Lamun ngahaturkeun kurban tina gandum ka PANGERAN, gandumna kudu ditipungkeun heula. Tipungna kucuran minyak jetun, tumpangan dupa.
2
Bawa ka imam turunan Harun. Ku imam eta tipung comot sakeupeul jeung minyakna saeutik, dupana cokot kabeh, tuluy beuleum dina altar, pikeun sarat yen eta kurban geus dihaturkeun kabeh ka PANGERAN. Anu bakal katampi ku PANGERAN nya eta seungitna.
3
Tipung sesana keur imam, sarta kaayaanana jadi kacida sucina lantaran asal tina hancengan PANGERAN.
4
Saupama kurban kadaharan teh beunang meuleum, henteu meunang make ragi. Anu kandel, ngadonanana kudu ku minyak jetun, anu ipis ulasan ku minyak jetun.
5
Lamun bangsa dadar, ngadonanana kudu ku minyak jetun, teu meunang make ragi.
6
Geus didadar kudu diremuk-remuk heula, tuluy kucuran minyak jetun, kakara kurbankeun.
7
Lamun dibuburkeun, adonanana kudu make minyak jetun.
8
Bikeun eta adonan ka imam sina dibawa ka altar, haturkeuneun ka PANGERAN.
9
Ku imam adonanana kudu dicokot saeutik, tuluy sina dibeuleum dina altar, pikeun sarat yen eta kurban geus dihaturkeun kabeh ka PANGERAN. Anu bakal katampi ku PANGERAN nya eta seungitna.
10
Sesana keur imam, sarta kaayaanana jadi kacida sucina, sabab asal tina hancengan PANGERAN.
11
Sagala rupa kurban kadaharan tina gandum ulah diragian. Pacuan tutuangeun haturan PANGERAN mah ulah make ragi atawa madu.
12
Saban metik panen, indung panen kudu disanggakeun ka PANGERAN, tapi ulah dibawa kana altar, lain keur beuleumeun.
13
Sagala rupa kurban tina gandum kudu make uyah, sabab uyah teh jadi ciri perjangjian antara maraneh jeung Allah. Jadi sagala rupa kurban kudu diuyahan.
14
Lamun rek nyanggakeun kurban tina gandum panen munggaran, kudu anu geus disanggray atawa tipungna.
15
Tuluy campuran ku minyak jetun jeung tumpangan dupa.
16
Sabagian eta tipung jeung minyak katut dupana kabeh ku imam kudu dibeuleum, pikeun tanda yen kabeh geus dihaturkeun ka PANGERAN, dijieun kurban kadaharan.