Hosea 7
Saban Kami niat nambaan umat Kami Israil sangkan waluya sarta marukti deui, katenjona teh ngan marigawe kajahatan jeung kadorakaan bae. Silih tipu jeung pada batur; babak-bobok jeung pulang-paling ka imah batur; rarampog ka nu laliwat.
Teu kapikir ku uteukna yen sagala kadorakaanana teh baris kaingetkeun ku Kami. Pimanaeun Kami rek teu awas kana dosana anu geus ngalaput dirina."
PANGERAN ngandika, "Jalma-jalma jarahat kalakuanana, sakait nyieun tipu daya ka raja jeung ka para pajabatna.
Maranehna kabeh jalma-jalma hianat jeung teu saratia. Rasa kaceuceubna kawas seuneu anu ku tukang roti can disina marong, samemeh adonanana siap dibeuleum.
Waktu raja ngayakeun pesta, raja jeung para pajabatna ku maranehna disuwuk ku anggur, ngarinum terus marabok nepi ka siga nu owah.
Cara seuneu dina tungku, nya kitu niat jahat jeung amarah eta jalma-jalma sapeupeuting marong dina hatena, sarta dina poe isukna amarahna ngajegur hurung.
Kasundut ku seuneu amarahna, maranehna maraehan para pamingpinna. Raja-rajana diparaehan patuturut, tapi taya saurang-urang acan anu sasambat menta tulung ka Kami."
PANGERAN ngandika, "Urang Israil teu beda ti roti nu asak sabeulah. Maranehna mercayakeun diri ka bangsa-bangsa sejen,
teu karasaeun yen percaya ka bangsa sejen teh geus ngalantarankeun kakuatan maranehna musna. Ahir riwayat maranehna geus tereh nepi, tapi maranehna teu nyaho-nyahoeun acan.
Kaangkuhan urang Israil netelakeun kasalahanana. Tapi maranehanana teu kalis ku nu enggeus-enggeus, tetep henteu tarobat ka Kami, PANGERAN Allahna.
Israil kawas japati bodo hihiberan pundah-pindah; jalma-jalmana mimitina marenta tulung ka Mesir, ti dinya lumpat ka Asur!
Tapi ku Kami rek dipasangan jaring, lamun maranehna laliwat rek ditewakan cara manuk. Kajahatan maraneh ku Kami baris dihukum anu satimpal.
Cilaka maranehna! Geus naringgalkeun Kami, ngaralawan ka Kami. Ku Kami rek diancurkeun. Kami lain teu hayang nyalametkeun maranehna, tapi percayana ka Kami teh palsu.
Sasambatna ka Kami henteu saenyana, kalah ka meubeut-meubeutkeun maneh jeung gerang-gerung cara umat brahala. Ari ngadoa marenta gandum jeung anggur teh bari narurihan maneh cara umat brahala!
Teu kalis Kami anu ngurus ti leuleutik ka maranehna nepi ka jadi kuat, teu burung goreng bae maksudna ka Kami.
Maranehna tetep nonggongan ka Kami, ngadon nyanghareup ka hiji aallahan anu teu walakaya. Maranehna saibarat gondewa bingkeng, teu bisa dipercaya. Pamingpin-pamingpinna ku lantaran garede omong baris tiwas dipergasa, bari diseungseurikeun ku urang Mesir."