh.
Bisi maneh hamham keneh, jig turun ka ditu jeung badega maneh si Pura.
Engke ku maneh kadenge kumaha omong-omonganana, tangtu wawanen maneh timbul geusan ngarurug." Ti dinya Gidion mudun jeung Pura, badegana, ka sisi pakemahan musuh.
Urang Midian, urang Amalek, jeung suku-suku bangsa gurun keusik, mani ngabarak saluluar lebak lir simeut lobana, nya kitu deui ontana, lobana lir keusik di basisir.
Barang sumping, Gidion ngadangu aya nu keur nyaritakeun impianana ka baturna, pokna, "Leuh kuring ngimpi, aya roti gandum ngagorolong ka lebah urang, jedak neunggar hiji kemah, bru kemahna rubuh mani rata jeung taneuh."
Jawab baturna, "Moal salah eta teh pedang Gidion bin Yoas urang Israil! Moal salah deui! Urang Midian jeung urang sarerea tangtu eleh, diselehkeun ka manehna ku PANGERAN!"
Ngadangu anu nyaritakeun impian kitu jeung pihartieunana, brek Gidion tapak deku, sembah bakti ka Allah. Tuluy mulih ka pangkalan Israil. Geus kitu saurna, "Geura sadia. Balad Midian tan wande diselehkeun ku PANGERAN ka aranjeun!"
Seug balad teh ku anjeunna dibagi tilu bagian, tiap perjurit mawa tarompet jeung kendi wadah obor.
Saurna deui, "Upama kami geus aya di tungtung pangkalan itu, awaskeun tuluy sapeta-peta kami tiru.
Upama gundukan kami niup tarompet, tembalan ku tarompet maraneh ti sakurilingeun pakemahan musuh, tuluy surak, ‘Demi PANGERAN jeung demi Gidion!’"
Memeh tengah peuting Gidion jeung saratus jalmana geus narepi ka sisi pakemahan musuh, meneran anu jaga di dinya kakara cikeneh digilir. Maranehna tuluy bareng nariup tarompet jeung mareupeuskeun kendi-kendi bawana tea.
Diturutan ku nu dua bagian deui. Obor-obor dicangking ku leungeun kenca, leungeun katuhu nyangking tarompet, ger surak, "Pedang demi PANGERAN jeung demi Gidion!"
Tiap perjurit nangtungna di tempat masing-masing sakurilingeun pakemahan musuhna. Musuh pating gurubug lalumpatan teu paruguh bari pating gorowok.
Sabot balad Gidion nariup tarompet, musuh ku PANGERAN disina silih babad pada baturna ku pedang. Tuluy maranehna kalabur nepi ka Bet Sita, tebeh Sartan, jeung nepi ka kota Abel Mehola deukeut Tabat.
Gancang urang Israil ti kaom Naptali, kaom Aser jeung dua kaom Menase dikeprak sina ngarudag urang Midian.
Jeung deui Gidion terus ngutus jelema sina ngider ka sakuliah daerah pagunungan Epraim nguwaran kieu, "Geura tarurun! Pegat urang Midian! Piheulaan ka Walungan Yordan jeung ka sumber-sumber cai nepi ka Bet Bara. Pegat urang Midian ulah nepi ka mareuntas." Urang Epraim kabeh dikeprak, tuluy maregat di Walungan Yordan jeung sumber-sumber cai nepi ka Bet Bara.
Maranehna bisa newak dua gegedug Midian, ngaranna Oreb jeung Seeb. Geus kitu Oreb dipaehan di Cadas Oreb, ari Seeb dipaehan di Pameresan Anggur Seeb. Ti dinya maju deui ngudag urang Midian. Sirah Oreb jeung Seeb dibawa sarta diserenkeun ka Gidion anu geus aya di Yordan peuntas wetan.