Hakim-hakim 9
Abimelek putra Gidion, nepangan wargi-wargi ibuna di Sekem,
mundut dipangnepikeun kasauranana anu kieu ka urang Sekem, "Ari aranjeun naha mending diparentah ku sakabeh anak Gidion anu tujuh puluh, atawa ku saurang bae? Sing inget, Abimelek teh getih daging aranjeun sorangan."
Kasauranana kitu ku wargi-wargi ibuna ditepikeun. Seug urang Sekem rempug milih Abimelek, dumeh ka baraya.
Abimelek ku maranehanana dibahanan duit tujuh puluh gebleg perak, beunang nyokot ti pura Baal Berit. Eta duit ku anjeunna dianggo nyewa jalma-jalma jahat dibawa sakait.
Ti dinya anjeunna angkat ka bumi ramana di Opra. Saderek-saderekna anu tujuh puluh, putra-putra Gidion, ku anjeunna dipeuncitan hiji-hiji di dinya, dina hiji batu. Tapi aya saurang anu lolos, nya eta Yotam putra Gidion anu bungsu, lantaran nyumput.
Geus kitu urang Sekem jeung urang Bet Milo kumpul di Sekem, handapeun tangkal kiara karamat, rek ngangkat Abimelek jadi rajana.
Sanggeus hal eta kadangu ku Yotam, anjeunna unggah ka Gunung Gerisim, ngagero kieu ka maranehna ti puncak, "Eh urang Sekem, darengekeun ieu kuring, sarta muga-muga aranjeun oge didangu ku Allah!
Sakali mangsa tatangkalan baradami arek milih pirajaeunana. Pok marenta ka tangkal jetun, ‘Anjeun bae jadi raja.’
Tangkal jetun ngajawab, ‘Ari kudu marentah ka aranjeun mah kuring teh kudu eureun ngabijilkeun minyak, heug eta teh paranti ngahormat dewa-dewa jeung manusa.’
Ti dinya tatangkalan teh marenta ka tangkal kondang, ‘Anjeun bae jadi raja.’
Jawab tangkal kondang, ‘Ari kudu marentah ka aranjeun mah kuring teh kudu eureun bubuah, heug buah kuring teh kacida amisna.’
Tuluy tatangkalan teh marenta ka tangkal anggur, ‘Anjeun bae jadi raja.’
Jawab tangkal anggur, ‘Ari kudu marentah ka aranjeun mah kuring teh kudu eureun bubuah, heug eta teh paranti ngagumbirakeun dewa-dewa jeung manusa.’
Ku sabab kitu tatangkalan teh marenta ka rungkun cucuk, ‘Anjeun atuh jadi raja.’
Jawab rungkun cucuk, ‘Heug! Ari enya-enya mah hayang dirajaan ku kami. Pek geura ngariuhan di handapeun iuh-iuh kami. Tapi awas lamun henteu enya-enya, ieu regang-regang kami anu pinuh ku cucuk baris ngabijilkeun seuneu, terus ngahuru leuweung kiputri di Libanon.’"
"Ayeuna," saur Yotam deui, "naha enya aranjeun milih Abimelek jadi raja teh kalawan maksud anu jujur tur hade? Seja ngahargaan kana jasa-jasa Gidion, seja narima kulawargina sakumaha layakna, satimbang jeung jasa-jasa Gidion?
Sing inget, bapa kuring geus tarung kalawan nekad ngabelaan aranjeun, geus bibilasan naruhkeun nyawa keur ngajait aranjeun ti urang Midian.
Kari-kari poe ieu aranjeun malik ngamusuh ka kulawarga bapa kuring. Tujuh puluh putrana ku aranjeun dipeuncitan hiji-hiji dina luhur batu anu eta-eta keneh, anu sahiji! Eta anak selir bapa kuring anu ngaran Abimelek, ku aranjeun dijieun raja di Sekem, pedah baraya!
Lamun enya tea mah poe ieu aranjeun boga tekad anu lempeng sarta jujur ka Gidion jeung ka kulawargana, heug masing bagja boga raja Abimelek, kitu deui Abimelek masing senang ngarajaanana ka aranjeun.
Tapi lamun henteu kitu muga-muga ti Abimelek sing bijil seuneu anu ngahuru ka aranjeun urang Sekem jeung urang Bet Milo, sarta muga-muga ti urang Sekem jeung urang Bet Milo masing bijil seuneu nu ngaduruk Abimelek nepi ka beakna."
Geus kitu, ku bawaning sieun ka Abimelek saderekna, Yotam terus kabur ka Beer, sarta calik di dinya saterusna.
Ari Abimelek marentahna ka urang Israil meunang tilu taun.
Ku kersaning Allah, Abimelek jeung urang Sekem jadi silih satru, urang Sekem barontak ka anjeunna.
Kitu kajadianana, kajahatan Abimelek jeung urang Sekem anu ngabantu anjeunna meuncitan tujuh puluh putra-putra Gidion, ayeuna meunang wawales.
Urang Sekem nyieun tempat pamegatan di puncak-puncak gunung, pikeun nangkep Abimelek. Sakur anu ngaliwat ka dinya ku maranehna dirampog. Hal ieu geus diunjukkeun ka Abimelek.
Geus kitu ka Sekem aya anu daratang, Gaal bin Ebed jeung dulur-dulurna, sarta maranehna dipercaya ku urang Sekem.
Maranehanana arasup ka kebon anggur urang Sekem, mupu buahna tuluy diperes diparake sukan-sukan. Los deui ka kuil dewa urang dinya, ngadon dalahar, ngarinum bari susumbar ngahina ka Abimelek.
Kieu ceuk Gaal, "Urang di Sekem teh jadi naon? Na make kudu ngabdi ka Abimelek? Saha saenyana eta jelema teh? Anak Gidion! Ari Sebul wakilna di dieu, ngawula ka dinya. Urang mah keur naon ngawula ka dinya? Rek ngawula mah ka Hemor karuhun urang, anu ngarundaykeun kaom aranjeun!
Coba lamun kuring anu jadi kapala di dieu, eta si Abimelek teh moal teu disingkahkeun! Rek kieu kuring ngomong teh ka manehna, ‘Pek pepekan deui balad maneh, urang tarung, urang ngadu kakuatan!’"
Sebul, kapala pamarentah kota eta, ngadenge ucap-ucapan Gaal kitu teh hatena ngentab.
Tuluy ngirim utusan ka Abimelek anu calikna di Aruma, mawa pesen kieu, "Aya jalmi arasup ka Sekem, Gaal bin Ebed sareng dulur-dulurna, ngangsonan jalmi-jalmi sina ngalawan ka anjeun.
Anjeun engke wengi kedah jengkar sareng perjurit, lajeng ngintip di tegal.
Enjingna wanci meletek srangenge kedah ngadadak nyerang kota. Upami Gaal sabaladna kaluar ngayonan, gempur sakiat tanaga."
Seug Abimelek sabaladna jengkar peuting-peuting, tuluy ngintip di luareun Sekem. Baladna dibagi opat bagian.
Barang katembong Gaal kaluar sarta ngajanteng di lawang kota, balad Abimelek carengkat tina panyumputanana.
Katenjoeun ku Gaal, pok manehna ngomong ka Sebul, "Tenjo! Itu loba jelema tarurun ti puncak gunung." Walon Sebul, "Eta mah lain jelema, kalangkang gunung-gunung."
Gaal pok deui, "Tenjo! Itu loba jelema tarurun ti poponclot gunung. Itu sabubuhan deui turut-turut jalan ka dieukeun ti lebah tangkal kiara paranti tukang-tukang torah!"
Ari ceuk Sebul, "Mana buktina omongan anjeun anu sakitu suabanana teh? Kapan ceuk anjeun keneh, keur naon urang make kudu ngawula ka eta jelema anu ngaran Abimelek. Tuh itu teh balad manehanana, anu ku anjeun ditangtang tea. Papag ka ditu, ayonan!"
Tuluy Gaal ngapalaan urang Sekem ngayonan Abimelek.
Gaal kabur, tapi ku Abimelek diudag. Geus loba baladna anu tararatu, kitu deui anu di lawang kota.
Abimelek terus calik deui di Aruma. Ari Gaal sadulur-dulur geus teu bisa ngancik deui di Sekem, ditundung ku Sebul.
Poe isukna, kauninga ku Abimelek yen urang Sekem rek ka taregal.
Seug anjeunna ngumpulkeun balad, dibagi tilu bagian sina ngarintip di tegal. Barang urang dinya kalaluar ti jero kota, anjeunna bijil ti panyumputan rek mimiti ngagempur.
Sabot Abimelek jeung baladna maju gagancangan rek megat di lawang kota, anu dua pasukan deui narajang ka nu geus araya di tegal. Anu ditarajang beak dipaehan kabeh.
Sanggeus tarung sapoe jeput, eta kota geus beunang ku Abimelek, jelema-jelemana dipaehan, kotana diacak-acak tuluy diawuran ku uyah.
Barang pamingpin-pamingpin di benteng Sekem ngadarenge hal eta, tuluy marubus nyiar pisalameteun ka guha anu aya di jero pura Baal Berit.
Abimelek geus dibejaan yen maranehanana kumpul di dinya.
Seug anjeunna nanjak ka Gunung Salmon jeung baladna. Anjeunna nyandak kampak nutuh dahan kai tuluy dipanggul. Baladna oge diparentah sina buru-buru nutuh dahan kai cara anjeunna.
Tiap perjurit nutuhan dahan kai, tuluy naluturkeun ka Abimelek. Kai teh dibegbregkeun dina liang guha nu keur diparake nyumput, tuluy dihuru. Nu aya di jero, anu lobana kira-kira sarebu urang, lalaki jeung awewe, kabeh paraeh.
Ti dinya Abimelek ngepung kota Tebes, sarta tuluy ditalukkeun.
Di eta kota aya hiji munara kacida wewegna. Pangeusi kota eta, lalaki, awewe, katut para pamingpinna lalumpatan ka dinya, tuluy ngonci maneh di jero, naraek ka tempat nu pangluhurna.
Barang datang ka dinya arek ngagempur eta munara, Abimelek nanjak ngadeukeutan pantona, maksudna eta panto rek dihuru.
Tapi ti luhur munara aya awewe ngaragragkeun batu panggilingan, ninggang kana sirahna nepi ka rengat.
Geuwat anjeunna nyaur budak ngora purah mawa pakarang anjeunna, pok marentah, "Cabut eta pedang, sabetkeun ka kami. Kami embung kasebutkeun paeh ku awewe." Seug budak ngora teh narajang ka anjeunna, seug anjeunna maot.
Sanggeus kanyahoan Abimelek maot, urang Israil baralik ka imah-imahna.
Ku jalan kitu Allah ngabales kajahatan Abimelek anu geus hianat ka ramana, meuncitan saderek-saderekna anu tujuh puluh tea.
Kitu deui kajahatan urang Sekem ku Allah dibales. Maranehna jadi salangsara, cocog jeung ucapan Yotam putra Gidion waktu nyumpahan ka maranehanana.