:

Ibrani 10

1

Aturan-aturan anu diparentahkeun ku Hukum Agama urang Yahudi ngan jadi gambar anu samar-samar tina hal-hal anu harade nu bakal datang, lain anu saenyana tina hal eta. Saban taun kurban deui, kurban deui, teu eureun-eureun, nu dikurbankeunana kitu-kitu keneh. Jadi eta kurban-kurban anu diparentahkeun ku Hukum Agama teh kumaha rek bisa nyampurnakeun manusa anu datang rek ngabakti ka Allah?

2

Upama enya eta anu ngabarakti teh dosana geus disucikeun, piraku terus bae ngarasa dosa, ngurbanna tangtu areureun.

3

Pang ngayakeun kurban saban-saban taun oge pikeun ngelingan yen maranehanana darosa.

4

Sabab memang getih sapi jeung getih embe jalu moal bisa dipake ngaleungitkeun dosa.

5

Eta sababna waktu Kristus rek lebet ka ieu dunya unjukan ka Allah: "Ama henteu mikahoyong kurban-kurban sareng pangbakti-pangbakti. Anu dipundut nya diri Putra pribadi.

6

Ama henteu seneng dihaturanan kurban sato anu dibeuleum dina altar atanapi kurban-kurban panebus dosa.

7

Ieu piunjuk Putra, ‘Sumangga, Abdi sumeja ngestokeun timbalan, nun Allah, sakumaha anu diserat perkawis Abdi dina Kitab Suci.’"

8

Dina eta piunjuk, Kristus mimitina nyaurkeun, "Ama henteu mikahoyong kurban-kurban sareng pangbakti-pangbakti; henteu seneng dihaturanan kurban sato anu dibeuleum dina altar atanapi kurban-kurban panebus dosa." Kitu piunjuk-Na sanajan eta kurban-kurban anu dihaturkeun teh dikudukeun dina Kitab Hukum Agama.

9

Sanggeus eta, kieu piunjuk-Na deui, "Sumangga, Abdi sumeja ngestokeun timbalan, nun Allah." Ku karana eta, kurban-kurban anu heubeul teh ku Allah dileungitkeun, diganti ku kurban Kristus.

10

Yesus Kristus geus ngajalankeun hal anu dipundut ku Allah, ku sabab kitu urang kabeh geus diberesihkeun tina dosa ku jalan kurban salira Kristus ku anjeun, anu dijalankeunana ngan sakali pikeun salalanggengna.

11

Sakur imam Yahudi netepan kawajiban imamna unggal-unggal poe, ngurban deui, ngurban deui, nu dikurbankeunana kitu-kitu keneh. Kurban-kurbanna sama sakali teu bisa dipake ngaleungitkeun dosa.

12

Tapi Kristus mah ngajalankeun kurbanna ngan sakali, kurban pamupus dosa, kurbanna laku pikeun salalawasna. Sanggeus ngajalankeun kurban Anjeunna linggih di tengeneun Allah,

13

sarta ayeuna keur ngantos lawan-lawan anu ku Allah bakal diserenkeun ka Anjeunna baris dijadikeun jojodog sampeana-Na.

14

Jadi Anjeunna mah ngan ku hiji kurban geus iasa nyampurnakeun manusa anu geus diberesihkeun tina dosa, keur salalanggengna.

15

Tina hal eta Roh Suci ge geus mere panyaksi, kieu saur-Na mimitina,

16

"Kieu perjangjian Kami engke ka maranehna di mana geus cunduk waktuna, dawuhan Pangeran. Hukum Kami sina ngancik dina batinna, ditulis dina hatena."

17

Saur-Na deui, "Dosa jeung kadorakaan-kadorakaanana ku Kami moal diinget-inget deui."

18

Ku sabab geus dihampura, geus teu perlu ngayakeun deui kurban panebus dosa.

19

Jadi, dulur-dulur, ku jalan Kristus pupus urang ayeuna meunang asup ka Kamar Pangsucina.

20

Urang ku Anjeunna geus dipangmukakeun hiji jalan anu brasna kana hirup, jalan anu nembus reregan Kamar Pangsucina nya eta salira Kristus ku anjeun.

21

Urang boga hiji Imam Agung anu ngapalaan gedong Allah.

22

Ku sabab eta hayu urang sing deukeut ka Allah reujeung hate anu iklas, iman nu yakin, batin anu geus dikosongkeun tina rasa salah, jeung raga anu geus diberesihan ku cai anu ngagenclang.

23

Sing tigin kana pangharepan anu ku urang geus diaku, sing percaya Allah teh tigin nyepeng jangji-Na.

24

Sing silih titenan, silih ajak nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah.

25

Ulah bosen-bosen kumpulan, ulah cara anu lian. Sabalikna anggur sing silih gedekeun hate, sabab Poe pisumpingeunana Gusti geus beuki deukeut.

26

Sabab lamun urang geus dibere jalan anu bener tapi angger ngahajakeun dosa, geus moal aya deui kurban anu bisa mupus dosa.

27

Tinggal ngadago pitemaheunana nya eta Pangadilan anu pikasieuneun, jeung hurungna seuneu bendu Allah anu bakal ngahuru beak sakur anu ngalawan ka Mantenna!

28

Anu ngalanggar aturan-aturan Hukum Musa, sanggeus bukti kasalahanana sarta kasaksian ku duaan atawa tiluan, teu dibere ampun, dipaehan.

29

Geus komo deui anu ngahinakeun ka Putra Allah, anu ngarerendah getih perjangjian Allah nya eta getih Kristus anu nyucikeun dirina tina dosa, anu ngahina ka Roh anu maparin rahmat! Pek gambarkeun, kumaha beuratna hukuman anu baris katampa!

30

Sabab urang apal ka anu ngandika, "Kami moal teu ngabales, moal teu naur!"; jeung oge ka nu ngandika, "Pangeran bakal ngahakiman umat-Na."

31

Pikumahaeun teuing jelema anu dicerek ku panangan Allah anu jumeneng!

32

Sing aringet kana kaayaan aranjeun bareto. Harita, sanggeus aranjeun dicaangan ku caang ti Allah sanajan sering ngalakonan kasangsaraan teu burung tarabah.

33

Kadang kala aranjeun dihihina jeung diteungteuinganan di hareupeun jalma rea, aya kalana deui aranjeun milu ngarasa prihatin ka batur anu oge dikitu-kitu,

34

milu ngarasa sangsarana jelema-jelema anu dipanjara. Jeung waktu sagala pangaboga aranjeun aya anu ngarampas, aranjeun teu ngarasa owel lantaran ngarasa boga keneh hal anu leuwih gede pangajina, anu bakal kapiboga salalanggengna.

35

Anu matak ulah pegat pangharepan, sabab lamun aranjeun tetep iman gede ganjaranana.

36

Sing salabar, supaya bisa ngalakonan pangersa Allah sarta nampa ganjaran anu geus dijangjikeun ku Mantenna.

37

Sabab dina Kitab Suci aya ungel kieu, "Moal lila deui ge, Anjeunna tangtu sumping, geus meh sumping; Anjeunna moal talangke.

38

Umat Kami nu balener tangtu palercaya, nu matak bakal harirup; tapi ka nu undur, lamun aya, Kami teu suka."

39

Sageuy urang kaasup anu undur jeung sasab. Urang mah kapan percaya, tangtu disalametkeun.

Link: