Hakim-hakim 10
Sanggeus Abimelek maot, Tola bin Pua putu Dodo jadi pamingpin, ngabebaskeun Israil. Anjeunna asal ti kaom Isaskar, calikna di Samir di daerah pagunungan Epraim.
Dua puluh tilu taun lilana anjeunna jadi pamingpin di Israil, tuluy pupus sarta dikurebkeun di Samir.
Sanggeus Tola, urang Israil dipingpin ku Yair urang Gilad. Jadi pamingpinna meunang dua puluh dua taun.
Anjeunna kagungan tilu puluh putra pameget anu tarumpak kalde. Putra-putrana kagungan tilu puluh kota di tanah Gilad, anu nepi ka ayeuna disebut desa-desa Yair.
Yair pupus sarta dikurebkeun di Kamon.
Urang Israil geus dosa deui ka PANGERAN, nyarembah ka dewa-dewa Baal jeung ka Astoret, kitu deui ka allah-allahna urang Siria, urang Sidon, urang Moab, urang Amon jeung urang Pelisti. Geus malungkur ti PANGERAN, henteu ngabakti deui ka Mantenna.
Ku lantaran kitu PANGERAN bendu ka urang Israil, tuluy maranehanana diselehkeun ka urang Pelisti jeung ka urang Amon.
Dalapan belas taun lilana ieu dua bangsa ngagencet jeung nganiaya urang Israil nu maratuh di kotana urang Emor wetaneun Walungan Yordan di tanah Gilad.
Malah urang Amon mah nepi ka meuntasan Yordan merangan ka kaom Yuda, kaom Binyamin jeung kaom Epraim. Israil kacida ngarasa prihatinna.
Seug urang Israil teh sasambat ka PANGERAN, bari kieu piunjukna, "Abdi sadaya rumaos dosa, parantos mungkur ti Gusti, Allah abdi sadaya, ngabakti ka Baal-baal."
Ngawaler PANGERAN ka maranehanana, "Bareto maraneh teh dikaniaya ku urang Mesir, urang Emor, urang Amon, urang Pelisti,
urang Sidon, urang Amalek jeung urang Maon. Maraneh sasambat ka Kami. Lain maraneh teh geus ditulungan ku Kami, leupas ti maranehanana?
Parandene maraneh masih bae nukangan ka Kami, ngabarakti ka allah-allah anu sejen. Ku sabab eta Kami moal rek nulungan deui.
Ka ditu bae sasambat ka dewa-dewa meunang maraneh milih tea. Keun sina maranehna anu nulungan mun maraneh meunang kasusah."
Tapi piunjuk urang Israil ka PANGERAN, "Abdi sadaya rumaos dosa. Mangga sanaos bade dikua-kieu oge, nanging mugi kersa maparin pitulung ayeuna pisan."
Geus kitu, maranehanana henteu ngabarakti deui ka allah-allah sejen, tapi ngabarakti ka PANGERAN. Mantenna jadi pohara ngangresna ku kaprihatinan Israil teh.
Geus kitu urang Amon natakeun balad arek indit perang, mangkalan di Gilad. Urang Israil kumpul, tuluy mangkalan di Mispa wewengkon Gilad.
Di dinya para pamingpin kaom-kaom Israil silih tanya, "Saha anu sanggup ngapalaan ieu perang ngalawan urang Amon? Sing saha anu sanggup, eta baris jadi kapala saeusi tanah Gilad."