:

Imamat 1

1

Musa ku PANGERAN disaur ti jero Kemah Tepangan PANGERAN tuluy dipaparin aturan

2

tina hal kurban pikeun urang Israil. Kieu: Lamun aya anu ngurbankeun sato, meunang sapi atawa domba atawa embe.

3

Lamun anu rek dijieun kurban beuleuman teh sapi, kudu anu jalu sarta mulus. Jogokeun sapina hareupeun lawang Kemah Tepangan, sina kamanah ku PANGERAN.

4

Tumpangkeun leungeun nu boga kurban kana sirah eta sapi, geus kitu kakara bakal katampi keur kurban pamupus dosa.

5

Peuncit di dinya, getihna sanggakeun ka PANGERAN ku imam turunan Harun, kepret-kepret kana sakuriling altar anu aya di lawang Kemah.

6

Kulitna sisit, awakna potongan.

7

Imam kudu nyuluhan altar, sakalian ngahurungkeun suluhna.

8

Sapi beunang motongan teh tumpangkeun luhureun seuneu katut sirah jeung gajihna.

9

Jeroan jeung pingping tukang duanana ku nu boga kurban kudu dikumbah sing beresih, tuluy teundeun ku imam kana altar, hijikeun jeung baturna. Jadi kabeh kurbankeun. Ieu kurban kadaharan, anu bakal katampi ku PANGERAN nya eta seungitna.

10

Lamun pikurbaneunana domba atawa embe, sarua keneh kudu jalu tur mulus.

11

Peuncit gigireun altar sisi kaler, kepret-kepret getihna ku imam kana sakuriling altar.

12

Awakna potongan ku nu boga kurban, sagala babagian katut sirah jeung gajihna teundeun ku imam kana altar.

13

Jeroan jeung pingping tukang duanana sina dikumbah ku nu boga kurban, kakara haturkeun ku imam ka PANGERAN, beuleum kabeh dina altar. Anu bakal katampi ku PANGERAN nya eta seungitna.

14

Lamun manuk, kudu manuk japati atawa tikukur.

15

Eta manuk ku imam kudu dibawa kana altar, beuheungna palitekkeun, sirahna beuleum dina altar. Urutan getihna sina ngeclak kana biwir altar.

16

Telih jeung eusina piceun alungkeun kana tempat lebu wetaneun altar.

17

Cekel puhu jangjangna, sowehkeun dadana sina beulah, tapi jangjangna ulah nepi ka semplak. Beuleum dina altar. Anu bakal katampi ku PANGERAN nya eta seungitna.

Link: