Hosea 4
PANGERAN kagungan tudingkeuneun ka jalma-jalma di ieu tanah. Regepkeun ku maneh, Israil! Kieu pangandika-Na, "Di ieu nagri geus euweuh anu satia, euweuh nu boga kanyaah. Kami ku ieu bangsa geus henteu diaku Allah.
Maranehna gampang jangji, tapi gampang cidra. Ngabarohong, maraehan, maraling, jararinah. Kajahatan nerekab, jeung rajapati pasusul-susul.
Ku sabab kitu ieu tanah bakal garing. Sagala rupa anu jadi di dinya bakal paraeh. Sasatoan, manuk, malah lauk-lauk, bakal pararaeh kabeh."
Timbalan PANGERAN, "Maraneh imam-imam, ulah aya anu nyalahkeun ka rahayat atawa ngaweweleh maranehna. Anu rek disalahkeun ku Kami teh maraneh.
Beurang peuting maraneh nyieun kasalahan, kitu keneh nabi-nabi taya mendingna ti maraneh. Kami baris ngabasmi Israil, indung maraneh.
Maraneh imam-imam, geus teu ngaraku ka Kami, geus nolak Kami, miceun pangajaran Kami, ngajadikeun umat Kami cilaka lantaran maranehna ge jadi teu ngaraku ka Kami. Ku sabab kitu maraneh ge ku Kami rek ditolak, sarta anak-anak maraneh moal diaku yen jadi imam-imam Kami.
Maraneh beuki loba nu jaradi imam, beuki loba dosa ka Kami. Ku sabab kitu kaayaan maraneh ku Kami rek dijieun tibalik tina mulya jadi hina.
Maraneh jadi baleunghar ku karana dosa umat Kami. Ku kituna kahayang maraneh mah umat Kami teh sing tambah-tambah dosana.
Maraneh bakal nandangan hukuman sakumaha anu keuna ka rahayat. Rek dihukum satimpal jeung kajahatan maraneh.
Maraneh bakal ngakan bagian maraneh tina kurban, tapi angger bakal lapar keneh. Maraneh bakal ngabakti ka dewa-dewa kasuburan, harayang boga anak, tapi tetep maraneh moal baroga anak, lantaran geus miceun Kami, maruja ka allah-allah sejen."
Timbalan PANGERAN, "Anggur anyar, anggur kawak, geus ngaleungitkeun akal waras umat Kami!
Maranehna marenta pituduh ka kayu sateukteuk! Ngumaha ka iteuk menta pituduh! Geus naringgalkeun ka Kami, masrahkeun diri ka para dewa, saperti awewe anu jadi palacuran.
Maranehanana nyarieun kurban di tempat-tempat karamat di puncak-puncak gunung. Mareuleum menyan di puncak-puncak pasir, handapeun tangkal anu gede ngarangkadak, pedah iuhna pikagenaheun. Balukarna, anak-anak maraneh anu awewe jaradi palacuran, minantu-minantu awewe jararinah.
Tapi maranehna ku Kami moal dihukum, lantaran maraneh sorangan sok arindit ka awewe-awewe lacur nu digarawe di kuil-kuil, tuluy bareng jeung maranehna nyieun kurban ka brahala. Aya paribasa, ‘Bangsa anu tuna akal sehat pasti tumpur.’
Muga-muga urang Yuda mah ulah kabawa salah nepi ka ingkar kawas maraneh, urang Israil! Maranehna mah sing ulah nepi ka milu ngabakti di Gilgal atawa di Bet Awen, atawa sumpah di dinya demi Allah nu jumeneng.
Urang Israil mah sarua mantangulna jeung bigal. Atuh pimanaeun maranehna ku Kami bisa diangon di sampalan cara domba?
Urang Israil geus kawujuk ku brahala-brahala. Kajeun, antep sakarepna.
Sanggeus marabok anggur, tuluy genah-genah ngalacur, leuwih resep nyieun lampah hina ti batan lampah pikahormateun.
Maranehanana bakal leungit lir kabawa ku angin, sarta bakal meunang era tina lampahna ngurban ka brahala-brahala.