:

Ibrani 1

1

Jaman baheula Allah sering ngandika ka karuhun urang, make rupa-rupa cara, ditepikeunana ku nabi-nabi.

2

Ayeuna, dina jaman ahir, ngandika-Na ka urang ku perantaraan Putra-Na, anu geus digadangkeun bakal diserenan hak kana saniskara hal. Allah ngajadikeun langit jeung bumi oge ku perantaraan Putra-Na,

3

anu nyumiratkeun cahaya gumilang kamulyaan Mantenna, sarta anu kaayaana-Na nyeples Allah ku manten. Anjeunna murba ka sajagat raya ku kakawasaan pangandika-Na. Sanggeus nyucikeun manusa tina dosana, Anjeunna linggih di sawarga, di tengeneun Allah Nu Maha Kawasa.

4

Allah ngajungjung Putra-Na leuwih ti batan ka para malaikat. Jenengan anu dipaparinkeun ka Putra-Na leuwih agung ti batan ngaran-ngaran malaikat.

5

Taya hiji malaikat anu ku Allah ditimbalan kieu, "Hidep Putra Ama. Ayeuna Ama jadi Rama Hidep." Hal ngeunaan malaikat, Allah henteu ngadawuh, "Kami bakal jadi Rama-Na, Anjeunna bakal jadi Putra Kami."

6

Waktu Allah ngutus eta Putra cikal, Mantenna nimbalan kieu, "Malaikat Allah kabeh kudu nyembah ka Anjeunna."

7

Anu ngeunaan malaikat mah kieu timbalana-Na, "Malaikat-malaikat-Na ku Mantenna dijadikeun angin, abdi-abdi-Na dijadikeun seuneu hurung."

8

Ari ngeunaan Putra-Na, kieu dawuhan Allah, "Karajaan Hidep, ya Allah, pingadegeun salalanggengna. Hidep ngereh reujeung adil.

9

Hidep mikasuka anu bener, mikagiruk anu salah. Eta sababna Hidep dipilih ku Ama, Allah Hidep, disukakeun ku harkat luhur, ngungkulan batur-batur."

10

Dawuhana-Na deui, "Ya Pangeran, mimitina Hidep ngajadikeun bumi, sarta ngajadikeun langit ku metakeun panangan.

11

Eta kabeh bakal musna, bakal bobo cara lawon, demi Hidep mah bakal tetep aya.

12

Sakuliah alam ku Hidep bakal ditilepan kawas pakean, bakal disalin lir ganti baju. Hidep mah moal barobah, bakal jumeneng salalanggengna."

13

Taya hiji malaikat-Na anu ku Allah didawuhan kieu, "Hidep geura calik katuhueun Ama, nepi ka musuh-musuh Hidep ku Ama dijieun jojodog tincakeun Hidep."

14

Lamun kitu, naon ari malaikat? Malaikat-malaikat mah roh anu ngawula ka Allah, anu ku Mantenna diutus pikeun ngabarantu jelema-jelema anu bakal nampa kasalametan.

Link: