:

Hakim-hakim 6

1

Urang Israil daroraka deui ka PANGERAN. Seug ku Mantenna diselehkeun ka urang Midian, meunang tujuh taun.

2

Urang Midian kacida kumawasana ka urang Israil, nepi ka urang Israil nyararumput ka guha-guha atawa tempat-tempat di pasir anu kira-kira baris aman.

3

Saban urang Israil rek pepelakan, urang Midian daratang ngurutug jeung urang Amalek sarta jeung suku-suku bangsa gurun keusik.

4

Maranehna ngahaja nyarieun pakemahan di wewengkon Israil, seug ngagalaksak kana pepelakan urang Israil nepi ka Gasa di wewengkon kidul. Domba, sapi, kalde jeung naon bae tatali hurip urang Israil, ku maranehna teu aya nu dikarikeun.

5

Ana daratang mani nakleuk kawas simeut, jeung ingon-ingonna, malah marawa kemah sagala. Jelema jeung ontana geus lain itungeun ku loba-lobana, wungkul arek ngaruksak ka tanah urang Israil.

6

Urang Israil teu bisa nanaon.

7

Seug urang Israil sasambat ka PANGERAN, menta tulung hayang leupas ti urang Midian.

8

Lajeng PANGERAN ngutus hiji nabi, ngemban timbalan PANGERAN Allahna Israil, kieu, "Kami geus ngaluarkeun maraneh ti Mesir.

9

Geus ngaluputkeun maraneh ti urang Mesir, kitu deui ti jelema-jelema anu merangan ka maraneh di ieu tanah. Maranehna ku Kami geus diusir ti ieu tanah waktu ku maraneh diperangan, sarta tanahna ku Kami diserenkeun ka maraneh.

10

Dawuhan Kami, Kami teh PANGERAN Allah maraneh. Maraneh ulah nyembah ka aallahan urang Emor, anu tanahna ku maraneh di cicingan. Tapi maraneh henteu nurut ka Kami."

11

Geus kitu, sumping malaikat PANGERAN ka kota Opra, calik di handapeun tangkal kiara bogana Yoas ti kaom Abieser. Harita putra Yoas, Gidion, keur susulumputan ngirik gandum di tempat meres anggur, sieuneun kanyahoan ku urang Midian.

12

Malaikat PANGERAN teh nembongan ka anjeunna, sarta ngandika, "He nu gagah, PANGERAN nyarengan ka maneh!"

13

Mihatur Gidion, "Juragan, sim abdi unjuk tumaros. Upami yaktos PANGERAN nyarengan, geuning sim abdi dugi ka ngalaman kieu! Mana mujijat-mujijat Mantenna anu sok dicarioskeun ka sepuh-sepuh teh, anu majar pohara ajaibna waktos Mantenna ngaluarkeun aranjeunna ti Mesir! Ayeuna abdi sadaya ku PANGERAN diantep kieu, hirup kumaha urang Midian."

14

Ari timbalan PANGERAN, "Jung ka ditu gunakeun tanaga maneh nu rosa teh, leupaskeun Israil ti urang Midian. Kami pribadi anu miwarang."

15

Gidion ngawangsul, "Kumaha petana abdi ngaleupaskeun Israil teh? Di kaom Menase, golongan abdi teh panghengkerna, sareng di kulawargi, abdi teh sanes jalmi penting."

16

Ngawaler PANGERAN, "Maneh tangtu sanggup, sabab Kami tangtu ngabantu. Bakal babari bae maneh ngabasmi urang Midian teh, moal beda ti ngelehkeun musuh saurang."

17

Wangsul Gidion, "Manawi sapuk, abdi nyuhunkeun tawis yen Juragan teh leres PANGERAN.

18

Mugi ulah waka angkat, abdi bade ngahaturanan tuang heula." Ari walerana-Na, "Heug Kami tunggu nepi ka maneh ka dieu deui."

19

Tuluy Gidion ka bumina, meuncit embe ngora, tuluy diolahkeun. Ti dinya nyiuk tipung sapuluh kilo didamel roti teu make ragi. Dagingna diwadahan kana tetenong, kuahna diwadahan kana panci, tuluy dicandak kana handapeun tangkal kiara, dihaturkeun ka malaikat PANGERAN.

20

Malaikat ngalahir, "Teundeun eta daging jeung roti di dinya dina cadas, tuluy banjur ku kuahna." Ku Gidion ditumutkeun.

21

Malaikat PANGERAN netelkeun tetekenna kana eta daging jeung roti nepi ka ledis. Gur tina eta cadas bijil seuneu, ngaduruk eta daging jeung roti. Geus kitu les malaikat teh ngaleungit.

22

Ayeuna Gidion yakin yen anu katingal tadi teh enya malaikat PANGERAN. Anjeunna kacida reuwaseunana, pok misaur, "PANGERAN Nu Maha Agung! Abdi cilaka, parantos adu hareupan sareng malaikat PANGERAN!"

23

Tapi PANGERAN ngadawuh ka anjeunna, "Sing teger. Ulah sieun-sieun. Maneh moal nepi ka paeh."

24

Ti dinya Gidion ngadamel altar kanggo PANGERAN, altarna dingaranan "PANGERAN Sumber Rahayu". (Eta altar tetep aya di Opra, kapiboga ku urang Abieser.)

25

Peutingna PANGERAN nimbalan ka Gidion, "Cokot sapi jalu bapa maneh sahiji, jeung sahiji deui anu umur tujuh taun. Bongkar altar bapa maneh paranti muja ka Baal, tihang lambang Dewi Asera anu di gigireunana runtuhkeun.

26

Adegkeun di luhur eta tumpukan hiji altar, rarancangna sing hade. Sapi anu kadua tea sabelegerna duruk kurbankeun ka PANGERAN dina eta altar, gunakeun tihang lambang Dewi Asera anu geus diruntuhkeun jadi suluhna."

27

Tuluy Gidion nyandak badega sapuluh urang; eta timbalan PANGERAN teh dilaksanakeun. Ngalaksanakeunana ti peuting, lantaran anjeunna sieuneun ku kulawargina jeung ku jelema-jelema urang desa eta.

28

Barang urang dinya harudang isuk-isuk, nyampak altar Baal geus dibongkar, tihang Dewi Asera geus runtuh, jeung dina altar anyar aya sapi beunang ngaduruk.

29

Seug silih tanya pada batur, "Pagawean saha ieu teh?" Sanggeus disusud, kanyahoan yen jelemana teh Gidion putra Yoas.

30

Tuluy ceuk maranehanana ka Yoas, "Ka dieukeun anak anjeun, rek dipaehan! Anak anjeun geus ngaruksak altar Baal jeung ngarubuhkeun tihang Dewi Asera!"

31

Jelema nu keur arambek teh ku Yoas diwalon, "Aranjeun teh rek mihak ka Baal, arek manglawankeun? Sing saha anu rek ngabelaan Baal, isuk ieu keneh tangtu dipaehan! Upama enya Baal teh allah, keun sina ngabela dirina pedah altarna aya nu ngabongkar."

32

Ti semet harita Gidion jadi katelah Yerubaal, dumeh saur Yoas, "Upama enya Baal teh allah, keun sina ngabela dirina, pedah altarna aya nu ngabongkar."

33

Geus kitu urang Midian, urang Amalek jeung suku-suku bangsa gurun keusik kabeh kumpul, tuluy meuntasan Walungan Yordan, seug mangkalan di Lebak Yisrel.

34

Ti dinya Roh PANGERAN tumerap ka Gidion. Gidion niup tarompet, ngumpulkeun urang Abieser.

35

Ti dinya anjeunna ngirim utusan-utusan ka sakuliah daerah kaom Menase, boh nu di wetaneun boh nu di kuloneun Walungan Yordan, ngajak sangkan kaom Menase babarengan jeung anjeunna. Ngirim deui utusan-utusan ka kaom Aser, Sebulun jeung Naptali, sarta maranehna oge daratang ngahiji jeung anjeunna.

36

Piunjuk Gidion ka Allah, "Gusti parantos milih abdi kangge ngajait Israil.

37

Upami leres kitu, abdi ayeuna bade neundeun bulu domba dina tempat pangirikan tea. Saupami enjing eta bulu lantis ku ibun tur taneuhna tetep tuhur, nembe abdi yakin yen Gusti leres ngersakeun abdi geusan ngaleupaskeun Israil."

38

Nya kitu kajadianana. Isukna, barang Gidion tanghi kapendak eta bulu domba teh cipruk ku ciibun. Ku Gidion dipeureut, caina ngucur aya kana samangkokeun.

39

Gidion miunjuk ka Allah, "Mugi Gusti ulah bendu, sim abdi bade unjukan deui. Nyuhunkeun widi nyobi sakali deui ku ieu bulu. Panuhun teh nu baseuhna taneuhna, buluna tetep garing."

40

Peuting eta Allah midamel kitu. Isukna bulu teh tetep garing, ari taneuhna baseuh ku ciibun.

Link: