:

Ibrani 11

1

Percaya hartina yakin enya-enya kana hal anu keur diarep-arep, ngarasa pasti kana ayana hal anu henteu katembong ku panon lahir.

2

Jelema-jelema jaman baheula loba anu dipikasuka ku Allah, lantaran kapercayaanana.

3

Ku karana percaya, urang jadi ngarti yen jagat raya teh dijadikeunana ku pangandika Allah, yen sakur anu bisa katenjo teh dijadikeunana tina anu henteu katenjo.

4

Ku karana percaya, Habil ka Allah nyanggakeun kurban anu leuwih utama ti batan kurban Kain. Ku karana percaya Habil ku Allah diangken jelema hade, buktina kurbanna ditampi. Ku karana kapercayaanana, sanajan enggeus perlaya Habil masih nyoara.

5

Ku karana percaya, Hanok henteu kungsi maot heula, diangkat hirup-hirup ka Allah, taya nu manggihan deui lantaran ku Allah geus diangkat. Dicaritakeun dina Kitab Suci yen samemeh diangkat Hanok teh dipikaseneng ku Allah.

6

Taya saurang-urang acan jelema anu dipikaseneng ku Allah teu karana kapercayaanana. Sabab saha-saha anu datang ka Allah kudu percaya yen Allah teh aya, kudu percaya yen Allah tangtu ngaganjar ka jelema anu neangan Mantenna.

7

Ku karana percaya, Enoh tumut kana bewara Allah ngeunaan hal nu bakal datang, nu ku anjeunna tacan katingali. Tumut kana timbalan Allah Enoh ngadamel kapal, ngalantarankeun anjeunna sakulawargi salamet. Dunya ieu dihukum, tapi Enoh mah ku Allah diangken jelema bener, lantaran percaya.

8

Ku karana percaya, Ibrahim tumut ka Allah, waktu anjeunna disaur dipiwarang ngajugjug tempat anu dijangjikeun ku Allah bakal dipaparinkeun ka anjeunna. Anjeunna ngantunkeun nagrina bari teu uninga kudu ngajugjug ka mana.

9

Ku karana percaya, anjeunna sadrah jadi urang asing di nagri anu ku Allah dijangjikeun tea. Anjeunna cicingna di kemah. Nya kitu keneh Ishak jeung Yakub, anu sarua meunang jangji saperti kitu ti Allah.

10

Eta teh lantaran Ibrahim keur ngadago-dago kota anu dirancang jeung diadegkeun ku Allah dina pademen anu kaayaanana tetep.

11

Ku karana percaya, Ibrahim jadi kagungan putra, sanajan geus kacida sepuhna tur Sarah gabug. Anjeunna percaya Allah bakal ngalaksanakeun jangji-Na.

12

Ibrahim sanajan geus kacida sepuhna, tapi ti anjeunna saurang gumelar pirang-pirang turunan, lobana saperti bentang di langit, saperti keusik di basisir.

13

Jelema-jelema anu kacatur bieu tetep percaya nepi ka parupusna. Aranjeunna memang teu kungsi ningali bukti tina jangji Allah tea. Tapi hal eta ku aranjeunna geus kasawang sarta dipercaya. Aranjeunna rumasa di dunya ukur ngumbara.

14

Sakur anu rumasa kitu kawas aranjeunna, nandakeun keur neangan tempat pikeun lemah caina sorangan.

15

Anu dipikir ku aranjeunna lain lemah cai anu geus ditinggalkeun. Sabab lamun anu dipikirna lemah cai asalna mah, bisa bae aranjeunna marulang deui.

16

Anu dipikirna teh lemah cai anu leuwih pikasenangeun, lemah cai di sawarga. Ku sabab kitu Allah henteu ngaraos lingsem dipi-Allah ku aranjeunna, sabab Allah geus nyadiakeun tempat pikeun aranjeunna.

17

Ku karana percaya, Ibrahim sadrah waktu didoja ku Allah kudu meuncit Ishak putrana dijieun kurban. Sanajan Allah ka Ibrahim geus maparin jangji tea, tapi Ibrahim sadrah masrahkeun putra anu ngan hiji-hijina.

18

Kapan jangji Allah ka Ibrahim teh kieu, "Turunan maneh anu dijangjikeun ku Kami teh bakal rundayna ti Ishak."

19

Ibrahim yakin Allah kawasa ngahirupkeun deui Ishak sanajan geus maot, tur enya Ishak teh sasat beunang deui tina ajal.

20

Ku karana percaya, Ishak ka Yakub jeung Esau ngucapkeun berkah nu bakal kasorang jaga.

21

Ku karana percaya, Yakub samemeh pupus ngaberkahan putra-putra Yusup. Anjeunna neneda ka Allah bari nguat-nguat anjeun neueul kana tetekenna.

22

Ku karana percaya, Yusup samemeh pupus nyarioskeun sawanganana yen bangsa Israil bakal budal ti Mesir, sarta maparin amanat hal ngurus tulang-taleng anjeunna.

23

Ku karana percaya, ibu ramana Musa nyumputkeun Musa nepi ka tilu bulan ti barang dilahirkeun. Demi putrana nu kasep, aranjeunna teu sieuneun ngalawan parentah raja.

24

Ku karana percaya, Musa sanggeus cukup yuswa teu kersaeun disebut putrana putri raja Mesir.

25

Ti batan hirup dina kagenahan dosa anu umurna moal awet, Musa malah milih hirup sangsara babarengan jeung umat Allah.

26

Ti batan kagungan harta banda sanagara Mesir, Musa ngaraos leuwih utama keneh nandangan panghina ku karana Kristus, Raja salam, sabab anu dipiharep ku anjeunna mah ganjaran nu bakal datang.

27

Ku karana percaya, Musa ngantunkeun Mesir, teu hariwang ku angkara murkana raja. Lir anu geus ningali ka Allah nu sipat gaib, Musa teu kersaeun mulih deui ka Mesir.

28

Ku karana percaya, anjeunna ngayakeun "Paska", sarta marentahkeun supaya panto-panto urang Israil diolesan getih, supaya nyawa cikal-cikal urang Israil ulah nepi ka dicabut ku Malaikat Maot.

29

Ku karana percaya, urang Israil bisa meuntasan Laut Beureum kawas leumpang di darat bae, ari urang Mesir anu ngarudag mah teu barisaeun, malah tingkerelep titeuleum.

30

Ku karana percaya, urang Israil ngurilingan kuta-kuta Yeriho tujuh poe lilana, nepi ka eta kuta-kuta raruntuh.

31

Ku karana percaya, Rahab, wanita tukang lacur, henteu milu katumpes jeung jelema-jelema anu henteu palercaya ka Allah, lantaran geus mere budi hade ka mata-mata urang Israil.

32

Rek diteruskeun? Teu aya deui waktuna; tacan nyaritakeun Gidion, Barak, Simson, Yepta, Daud, Samuel, jeung nabi-nabi.

33

Ku karana percaya, aranjeunna geus bisa ngelehkeun karajaan-karajaan. Aranjeunna ngajalankeun hal anu bener, anu matak nampa hal anu dijangjikeun ku Allah. Aranjeunna ngonci sungut singa,

34

mareumkeun seuneu anu keur ngamuk, luput tina kasambut ku pedang musuh. Aranjeunna lemah tapi jadi kuat, perangna garagah, mampuh ngagempur musuh nepi ka musuhna eleh.

35

Ku karana percaya, wanita-wanita barisa papanggih deui jeung sanak kulawargana anu sasatna geus tariwas. Aya anu milih kajeun pejah disasaak, nolak dibebaskeun, lantaran ngaharep dihirupkeun deui engke, kana kahirupan anu leuwih pikasenangeun.

36

Aya anu dihihina, dirangketan ku cameti, dibarogod ku rante tuluy diasupkeun ka panjara.

37

Aya anu dibaledogan ku batu nepi ka tiwas, aya anu awakna dibeulah dua ku ragaji, aya anu diteukteuk ku pedang. Aya anu kajeun teuing utrak-atrok jeung marake kulit domba atawa kulit embe, balangsak, dikaniaya, diteungteuinganan.

38

Dunya ieu henteu layak keur aranjeunna! Kawas kaum pangungsi, kadungsang-dungsang di gurun keusik, di pasir-pasir, hirupna di guha-guha atawa dina gorowong-gorowong taneuh.

39

Aranjeunna kuat nandangan eta sakabeh ku karana percaya! Tapi aranjeunna henteu kungsi nampa hal anu dijangjikeun ku Allah tea,

40

sabab Allah geus nyayagikeun anu leuwih utama pikeun urang. Maksad Allah, aranjeunna bisa disampurnakeun ngan lamun enggeus ngahiji jeung urang.

Link: