:

Ibrani 2

1

Ku sabab kitu urang kudu beuki saregep kana pangajaran bener anu geus asup kana ceuli urang, supaya urang henteu palid ku anu teu puguh.

2

Pesen-pesen anu ditepikeun ku para malaikat ka karuhun urang teh tetela benerna, jadi saha-saha anu teu nurut kana hal eta bakal meunang hukuman anu satimpal.

3

Jadi, lamun urang henteu malire kana eta pisalameteun anu luhur ajenna, kumaha rek bisa lolos tina hukuman? Anu mimiti ngembarkeun hal eta teh Gusti ku anjeun, geus kitu ku anu ngadarengena ditepikeun ka urang bari ditetelakeun yen bener.

4

Panyaksi maranehna malah dikuatan ku Allah, ku jalan mintonkeun rupa-rupa kaahengan, mujijat-mujijat, jeung ku jalan maparin kurnia-kurnia anu asal ti Roh Suci, numutkeun kumaha kersa-Na.

5

Dunya anyar, anu ku urang keur dipicatur, ku Allah henteu dikawasakeun ka para malaikat,

6

sabab ceuk ungel salah sahiji bagian Kitab Suci kieu, "Manusa teh naon, nun Allah, nu mawi dipikaemut? Manusa teh mung manusa, ku Gusti dugi ka diperhatoskeun!

7

Mung sakedap ku Gusti disina langkung handap ti batan para malaikat. Saparantos kitu mah dimakutaan ku kamulyaan sareng kaagungan,

8

ku Gusti disina murba kana saniskara." Disebutkeun yen manusa ku Allah disina "murba kana saniskara"; eta tetela nuduhkeun yen anu dipurba ku manusa teh sagala rupa. Ngan ayeuna mah urang tacan ningal manusa murba kana saniskara teh.

9

Tapi urang terang aya anu nyepeng kawasa kitu, nya eta Yesus. Anjeunna ku Allah disina leuwih handap sakeudeung ti batan para malaikat, sarta disina pupus jadi gaganti sakumna manusa, ku tina asihna Allah ka manusa. Urang terang, ku sabab Anjeunna geus nemahan pupus jeung nandangan sangsara, Anjeunna geus aya dina kaagungan jeung kamulyaan.

10

Memang kitu dikersakeunana ku Allah anu ngajadikeun jeung miara saniskara, Yesus teh disina sampurna ku jalan sangsara heula, supaya iasa nyandak pirang-pirang manusa anu bakal milu mulya saperti Anjeunna. Sabab Yesus teh anu nuyun manusa supaya salamet.

11

Yesus nyucikeun manusa tina dosa-dosana, ku jalan kitu Anjeunna jeung sakur anu disucikeun dosana jadi sa-Rama, sarta ku lantaran geus sa-Rama, Yesus henteu lingsemeun ngangken saderek ka maranehna.

12

Hal eta nyata dina piunjuk-Na ka Allah, "Jenengan Ama sumeja dikenalkeun ka sadaya dulur-dulur, bade dipuji dina riunganana."

13

Aya deui pilahir-Na, kieu, "Kami ngagantungkeun pangharepan ka Allah." Ieu deui pilahir-Na, "Ieu Kami, jeung anak-anak paparin Allah."

14

Ku lantaran jelema-jelema anu ku Anjeunna disebut anak teh mahluk tina sipat daging jeung getih, Yesus ngajadikeun salira-Na sasipat jeung maranehanana, hirup Anjeunna sakumaha hirup maranehanana, sarta manah-Na iklas nyorang pupus, supaya ku jalan kitu iasa ngabinasakeun Iblis anu kawasa kana maot,

15

sarta ku jalan kitu Anjeunna iasa ngabebaskeun manusa, anu saumur hirupna dikukuntit ku kasieun, sieun maot.

16

Tetela anu dibelaan ku Anjeunna teh lain para malaikat, tapi turunan Ibrahim, sakumaha anu disebutkeun dina Kitab Suci.

17

Ieu hartina dina sagala hal Anjeunna kudu jadi sarua jeung saderek-saderek-Na tea, supaya iasa jadi Imam Agung anu satia jeung pinuh ku sipat welas asih, anu ngalalayanan Allah pikeun mangpa’at maranehanana, sangkan dosa-dosa maranehna dihampura.

18

Ku jalan kitu Anjeunna iasa nulung ka sakur anu keuna ku cocoba, lantaran Anjeunna oge geus nandangan cocoba jeung sangsara.

Link: