Ibrani 6
Ayeuna hayu urang mancat tina hambalan kahiji, urang teruskeun kana pangajaran-pangajaran Kristen saterusna, sing nepi ka asak. Ulah ngungucel bae pangajaran dasar anu ngajarkeun hal kudu eureun tina kalakuan nu taya mangpa’atna, hal kudu percaya ka Allah,
hal baptis, hal numpangan leungeun ka batur, hal pihudangeunana anu geus maraot, jeung hal hukuman langgeng.
Urang maju! Ka nu leuwih luhur! Mugia Allah ngawidian!
Sabab lamun jelema geus ninggalkeun imanna, bisa ditungtun deui kumaha? Tadina maranehna geus araya dina caangna Allah, geus ngarasa genah-genahna kurnia-kurnia Allah ti sawarga, geus narampa Roh Suci,
tina pangalamanana geus nyarahoeun yen pangandika Allah teh hade, geus barisa ngarasakeun kurnia-kurnia jaman nu bakal datang.
Ari pek malundur deui! Pamohalan bisa diajak tobat deui, lantaran maranehanana geus nyalibkeun deui Putra Allah bari dihihina di hareupeun jalma rea.
Taneuh anu sering nyeuseup cihujan lantaran sering kahujanan, pepelakanana jaradi, nguntungkeun ka nu melakna, tandana diberkahan ku Allah.
Tapi lamun anu jaradi di eta tanah teh areuy-areuyan jeung cucuk-cucukan, geus tangtu taya mangpa’atna, anu engkena bakal disapa ku Allah, tuluy diduruk nepi ka beak.
Dulur-dulur! Sanajan kecap-kecap sim kuring sakieu resagna, ari hate mah yakin aranjeun teh geus narampa rahmat anu pangajina leuwih, anu jadi sabagian tina kasalametan aranjeun.
Allah teh lain anu sok jalir. Mantenna moal lali ka anu geus dipigawe ku aranjeun, nya kitu deui kana kanyaah aranjeun ka Mantenna ku jalan nulungan ka dulur-dulur sakapercayaan, nepi ka ayeuna.
Kacida diarep-arepna muga aranjeun pengkuh nepi ka cacapna, supaya hal anu keur diarep-arep ku aranjeun teh laksana katarima.
Ulah mumulan, kudu nulad ka jelema-jelema anu geus narampa hal anu dijangjikeun ku Allah lantaran percaya, sarta nunggu-nunggu kalayan sabar.
Waktu Allah ngadamel perjangjian ka Ibrahim, nganggo sumpah yen bakal ngalaksanakeun jangji-Na. Ku sabab teu aya anu leuwih luhur ti Allah, sumpah-Na nyebat jenengan ku manten.
Dawuhana-Na, "Kami sumpah, maneh bakal diberkahan jeung dibere pirang-pirang turunan."
Ibrahim sabar ngantosan eta jangji. Ku sabab kitu eta jangji Allah teh dilaksanakeun ka anjeunna.
Jelema lamun sumpah, pikeun ngukuhkeun sumpahna teh bari nyebut demi si Anu, anu saluhureunana, supaya pacental-centalna eureun.
Allah ngaraos perlu mintonkeun kaestuana-Na ka sakur anu dipaparin jangji, pikeun nandakeun yen jangji-Na moal robah, eta sababna jangji-Na dikuatkeun ku sumpah.
Ku sabab kitu ieu dua hal teh, jangji jeung sumpah-Na, ngalantarankeun Mantenna moal kersa barobah, moal kersa jalir. Pikeun anu nyalindung ka Mantenna, sumpah Mantenna teh jadi pamageuh pangharepanana yen jangji Mantenna tangtu dilaksanakeun.
Eta pangharepan urang kitu teh lir jangkar anu nanceb jero, jadi pamageuh hirup urang nepi ka urang ngarasa aman. Eta jangkar pangharepan teh nembus reregan ka Kamar Pangsucina di Bait Allah di sawarga.
Yesus geus lebet ka dinya heulaeun urang, pikeun urang, jadi Imam Agung urang salalanggengna, saperti Melkisidik.