:

Ibrani 5

1

Sakur imam agung dipilihna ti sasama manusa, diangkat pikeun jadi wawakil sasamana manusa ngalalayanan Allah, kapapancenan ngahaturkeun pangbakti-pangbakti jeung kurban-kurban panebus dosa.

2

Ku sabab dirina oge rea kalemahanana, imam agung bisa lemah lembut ka jelema anu taya kanyaho jeung rea salahna.

3

Ku sabab dirina ge sipat lemah, ngurbanna teh lain ngan pikeun nebus dosa jalma rea bae, tapi keur dirina oge.

4

Imam agung teu aya anu ngajenengkeun maneh, sabab kudu aya panyaur heula ti Allah, saperti Harun contona.

5

Kristus oge kitu, jadi Imam Agung teh henteu ngangkat anjeun, tapi dijenengkeun ku Allah. Kieu dawuhan Allah ka Anjeunna, "Hidep Putra Ama, poe ieu Ama jadi Rama Hidep."

6

Dina kasempetan sejen kieu dawuhan Allah, "Hidep jadi Imam langgeng saperti Imam Melkisidik."

7

Waktu keur jumeneng keneh di ieu bumi, Yesus sasambat bari medal cisoca ka Allah, anu iasa ngaluputkeun Anjeunna tina ancaman pati. Ku sabab rendah manah jeung ajrih, paneda-Na ku Allah dikabul.

8

Yesus sanajan Putra Allah, tumut sarta sadrah nandangan sangsara.

9

Ku sabab kitu sanggeus dijadikeun sampurna, Yesus teh jadi sumber kasalametan jelema-jelema anu aranut ka Anjeunna,

10

sarta ku Allah diembarkeun jadi Imam Agung golongan Melkisidik.

11

Hal Yesus jadi Imam Agung, loba anu perlu diterangkeun, tapi hese nerangkeunana, lantaran aranjeun kendor kana ngarti.

12

Geus sakitu lilana dialajar dina hambalan kahiji pangajaran-pangajaran ti Allah, kuduna mah ayeuna geus jaradi guru tina hal eta. Ari pek masih keneh kudu diajar ku batur, can bisa meuweung anu teuas-teuas, kakara bisa kana susu.

13

Anu disusuan keneh mah orok, anu tacan boga pangalaman, tacan nyaho salah jeung bener.

14

Kadaharan anu teuas-teuas mah ngan pikeun anu geus cukup umur, anu geus boga pangalaman bisa ngabedakeun mana nu hade mana nu jahat.

Link: