:

Hosea 3

1

PANGERAN ngandika ka kaula, "Maneh kudu indit deui, sarta tembongkeun kacintaan ka hiji awewe nu keur jinah jeung kabogohna. Eta awewe pikanyaah ku maneh, saperti Kami tetep mikanyaah ka urang Israil sanajan maranehna geus malik ka allah-allah sejen jeung sok ngabaktikeun kismis ka brahala-brahala."

2

Tuluy eta awewe ku kaula dibeuli. Hargana lima belas uang perak, ditambah ku saratus lima puluh kilo gandum.

3

Ku kaula eta awewe diomongan yen kudu ngadagoan kaula dina waktu anu lila, sarta ulah lacur atawa jinah deui. Salila eta sim kuring oge baris ngadagoan.

4

Nya kawas kitu kaayaan bangsa Israil; lila pisan maranehna kudu hirup tanpa raja atawa pamingpin, tanpa kurban atawa tugu-tugu karamat, tanpa arca-arca atawa brahala paragi ngaramal.

5

Tapi bakal datang mangsa, urang Israil tarobat deui ka PANGERAN Allahna, sarta baris satia ka rajana ti turunan Daud. Harita maranehanana bakal sarieun ku PANGERAN, sarta baris nampa berkah-berkah Mantenna.

Link: