Ibrani 7
Melkisidik teh raja nagara Salem jeung jadi imam Allah Nu Maha Agung. Waktu Ibrahim mulih jurit tas ngelehkeun raja-raja, dipapagkeun ku Melkisidik jeung diberkahan.
Ku Ibrahim dihaturanan barang jarahan saperpuluhna. (Jenengan Melkisidik, kahiji hartina "Raja Kaadilan"; jeung ku sabab anjeunna raja ti nagara Salem, oge harti jenenganana teh "Raja Karapihan".)
Hal ramana, ibuna, karuhun-karuhunna, teu aya kateranganana; hal dibabarkeunana, hal pupusna, oge teu aya kateranganana. Sarua halna jeung Putra Allah, sarta tetep jadi imam salalanggengna.
Tembong tetela kumaha agungna Melkisidik, nepi ka ku Ibrahim, karuhun urang anu kamashur, dihaturanan saperpuluh tina barang jarahan perang.
Dina Kitab Hukum Agama aya katangtuan, imam-imam turunan Lewi kudu narik perpuluhan pangasilan urang Israil, dulur-dulurna keneh papada turunan Ibrahim.
Melkisidik lain turunan Lewi, tapi narima perpuluhan ti Ibrahim sarta ngaberkahan ka anjeunna, padahal Ibrahim teh jelema anu geus meunang jangji-jangji ti Allah.
Geus teu sak deui, anu ngaberkahan teh harkatna leuwih luhur ti batan anu diberkahanana.
Imam-imam anu narik perpuluhan tea kabeh mahluk anu keuna ku ajal. Sabalikna, anu nampi perpuluhan ti Ibrahim, Melkisidik tea, tetep hirup. Kitu ditetelakeunana ku Kitab Suci.
Waktu Ibrahim ngahaturkeun perpuluhan ka Melkisidik, meunang oge disebutkeun, yen Lewi anu turunanana bakal narik perpuluhan ti urang Israil oge milu ngahaturkeun eta perpuluhan liwat Ibrahim.
Waktu Ibrahim dipapagkeun ku Melkisidik, Lewi tacan lahir, tapi sanajan kitu ge beunang disebutkeun geus aya di jero salira Ibrahim, karuhunna.
Kitab Hukum Agama diturunkeunana ka urang Israil dina kaimaman Lewi. Kaimaman Lewi dijalankeunana henteu sampurna, ku sabab kitu kudu diganti ku imam ti golongan sejen, ti golongan Melkisidik, lain ti golongan Harun.
Beda kaimaman tangtu beda deui aturanana.
Anu dimaksud di dieu nya eta Gusti urang. Anjeunna ti kaom sejen. Ti kaom Anjeunna teu aya anu kungsi jadi imam.
Geus teu aya nu bireuk deui, Gusti urang mah ti kaom Yuda, kaom anu dina hal kaimaman ku Musa henteu disabit-sabit.
Hal ieu jadi leuwih eces sanggeus aya hiji imam sejen anu kawas Melkisidik,
anu dijenengkeunana lain ku aturan manusa, tapi ku kanyataan hirup-Na anu kawasa jeung teu aya panganggeusanana.
Sabab dina Kitab Suci disebut kieu, "Hidep jadi Imam langgeng, ti golongan Melkisidik."
Ku sabab kitu aturan anu heubeul teh geus teu dipake, lantaran tetela teu aya dayana, teu aya gunana.
Sabab taya sarupa hal anu bisa disampurnakeun ku Hukum Musa. Ayeuna geus aya gagantina, anu mere harepan anu leuwih mencrang, anu bakal ngadeukeutkeun urang ka Allah.
Jeung deui gagantina teh dikuatkeun ku sumpah Allah. Waktu imam-imam sejen diangkat, sumpah kitu henteu aya.
Tapi waktu Yesus dijenengkeun jadi Imam, dikukuhkeun ku sumpah Allah, dawuhana-Na, "Pangeran sumpah, sumpah-Na moal barobah, Hidep jadi Imam langgeng."
Ku jalan kitu Yesus teh jadi tanggelan tina hiji perjangjian anu leuwih pangajina.
Bedana deui, imam-imam sejen mah loba, ganti-ganti, taya anu terus lantaran kapegat ku ajal.
Yesus mah jumeneng terus salalanggengna, kaimamana-Na teu diganti ku saha-saha.
Ku lantaran kitu Yesus salawasna iasa nyalametkeun manusa anu datang ka Allah liwat Anjeunna, sabab Anjeunna, anu jumeneng salalanggengna bakal mangmundutkeun kasalametan manusa ka Allah.
Nya Yesus Imam Agung anu dipikabutuh ku urang teh. Anjeunna mah suci, tanpa cela, tanpa dosa, geus dipisahkeun ti manusa anu dosa, sarta geus diangkat ka tempat luhureun sakabeh langit.
Anjeunna teu cara imam-imam agung sejen anu kudu nyieun kurban pikeun nebus heula dosana sorangan terus nebus dosa jalma rea. Ngan sakali bae Yesus ngahaturkeun kurban teh, nya eta waktu ngurbankeun salira-Na ku anjeun.
Imam agung anu diangkat nurutkeun katangtuan-katangtuan Hukum Musa, kabehanana oge henteu sampurna. Ari Putra Allah, anu diangkat beh dieueun Hukum eta, diangkatna jadi Imam Agung sanggeus dijadikeun sampurna keur salalanggengna, dikukuhkeun ku jangji Allah anu dikuatan ku sumpah Mantenna.