Ibrani 8
Poko anu dicaritakeun bieu nya eta: Urang boga Imam Agung, anu linggih di tengeneun tahta Raja Nu Maha Luhur di sawarga.
Anjeunna nyepeng damel sakumaha Imam Agung di Kamar Pangsucina, di jero Kemah Tepangan anu sajatina, anu diadegkeun ku Allah ku manten, lain ku jelema.
Sakumaha kamistian Imam Agung kudu nyanggakeun pangbakti-pangbakti jeung ngayakeun kurban sato ka Allah, Imam Agung urang oge kitu, kudu aya anu ku Anjeunna dihaturkeun.
Keur jumenengna di dunya, Anjeunna henteu jadi Imam, lantaran geus aya imam-imam anu kawajibanana nyanggakeun pangbakti-pangbakti anu geus ditangtukeun ku Hukum Agama urang Yahudi.
Tapi kawajiban imam anu dijalankeun ku maranehanana saenyana ngan tiruan jeung kalangkang ti anu dijalankeun di sawarga, sakumaha anu ku Allah diandikakeun ka Musa waktu anjeunna dipiwarang ngadamel Kemah Tepangan tea. Dawuhan Allah, "Inget! Dijieunna kudu cocog jeung conto anu ku Kami ditembongkeun ka maneh di luhur gunung."
Tapi kawajiban imam anu dijalankeun ku Yesus mah leuwih luhur pangajina ti batan kawajiban maranehanana, sabab perjangjian anu ku Anjeunna diayakeun antara Allah jeung umat-Na pangajina leuwih luhur, lantaran eusina ngajangjikeun hal-hal anu leuwih nyenangkeun.
Lamun dina perjangjian anu kahiji teu aya kakuranganana mah geus tangtu teu perlu aya perjangjian anu kadua.
Tapi Allah mendakan kasalahan ti umat-Na, nepi ka ngadawuh kieu, "Engke aya hiji mangsa, dawuhan Pangeran, Kami rek nyieun hiji perjangjian anu anyar, pikeun urang Israil jeung urang Yuda.
Eusina beda ti perjangjian Kami ka karuhun-karuhunna waktu Kami nungtun maranehanana budal ti Mesir. Maranehanana geus ingkar tina perjangjian Kami, ku Kami moal dipalire deui.
Ayeuna, kieu perjangjian Kami engke ka urang Israil di mana geus cunduk waktuna, dawuhan Pangeran. Hukum Kami sina ngenggon dina batinna, ditulis dina hatena. Kami nu jadi Allah maranehanana, maranehanana bakal jadi umat Kami.
Teu perlu maranehanana ngajar ka sasama wargana, atawa mamatahan ka dulurna, ‘Kudu nyaho ka Allah.’ Sabab kabeh, gede, leutik, bakal warawuheun ka Kami.
Dosa-dosana bakal dihampura, sagala kasalahanana moal diinget-inget deui."
Ku sabab Allah geus ngedalkeun jangji nu anyar, jangji nu ti heula ku Mantenna dianggap geus buruk; sagala rupa anu geus buruk bakal tereh euweuh.